1.      CACAP
 
a.     Ulah tepi ka cacap benangna nguluran langlayangan téh, bisi kapakan. (béak)
 
b.     Alhamdulillah, tiasa cacap geuning pun anak masantrén téh. (cucud, tepi ka anggeus)
 
c.    Ari bogohna mah cacap kana ieu mobil téh, tapi duitna kurang. (béak-béak, kacida)
 
2.      CACARAKAN
 
a.       Baréto wé keur di SD, kuring diajar cacarakan téh. (abjad ,aksara Sunda /Jawa)
 
b.      Mun kitu geus kampium pantes, ieu mah penca cacarakan kénéh, tapi geus asa pangjagona. (diajar kénéh)
 
3.      CAMPUH
 
a.       Teu puguh aturanana, campur aduk (perang)
 
4.      CEUCEUB
 
a.      Kunaon nya manéhna siga anu ceuceub pisan ka Nyi Édah téh ? (ngéwa, ijid).
 
b.     Lamun manéh hayang piceucuban, tepungan waé Bah Éwon di Sékéjendil. (jampe supaya jelema arijideun ka jelema anu dipikangéwa ku urang)
 
5.      CAHAK
 
a.       Lamun boga cahak kitu mah, kudu jadi anak nu beunghar atuh. (kahayang)
 
b.      Moal eucreug koperasi dicekel ku si éta mah, tuda lain cahakna. (lain loyongna, lain ajangna)
 
c.    Sing bisa ngatur waé kana rejeki téh, ulah gedé cahak manan cohok. (gedé  kénéh pangabutuh batan panghasilan)
 
 
Emod


Elmu tungtut dunya siar,
hade turut goreng singlar,
mun korupsi burut siah..!!!
 
 


Apakah Anda Yahoo!?
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke