1.      CEKEL
 
a.     Cekel heula ku manéh embé téh, ulah waka dikakuringkeun, bisi diadu jeung nu ieu. (mageuhan barang ku leungeun)
 
b.     Ulah waka nagih ayeuna, keur teu nyekel duit ieu téh. (boga; ngampihan)
 
c.     Bubuhan keur maréma, hayam sacekel ogé mani kudu dua puluh rébu. (sarua gedéna jeung nu bisa dicekel ku kolot)
 
d.     Agama Islam téh cecekelan keur sakumna umat manusa. (padoman hirup)
 
e.     Gatotgaca geus tatan-tatan rék nyekel sabuk milang tatu jeung balad Kurawa. (perang tanding)
 
2.      CENGKIR
 
a.       Manéh mah teu bisa ngabédakeun mana dawegan jeung mana cengkir. (pentil kalapa)
 
b.      Nya tangtuna ogé mending kénéh buah cengkir batan limus mah. (buah (manggah Dermayu)
 
c.     Piraku teu kabita, nénjo cengkir gading Nyi Putri anu sakitu pikauruyeunana. (susu awéwé anu neuhneur)
 
3.      CANGKARUK
 
a.       Poékeun deui cangkaruk téh, engké urang terus goréng. (aron; sangu sésa digaringkeun)
 
b.      Sabulan-bulanna téh gajih tara pisan aya nyangkarukna. (nyésa)
 
4.      CAPÉK
 
a.     Nyapék naon, euy, mani céplak kitu ? (ngalembutkeun kadaharan ku caréham méméh diteureuy)
 
b.      Caritana hayang ngabegangan, tapi ari gawé ngan capék rahém waé. (mindeng barang dahar teu puguh waktuna)
 
c.       Sing baleg atuh nyacapék téh, da lain budak olo lého ! (nyarita)
 
5.      CARÉK
 
a.      Mun carék ku manéh atuh, ulah tataékan kana tangkal cengkéh, kituh ! (caram)
 
b.      Carékna hayang baju anyar téh, hih, da teu beunang di isukeun. Kudu poé éta aya waé. (omongna)
 
c.      Paingan bapa manéh nyarékan, tuda balong rék dipaké mijahkeun, der dikubek. (ngambek)
 
d.     Kuring mah boga cacarékan, mun imah ieu anggeus rék nanggap réog. (pakaulan; panadran)
 
e.     Ulah nyacarékkeun wungkul atuh, da manéh ogé milu salah. Naha atuh ngantep waé ti heula téh ? (nganaha-naha bari ambek)
 
f.     Kudu gedé hampura waé bisi adi kuring langkung saur bahe carék, da manéhna mah kitu adatna. (nyarita teu merenah, matak nyentug kana haté batur)
 
6.      CATUR
 
a.       Montong loba teuing catur, ari enya mah bogoh kana barangna, buru waé geura duitan. (omong)
 
b.      Resep ari ngadéngékeun Pa Lurah biantara téh, pondok catur panjang maksud. (caritana ringkes tapi ngeusi)
 
c.     Wah, si éta téa, ukur loba catur tanpa bukur, matak tara aya nu ngawaro ogé. (kalah ka omong tapi tara aya buktina)
 
d.    Taun tukang mah manéhna jadi juara catur sakacamatan. (kaulinan nu merlukeun pikiran)
 
7.      CAPANG
 
a.       Munding Pa Haji itu anu tandukna capang. (baplang; nyodor ka kenca ka katuhu)
 
b.      Geus jadi kacapangan, aras-urus surat ka kantor éta mah kudu waé gedé nyogokna. (omongan anu dikedalkeun ku balaréa)
 
 
Emod
 
 
 


Elmu tungtut dunya siar,
hade turut goreng singlar,
mun korupsi burut siah..!!!
 
 


Apakah Anda Yahoo!?
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke