mangga atuh kang teraskeun...resep yeuh ngabandungannana...
 
 
----- Original Message -----
Sent: Wednesday, September 06, 2006 1:55 AM
Subject: Re: [kisunda] Fwd: [advokasi_kub] Penting: Meneropong Pergerakan Hizbut Tahrir

Nambihan oge kang,

Pami teu lepat pulitik teh nyaeta mangrupakeun seni
pikeun ngahontal tujuan nu tangtosna ngagunakeun
sagala pangawasa nu aya dina diri (kanggo pribadi)
atanapi pangawasa/kakuatan bangsa (kanggo nagara).
Sakaterang simkuring ajen tinajen kaSundaan dina
ngokolakeun nagara teu benten sareng ngokolakeun diri,
geuning aya istilah memeh nata nagara (dunya gede)
kudu bisa nata naraga heula (dunya leutik), kantun
nanya naon atuh nu jadi tujuan dina ngeuyeuk dayeuh
ngolah nagara teh. Urang sunda dina nerapkeun ajen
tinajen/pamikiran hirup jeung pulitik hirupna dumasar
kana hasil nyungsi diri nyuay badan nu teu leupas
sareng alam gede.

Hasil panalungtikan diri netelakeun geuning diri nu
dipake pikeun nganteur kahayang ingsun teh asal tina
opat unsur nyaeta tina sari/aci ning seuneu nu nyagara
di panonpoe (ngalangkungan sagala asakan) lambangna
warna beureum, acining cai nu nyagara ka lautan (tina
sagala leueuteun) lambangna warna bodas, acining
taneuh nu nyagara di bumi (sagala tuangeun)lambangna
warna hideung, sareng acining angin nu nyagara di
langit (ngalangkungan napas)lambangna warna koneng,
tah asaling diri ieu nu sok disilokakeun kana
parupuyan/kukus nu kudu diseungitan pake menyan (ku
laku lampah nu hade). Opat asaling diri siaji geuning
panonpoe geus ngalaksanakeun darmana pikeun nyaangan
dunya kabeh kabagen teu ngabeda-bedakeun wewengkon oge
ngasakeun sarupaning nu dipasak boh langsung ku seuneu
pon kitu deui nu ku panonpoe, cai memeh mulang ka
lautan oge geus mere jeung babagi ngahirupan manusa,
sato jeung tutuwuhan, angin sareng bumi pon kitu deui
geus ngahirupan sagala mahluk di alam ieu teu
ngabeda-bedakeun. Seuneu-cai-angin-bumi mah estuning
geus ngajalankeun darmana luyu jeung kudratna, tah ari
manusa kumaha naha tos ngalaksanakeun darma luyu
sareng kudratna ku jalan ngalaksanakeun kamanusaan
ngagunakeun sagala pangawasa nu asal ti Nu Maha
Kawasa. Upama lumpat deui kana diri lamun urang hoyong
tuang geuning sagala pangawa boh maningalna, boh gerak
tanganna, boh langkah sampeanna, boh angseuna,
pangrasana jeung sajabana ti eta rukun sauyunan
numutkeun tugas sareng fungsina masing-masing pikeun
ngahontal kaperluan diri supaya katedunan
pangabutuhna, tiasa dibayangkeun pami anggahota badan
teu rukun mawa karep sewang-sewangan. Tah dina
ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara oge teu benten. Urang
Sunda gaduh kayakinan yen dunya teh milik sarerea
(sabanda)nu kedah diurus ku sarerea (sariksa)
numutkeun hak sabangsana/sanagarana atanapi tugas
sareng fungsina sewang-sewangan (sapariboga) pikeun
ngudag karukunan hirup sauyunan. Ajen tinajen urang
Sunda tos nganggo tatanan hirup nu disebat demokratis,
teu ngenal tingkatan harkat nu dumasar kana titel
saren ras, margi tos ngartos yen manusa teh saasal
jeung sabakal, teu orientasi kana kakawasaan namung
orientasi kana bagi tugas/fungsi nu ngarah ka tujuan
hirup sarerea (mangga tengetan sistim nu diangge ku
masyarakat Kankes). Tah kumargi kitu pantes pami tea
mah nitenan wangsit nu cenah waktos Prabu Siliwangi
bewara bade undur diri ka rahayatna, dikawitan ku
ucapan "Kami geus teu pantes jadi raja lamun somahna
sangsara jeung balangsak ...jst", nu hartosna tos teu
tiasa ngajalankeun tugas sareng fungsina.

Tah ku pangemut simkuring sistim ieu nu kedah
dikembangkeun deui dina raraga ngokolakeun nagara teh.
Garis keras teu dikenal dina kasundaan, namung nu
diperyogikeun nyaeta kukuh-pengkuh dina ngudag tujuan
karaharjaan bersama jeung karukunan hirup sauyunan,
ulah gedag kaanginan, ulah laas ku hujan (luyu sareng
sifat nu dilambangkeun bumi-tetap).

Kumaha tegesna sistim kanagaraan nu cocog diterapkeun
kisunda, nya hayu urang pada nalungtik kumaha saena,
sistim nu dianggo di masyarakat Kanekes nu tos
kabuktian tiasa "survive" dina ngigelan jaman, mungkin
tiasa dijantenkeun salah sahiji bahan pikeun diaji.

Punten kang ieu ge mung pandangan/pangemut simkuring,
duga luyu henteuna mah sareng akang hususna, oge
baraya kisunda umumna.

cag, rampes.

pun Engkus

--- Kang Maman <[EMAIL PROTECTED]com> wrote:

> Mamang Engkus... lieur ah maca sisipanna he..he..
>
> Tadi wengi kaleresan pribados ngabandungan siaran di
> global tivi,acara "Kantata Institute", Jalaludin
> Rahmat sareng Setiawan Djodi.
>
> Intina soal "Syariat Islam".
> Numutkeun Setiawan Djodi, syariat eta ngandung
> hartos
> pemikiran hirup jeung kahirupan, anu "basis"na
> Al-Quran tekstual. Sapagodos sareng Kang Jalal, anu
> ngaku kapungkurna teh PALING ANTI PANCASILA, ayeuna
> ngadukung pisan.
> Pamikiran hirup jeung kahirupan teh kedah cocok
> sareng
> budaya lokal(kearifan setempat), kasauran S.Djodi.
>
> Lah panjang dongengnamah.
>
> Aya terasna sakedik, numutkeun pamadengan Kang
> Jalal,
> dipenganut Agama Islam, aya dua kutub ekstrim, hiji
> anu aliran pluralis hiji deui anu garis keras.
> Aya oge pembagean numutkeun pamadengan
> "Karajaan"(arab
> saudi)/wahabi sareng "demokratis"(iran)/syiah
> intinamah soal kekuasaan sereng pembagian
> kakuasaanna.
>
>
> Dupi sistem kakuasaan(politik) urang sunda kumaha
> jeung bade kumaha?
>
> Sakitu anu kapihatur.
>
> --- engkus ruswana <engkusruswana@yahoo.com> wrote:
>
> > Sampurasun,
> > Bagea baraya kisunda sareng urangsunda
> yahoogroups,
> > sok sanaos simkuring teu acan tiasa ngiring
> ulubiung
> > dina gunem catur, namung masih satia noongan
> milist
> > kisunda sareng milist-milist sanesnya. Simkuring
> > mendakan ieu topik dina bahasa Indonesia nu
> pangemut
> > simkuring peryogi oge diaji, pikeun nambihan
> wawasan
> > urang, luyu sareng harenghengna kaayaan sosial
> > pulitik
> > sareng kaagamaan di nagara urang.
> > Happunten bilih teu sapagodos.
> >
> > Rampes,
> >
> > pun engkus
> > Mangga dilenyepan
> >
>
>
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam
> protection around
> http://mail.yahoo.com
>

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke