Nuhun, kang informasina. Muhun siganamah gerakan bintang nu katingali jalurna ngabentuk buleudan etateh lain bentangna nu bergerak tapi bumi nu dicicingan ku urang. Sami sareng bentang nu ngaranan panonpoe (srengenge). Pan urangmah terangnateh panonpoe bergerak ti wetan ngulonkeun. Padahalmah panonpoenamah "cicing" mung bumi-na nu muter. 

On 26/09/06, Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

kang maman rek ngarahul ah,
andi, babaturan kuring, jeung kuring basa neangan sangu keur saur peuting kamari hoghag ngeunaan bentang. teu kudu dicaritakeun meureun hoghagna mah. ngan cek mas andi (kabeneran uj saluhureun) cenah, incahna bentang ti hiji titik bisa nepi ka opat poena. meureun lamun urang ngatur shuter speed ukur nepi ka 10 jam mah gerakan muter nu karingali teh jigana pangaruh rotasi bumi dina porosna lain garis edar bentang.

tapi teuing ketang, ke lah urang nungguan nu leuwih terang. ieu mah biasa we elmu permeureunan  :D

dh(lain dh-na kang maman ieu mah :)))

On 9/26/06, maman durahman < [EMAIL PROTECTED]> wrote:

dh,
Mun urang boga kamera profesional (model nikon f5, D70, canon eos xxx, atau kamera sejena nu lila bukaan lensana--shuter speed--bisa diatur manual) terus urang moteret langit ti peuting di tempat nu poek. Shuter speed diatur sapeupeuting (10 jam?) hasilna bakal siga kieu (tingali gambar).

Nah...tina gambar eta katempo yen bentang-bentang teh mun ditingali ti hiji titik di bumi boga garis edar nu melingkar. Lingkaran garis edar garis tengahna beda-beda. Aya nu gede aya nu leutik. Tapi kabeh lingkaran edar bentang boga titik pusat anu sarua.

Tah...patarosan kuring kieu;
1. Nuhun kureksina bisa aya statemen kuring dulihur anu salah.
2. Nuhunkeun penjelasan mengenai garis edar bentang nu disebut ku kuring diluhur. Istilahna-mah 4w+1h-na (what, where, why, when+how).

__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke