bade ngiringan. pendapat pribados mah memang 0809xxxxx teh leres-leres ngareksak pisan, upami teu ati-ati urang bakalan kenging karugian anu kacida ageungna. Pangalaman ieu oge kaalaman kurerenrecangan abdi, benteuna ieu mah nu nganggona pembantuna.
0809xxxx ieu memang ngajerat pisan. matak katagihan. anjeuna ngalami-lamikeun pembicaraan supados tagihan pulsa urang langkung ageung.
Simkuring satuju pisan sareng kang Tito, nyuhunkeun diblokir wae tah si kasebelan 0809 teh.
Tito Suryana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Tito Suryana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
punten ah ngiring mairan keleresan si kuring kantos repot kunu komplain 0809
xxxxx
0809xxxxx teh sok disebat Premium Call nu pangaos pulsana langkung awis tinu
biasa.
kanggo marios na mah gampil cobi nyungkeun di print out wae tingawitan sasih
aya tagihan Premium Call
contona :
tagihan sasih September pulsana anu sasih Agustus (anu biasana di Telkom mah
: tagihan bulan berjalan adalah pemakaian bulan n-1) pulsa biasa (lokal,
SLJJ, SLI) nu dianggo sasih Agustus kalaur tagihanana sasih September. tapi
Premium Call osok oge masa dianggo kaping 20 Juli - 19 Agt).
tah pami tos jelas enggal weh nyungkeun di blokir khusus ka 0809XXXXX pasti
aman ...
----- Original Message -----
From: "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]net.id >
To: <[EMAIL PROTECTED]ups.com >
Sent: Wednesday, October 04, 2006 2:11 PM
Subject: [Urang Sunda] Jutaan gara-gara 0809xxxxxx
> Tadi, kuring kadatangan babaturan nu geus pangsiun nu ayeuna cicing
> di Bogor. Manehna teh boga imah di Bandung nu dicicingan ku budakna
> nu sakola di Bandung. Tah ti saprakna imah nu di Bandung di cicingan
> ku budakna, tagihan telepon imahna, ngagedean luar biasa. Nu biasa
> ukur 60-80 rewu/ bulan, ayeuna manehna ditagih tepi ka jutaan. Bulan
> Juli 2006, 4,5 juta, bulan Agustus 6,9 juta, bulan September 6.1
> juta, jeung ayeuna oktober 2,8 juta!
>
> Kulantaran manehna mayar telepon make autodebit di Bank, tagihan
> telpon gede teh kakara kanyahoan bulan awal Agustus. Waktu diprint,
> biaya telepon anu sakitu gedena teh geuning biaya telepn ka
> 0809xxxxx. Nu ngalakukeunana anakna sorangan....
>
> Atuh anakna beak dicarekan. Anakna ngaku salah moal deui-deui. Tapi
> anehna tagihan telepon angger jutaan. Manehna kungsi ngadu ka Telkom,
> tapi manehna ngarasa kurang dilayanan jeung asa disalahkeun wae ku
> Telkom. Manehna hayang jelas kumaha soal 0809xxxxxxx teh.
>
> Cik ka baraya anu terang, pangpangna nu didamel di TELKOM, kumaha tah
> upami kasus sapertos kieu?
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or. id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
Salam,
Sony Asgar
Mr. Right (Grasindo, Agustus 2006)
Opera Zaman : Antologi Cerpen Petualangan (Grafindo, 2006)
http://sony-asgar.blogspot.com
Yahoo! Messenger with Voice. Make PC-to-Phone Calls to the US (and 30+ countries) for 2ยข/min or less. __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Culture change | Corporate culture | Cell culture |
| Organization culture | Tissue culture |
Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe
__,_._,___

