Es buah Blewak
 
Bahan :
1. Buah Blewak satengah sirah
2. Bonteng suri leutik
3. Dawegan
4. Cai dawegan
5. Sekoteng
6. Cingcau hideung
7. Sirop rasa jeruk
6. Susu kentel
7. Es Batu
8. Gula bodas geus di tinyuh
 
Carana
1. Kerokan Buah blewak, Bonteng Suri, dawegan
2. Hijikeun sakabeh bahan dina baskom, teu kaasup susu meh awet bisa diisukeun
3. Aduk teupikeun karasa amis tur seger
4. Pisahkeun na gelas teras kucurkeun susu kentel sacukupna
 
wilujeung nyobian
 
 
----- Original Message -----
Sent: Wednesday, October 04, 2006 12:01 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] tutug oncom + TUTUG CAU NANGKA

Asa kaingetan eta kana sangu tutug (tutug oncom), sarupaning tutug-tutugan asa ku nikmat, kuring ari mulang ka sarakan ka SUMEDANG sokngahajakeun nyieun sangu tutug ( tutug cau nangka ) sok cobian gera!! TUTUG CAU, cauna cau nangka anu khasmah butitina anu eumeul-eumeul can asak kara satengah maen ehhh.... tah kitulah, lamun cauna anu gedemah teu aya senina jeung kirang raos, BUMbuna :
 
Butiti Caunangka sacukupna
Cikur Singkarasa seungitna
Bawang beureum sacukupna
uyah geus pati
Cengek hejo sacukupna
 
Carana :
Butiti Cau dibeuleum, geus asak di pekprek dina coet batu langsung direndos (tong lembut teuing) jeung bumbu anu tadi, geus kirana cukup langsung di aduk jeung sangu haneut, anu langkung nikmatmah nyieunna dahar isuk (mumuluk 2piring tea) lamun beurang atawa sore teu nyeni malah dilembur kuringmah sok disebut PAMALI, wilujeng nyobian.
 


Talk is cheap. Use Yahoo! Messenger to make PC-to-Phone calls. Great rates starting at 1ยข/min.
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda -->
http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke