cobian
1. Jima terus ibak ngango cihaneut, upami tos gaduh eta oge
2. Ibak ku cihaneut, upami bujangan.
3. Sholat Witir
sok
-----Original Message-----
From: Suryalaga [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, October 04, 2006 8:37 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Ubar Insomnia Naon...?!

Wa alaikum salam Wr. Wb.
 
Sarua kang kuring ge siga kitu
komo lamun keur aya nu dipikiran
 
lamun kuring mah sok ngahajakeun
nyapekeun awak sorangan nepi ka kesangan
sanggeus kitu mandi, komo lamun make ci haneut
insya allah rada gancang sarena
 
atawa lamun geus jam 10 an
cobaan nyo'o tatangkalan di luar imah
atawa iseng nyebor tangkal
moal lila pasti karasa tunduh
 
tapi biasana lamun digolerkeun
ngadon nyileuk deui
mun kitu kuring mah
sok langsung muka baju
ngadon mandi,
terus langsung disarekeun
tapi tara dina kasur
sok ngampar samak
 
aya deui nu ngabejaan
kudu nginum susu haneut cenah mah
 
baktos
surya
----- Original Message -----
Sent: Wednesday, October 04, 2006 7:44 AM
Subject: [Urang Sunda] Ubar Insomnia Naon...?!


Assalamualaikum Wr. Wb.
Wilujeng enjing baraya.

Sabenerna rada era nyaritakeun ieu teh. Ngan mun ngagugulung bae kaera mah meureun si kuring moal nambah pangaweruh. Komo ieu aya patula-patalina jeung awak si kuring sorangan.

Dongengna mah kieu...
Ti saprak sabulan-dua bulan katukang, nepika ayeuna, kuring ngabogaan kacenderungan nu rada teu ilahar jeung kaayaan si kuring samemehna. Nyatana kuring jadi hese sare. Kuring teu bisa sare sore-sore, paling tereh bisa sare jam hiji peuting. Eta teh pang terehna, rereana mah wanci kasubuhna keun, jam tilu isuk. Kuring geus ngarasa kasiksa ku kabiasaan jiga kieu. Pang-pangna mah karunya ka awak kuring sorangan, nu ngabogaan hak pikeun istirahat nu cukup.

Duka teuing naon nu jadi cukang lantaranna kuring hese sare. Da sok sanajan dipeureum-peureumkeun oge, ti jam salapan peuting misalna, anggeur we bisa sare na mah jam dua-jam tilu an. Insomnia kitu eta teh....?!

Cingan manawi baraya aya nu gaduh pangalaman, mangga guar pangalamanna didieu. Kinten-kinten naon tah tarekahna sangkan si kuring jadi sabihara-bihari deui...?!

Mangga ah diantos...


Baktos,
OTA  
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke