1.      CANGANGANG
 
a.       Montong diheureruyan anjing nu keur héés téh. Leuheung mun ukur nyangangang, kumaha lamun terus ngégél. (nyégag)
 
b.      Lamun sakali deui wani nyangangang ka déwék, ditampiling siah ! (nembal bari nyentak)
 
2.      CANGCUT
 
a.       Balik ti pangaduan téh éstu teu mawa duit sapérak-pérak acan. Malah kadieuna ngan ukur maké cangcut. (cawet)
 
b.     Ayeuna mah geura mageuhan cangcut tali wanda waé, meungpeung dirojong ku sararéa. (geura saged pikeun bajoang)
 
3.      CARANG
 
a.       Carang teuing atuh ayakan ieu rék dipaké nyair impun mah. (galedé liangna)
 
b.      Cing atuh, Nyi, maké rangkep ari bajuna carang kitu mah. (ipis teuing nepi ka ngalangkang (lawon)
 
c.       Ti saprak digelendeng mah manéhna jadi carang datang ka dieu. (langka)
 
d.      Ulah meungpeun carang atuh, pan ieu téh pancén anu kudu diréngsékeun ku manéh. (api-api teu nyaho, padahal urusanana)
 
4.      CANGCANG
 
a.       Mun cangcang embé téh, ngarah teu ngaranjah kebon. (nalian sato kana barang anu pageuh ngarah teu leupas)
 
b.      Ieu mah itung-itung panyangcang waé. Pagéto ku kuring dilunasan. (duit atawa barang nu dibikeun ka pihak kadua, supaya ulah jalir jangji)
 
5.      CANGKOL
 
a.       Kana naon nyangkolna langlayangan téh ? (nyangsangna)
 
b.      Saskitu geus saminggu, tapi hantem wé nyangkol di kacamatan. Teuing euweuh leuleueurna, sugan. (magol)
 
c.       Treuk Mang Somad geus dicangkol, rék diséwa ku ki lanceuk saminggueun. (dipaheutkeun)
 
Emod


Elmu tungtut dunya siar,
hade turut goreng singlar,
mun korupsi burut siah..!!!
 
 


Apakah Anda Yahoo!?
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke