Waalaikuk salam wr. wb.
Mamanawian.....
Unggal tuang sonten/wengi nyobian nuang sayur kangkung, bade di tumis atanapi dilalab atah coel sambel....
Assalamualaikum Wr. Wb.
Wilujeng enjing baraya.
Sabenerna rada era nyaritakeun ieu teh. Ngan mun ngagugulung bae kaera mah meureun si kuring moal nambah pangaweruh. Komo ieu aya patula-patalina jeung awak si kuring sorangan.
Dongengna mah kieu...
Ti saprak sabulan-dua bulan katukang, nepika ayeuna, kuring ngabogaan kacenderungan nu rada teu ilahar jeung kaayaan si kuring samemehna. Nyatana kuring jadi hese sare. Kuring teu bisa sare sore-sore, paling tereh bisa sare jam hiji peuting. Eta teh pang terehna, rereana mah wanci kasubuhna keun, jam tilu isuk. Kuring geus ngarasa kasiksa ku kabiasaan jiga kieu. Pang-pangna mah karunya ka awak kuring sorangan, nu ngabogaan hak pikeun istirahat nu cukup.
Duka teuing naon nu jadi cukang lantaranna kuring hese sare. Da sok sanajan dipeureum-peureumkeun oge, ti jam salapan peuting misalna, anggeur we bisa sare na mah jam dua-jam tilu an. Insomnia kitu eta teh....?!
Cingan manawi baraya aya nu gaduh pangalaman, mangga guar pangalamanna didieu. Kinten-kinten naon tah tarekahna sangkan si kuring jadi sabihara-bihari deui...?!
Mangga ah diantos...
Baktos,
OTA

