|
Punten sanes bade ngagulkeun budaya batur
...
Nembe basa juma'ahan, khatibna urang
Pakistan, manehna salila bulan puasa ieu diondang keur ngurus masjid di dieu.
Dina khutbah kahiji make basa Inggris, khutbah kadua duka Basa Hindi duka Urdu,
nu kareungeu teu eche eche .. kemiri jahe .. kitu lah .. ngan sigana tarjamahan
tina Basa Inggris dina khutbah kahiji ..
Salah sahiji nu nyababkeun hese nyebarkeun
Islam ka urang luar teh, sabab cenah urang Islam sorangan nu nyieun benteng
luhur keur asup. Ningali nu ngukut janggot, keur urang Jepun mah teu ilahar
jeung kaasup nyingsieunan budak he he he ...
Komo meureun ningali berita di urang,
FPI ngabuburak tempat hiburan, naha kudu kitu di dieu oge ? padahal di dieu
tempat hiburan teh meh di unggal pengkolan, komo meureun mun maca atawa ningali
Liputan 6 nu di Kalimantan ...
Unggal jumaah, sok aya pulisi nalingakeun
rada jauh ti masjid teh, kabeneran masjid teh deukeut ka kampus tur aya di sisi
tanggul, dikurilingan ku sawah, jadi mun aya nu nalingakeun pasti katempo. Hiji
waktu dideukeutan, nya ceuk manehna teh ngan ngawaskeun bisi aya nanaon, tur
mere saran mun bisa mah nu mawa kandaraan tong parkir di jalan sanajan enya sepi
oge, sabab eta ngalanggar aturan. Mimiti jumaah kamari, alhamdulilah geus nyewa
taneuh kosong keur parkir nu mawa kandaraan.
Ras inget ka kompleks di lembur, kuring
cicing di Kopo, ti heula aya hiji imah nu sok dipake keur sakola minggu,
tempatna deukeut ruko, tatangga nu deukeutna oge non-muslim. Tatangga nu
jauh nu muslim jadi ribut, yen kudu ngeureunkeun eta sakola minggu. Ya
ahirna rame demo ka RT ka RW cenah mere pangaruh goreng keur budak
...
Cag ah bisi loba teuing salahna
..
budhi
kurono kopo 241
__._,_.___ Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required) Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe __,_._,___ |
- Re: [Urang Sunda] reinkarnasi kumincir
- Re: [Urang Sunda] reinkarnasi Budhi Setiawan

