Saur Ua Sas, lamun maca buku "KHazanah Pantun Sunda", kenging Pak Jakob Sumardjo, kudu terang heula lalakon pantun nu "dibedah"/ditafsirkeun ku pa Jakob. Kasauran Ua Sas, aya leresna, sabab kuring maca buku ieu bulak-balik, hese ngartina, kulantaran teu apal kana lalakon pantunna. Tapi ari dipaksakeun mah, make imajinasi saeutik, lila-lila jadi ngarti naon nu dimaksud ku Pa Jakob teh.
Keur kuring, nu narik dina buku ieu, malah dina Bab Pendahuluanana. Pa Jakob ngabahas soal Arkeologi Pikiran, nyaeta alam pikiran nu mangrupakeun warisan ti para karuhun hiji masyarakat manusa. Alam pikiran ieu, sabenerna boga sifat arkeologis. Niley-niley nu dianut ku saurang manusa, lain wae ti jaman ayeuna, tapi oge ti jaman baheula. Tah niley-niley nu ti jaman baheula teh disebut niley-niley arkeologis. Kuring jadi mikir, naon titinggal arkeologi, nu masih napel di alam pikiran kuring. Ah ieu meureun conto nu dimaksud ku Jakob teh: Kuring beuki Jengkol, Oncom jeung tarasi. Kuring oge resep lagu/gamelan Sunda, sanajan ceuli ieu pinuh ku musik barat. Lamun meunang kasusah, otomatis kuring kunyam-kunyem babacaan, ngadoa, bari namprakkeun leungeun. Kuring oge gila/sieun ku oray, babakaur, langir, cucunguk jrrd sabangsaning sato nu hirup dinu "lembab", padahal sato eta teh teu ngabahayakeun kuring. Ieu meureun mangrupakeun "kasieun" arkeologis nu kawariskeun ti para karuhun, nu cenah mah harirup di Guha-guha, nu oge tempat oray, babakaur jeung cucunguk! Manusa, teu bisa milih dimana manehna dilahirkeun. Manusa aya dihiji tempat jeung dihiji waktu, lain kahayangna. Manusa narima niley-niley budaya nu aya jeung tumuwuh dimana manehna dilahirkeun. Nu dilahirkeun di Tatar Sunda, otomatis bakal narima niley-niley budaya Sunda. Niley-niley budaya sunda ieu bakal napel di alam pikiran, sanajan engkena urang Sunda ieu narima niley-niley lian ti luar, contona niley-niley nu diajarkeun di sakola! Tos heula ah..... engke disambung deui ... Baktos, WALUYA Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

