Panginten, anu ditatanyakeun ku batur ka umat Islam téh masalah ahlak atawa paripolah. Batur, anu dina kahirupan sapopoéna sakumaha anu dicarioskeun ku Téh Ane & Kang Budhi, ningali umat Islam téh kesanna heuras, kaku, teges sahaok kadua gaplok. Urang (kuring) ogé tangtu kudu nyaliksik diri, naha paripolah  umat Muhammad téh geus nuturkeun paripolah Kangjeng Nabi jungjunanana? Padahal Kangjeng Nabi kuanjeun nyarios yén satemenna anjeunna téh diutus pikeun nyampurnakeun ahlak paripolah manusa, pikeun méré conto. Geuning ayeuna ogé keur ramé gerakan "kasoléhan sosial". Nyarita leuleuy ka pamajikan, amis budi ka sasaha, naha urang parantos nuturkeun sunnah-sunnahna? Padahal sunnah téh sanés ukur ngukut janggot...

Na salah saha atuh mun masarakat urang kacirina geus teu saroméah? Kasalahan guru ngaji atawa kasalahan guru sakola? Guru ngaji mah, iwal di pasantrén, biasana ukur panggih pas ngaji, nya pikeun ngajar ngaji. Guru sakola rada saleuheung, leuwih mindeng panggihna, kadang raket pisan jeung barudak muridna. Lamun bisa méré conto nu hadé, meureun bisa nyerep ka para muridna. Nu leuwih utama, nya tangtu kolotna, eh, atawa pangasuhna? Sok baé émutan, naha urang sok kénéh nyarék budak urang mun ngaliwat/ngaléngkahan batur bari teu ngucap "punten", atawa ngajarkeun rengkuh ka kolot, atawa ngajarkeun basa nu merenah nalika nyarita jeung kolot? Kapungkur mah, basa kuring osok dikitukeun, mindeng ogé nempo kolot nu nyarék ka budakna. Ayeuna? Asa langki. Kolot sibuk.... budak sibuk "otodidak"...

On 28/09/06, [EMAIL PROTECTED] <[EMAIL PROTECTED] > wrote:

Mang mukakeun panto keur batur ( anu jadi ukuran kasopanan survey sbbrh
bulan kalangkung), jangji tara leuir sareng sopan santun eta oge bagean
tina agama ngan urang kedah emut yen kaimanan teh aya sababaraha level,

aya kieu hadist na punten teu di sundakeun
Sesungguhnya iman itu ada enam puluh lebih cabang --atau tujuh puluh
lebih-- yang paling tinggi di antaranya ialah la ilaha illa Allah, dan yang
paling rendah ialah menyingkirkan penghalang yang ada di jalan."



--
sikandar
kumincir.blogspot.com
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke