Teu mustahil ayana, Urang Sunda pinter nyarita ku basa Inggris, tapi kitu ayana téh teu ngandung harti Urang Sunda mibanda aksara : ch, f, q, sh, th, v, wh, x, z jsté.
Teu mustahil ayana, Urang Sunda pinter nyarita ku basa Arab, tapi kitu ayana téh teu ngandung harti Urang Sunda mibanda aksara dz, dl, dh, sy, sh, th, a, gh, f, q jsté.
Aksara Urang Sunda mah angger baé : a, i, u, é, o, e, eu h, n, c, r, k, d, t, s, w, l, p, j, y, m, g, b, ng. Urang Jawa angger waé teu bisaeun nyebut hayam, atawa hideung atawa hiji atawa hejo jsté.
Mun aya Urang
Sunda leleb pisan nyebut syukur, ngandung harti manéhna ngarti yén éta téh basa Arab, nya atuh kudu diucapkeun ku kaidah basa Arab, bisi sugan salah harti. Lamum aya Urang Sunda nyebut leleb nyebut sukur poma ulah dicarékan sabab manéhna téh Urang Sunda nu hayang némbongkeun kasundaanana kalawan daria, da mémang kitu nyata létah Sunda mah.
Aksara téh gambaran sora, nyaéta sora manusa nu mangrupa basa. Mun aya gambarna tangtu aya sorana. Nya ku kituna, kateuteu ari nyieun gambarna lamun sorana nyata teu aya. Urang Amerika nyahoeun, malah sugan beukieun kaolahan Urang Sunda nu disebut peuyeum. Tapi sok sanajan kitu, pék wé koréhan dina runtuyan aksara Amerika, naha aya aksara eu ?
Nyanggakeun,
Kang Dien.
Stay in the know. Pulse on the new Yahoo.com. Check it out. __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Culture change | Corporate culture | Cell culture |
| Organization culture | Tissue culture |
Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe
__,_._,___

