--- engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sampurasun baraya kisunda sadayana! Simkuring bade ngiring mairan etang-etang ngaramekeun dina gunem catur perkara aksara dumasar kana pamikiran pribadi, kaci oge pan upama simkuring teu sapuk sareng nu sanes, oge kaci mun aya nu teu sapuk sareng pamikiran simkuring. Kamekaran hiji basa di bangsa mana bae ti bihari tepi ka kiwari tangtu teu bisa dihalangan jeung memang teu perlu dihalangan, anu tinangtu bakal aya silih pangaruhan antara basa hiji bangsa ka bangsa nu lianna ku ayana kecap-kecap anyar nu kapanggih nu ngalambangkeun hiji barang, pagawean atawa nu disebut model ku kang MH. Sok sanajan kitu sakanyaho simkuring mah asa can pernah nguping ayana aksara serepan. Ti baheula simbol aksara Latin A tepi ka Z teu aya robah, aksara Yunani ti "alpha" tepi ka zetha", aksara Arab ti alip" tepi ka iya" tetep teu robah, pon kitu deui jiga-jigana aksara Cina, Jepang, India, Rusia jeung sakumna bangsa-bangsa nu ngabogaan aksara tetep teu ngarobah aksara baku hasil kalinuhungan budaya luluhurna. Ari nu tangtu ayana di unggal bangsa teh nyaeta kecap serepan, sabab ku ayana barang atawa kanyaho anyar nu datang ti luar. Tah dina makena atawa nyerepkeunana teh diluyukeun jeung sora/aksara nu geus kapiboga saperti dina basa Indonesia aya kecap machine jadi mesin, architecture jadi arsitektur, Television jadi televisi, computer jadi komputer jeung sajabana. Tah ayeuna keur aksara Sunda, asa teu kaharti ku simkuring lamun urang kudu make nambahan aksara kulantaran hayang luyu/nyurupkeun jeung kecap/basa atawa sora nu datang ti luar, anu ceuk pamikiran simkuring mah sakuduna kecap/sora ti luar ngaluyukeun/ nyurupkeun diri ka aksara Sunda, lain aksara Sunda nu kudu ngarobah diri pikeun nyurupkeun kecap/sora nu datang ti luar. Jadi katingali pisan jiga urang Sunda nu teu boga kapercayaan diri (rendah diri), sagala kumaha ceuk juragan nu datang ti luar (sanes kajajah deui bae ari kitu teh??). Ceuk pikir simkuring unggal bangsa ngabogaan basa, budaya, adat sorangan nu memang diwangun ku alam lingkunganna sewang-sewangan. Ayana sora, basa, adat jeung budaya Sunda nu kapiboga ku urang warisan luluhur urang sorangan eta katangtuan ti Nu maha kawasa (kudrat), teu meunang ku urang dilalaworakeun, kitu soteh lamun memang deuk ngajenan warisan sorangan. Naha era atawa salah kitu?, upama dina basa Sunda urang nyebut/nulis "Vespa" ku "Pespa", nyebut/nulis "Televisi" ku "Telepisi", "syukur" ku sukur, "Sholat" ku "Solat", "zat" ku "jat", zaman ku jaman, qurban ku kurban, Fitrah ku Pitrah nu tangtu nyurup kana letah/sora urang Sunda jeung teu ngarobah harti. Kapan dina basa Indonesia oge geus aya conto, saperti Christian jadi Kristen (teu kudu nyieun aksara Ch), Catholic jadi Katolik, jrrd. Jadi bawirasa simkuring nu penting lain nambah-nambah simbol aksara pikeun nyurupkeun kecap/sora nu datang ti luar, malah tug tepi ka jadi PERDA, tapi nu leuwih penting kumaha carana supaya ieu aksara Sunda warisan kamotekaran jeung kalinuhungan luluhur urang bisa dipake atawa hirup deui dina kahirupan urang Sunda. Mungkin aya nu boga pamikiran aah teu praktis atawa teu aya guna. Coba bae ilikan bangsa Jepang, bangsa India, bangsa Arab, bangsa Cina, nya deukeutna bangsa Thailand geuning tetep marake aksara warisan luluhurna, ari urang kumaha....? Ngajenan jeung make budaya sorangan teu ngandung harti jadi bangsa teu maju. Sok atuh urang Sunda nyararing, geus waktuna nu daratang nu kudu nyurupkeun ka pribumi lain pribumi nu kudu nyurup-nyurupkeun diri ka nu datang. Iraha nya nanjeurna deui Kisunda??. Geus waktuna ngarobah Jati hirup ku jatina, junti hirup ku juntina. Rupina sakitu unek-unek simkuring ngeunaan gunem-catur widang ieu, sakali deui kaci pan pami aya pamadegan nu beda, kapanan silih asah teh lamun aya beda pamikiran, hapunten ka kasepuhan Abah Surya sanes simkuring kirang hormat atanapi teu ngajenan kana kamotekaran anjeunna, tos jelas abah Surya mah karya-karyana, simkuring mah etang-etang jadi dogdog pangrewongna bae. Pun Sapun Simkuring Mang Engkus. --- mh <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: > > > --- Rahman <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: > > > Kang MH, > > > > Mani rame euy diskusi teh he he he.... Bae ah. > > Mimitian deui we ku 'jangkrik' anyar. Hayu lah... > ngadu jangkrik > > masalah basa atuh! > > > > > > > > 1. Naha enya urang Sunda teu bisa ngucapkeun > aksara "Q"? > > > > Jawab na mah gampang. Kulantaran teu nyampak > aksara /q/, hartina basa > > urang teu bogaeun sistem 'bunyi'(=disada? ) siga > kitu. Dina basa Sunda > > ge kapan euweuh /f/ jeung /v/. Teu kudu minder... > da memang kitu sifat > > basa urang. > > Kang RH, > > Lain minder Kang, ieu mah panasaran we, keur diajat > tuang-toong. > > Kuring teu pati sapagodos jeung eta pamanggih teh > Kang. Teu ayana aksara > /q/ tacan tangtu yen basa urang teu bogaeun SORA > /q/. Upama letah urang > Sunda jaman 'tai kotok dilebuan' mah, bisa jadi enya > teu bogaeun. Ari basa > teh lain cenah hirup, saluyu jeung jelema pinuturna. > Pikeun jalma Sunda > jaman kiwari, jaman 'tai kotok dikarungan keur gemuk > organik', eta sora > teh lain perkara nu hese diucapkeunana. > > Hujahna, jiga kieu: cing lamun urang noong ti > tungtung kulon Tatar Sunda > (Banten) nepi ka tungtung wetan (Cirebon) pasti > rajeg aya kana ratusna > pasantren. Kitu deui upama ngalanglang ti tungtung > kaler Subang, Pamanukan > jeung sabudereunana, nepi ka tungtung kidul Garut, > Ciamis jeung > sabudereunana, asana moal pati salah upama kuring > nyebutkeun perentul > pasantren. Naon eta teh hartina? Tangtu eusi > pasantren teh santri lin? Nu > sapopoe dialajar ngaji. MUSTAHIL teu bisa ngucapkeun > SORA /q/. > > Toong deui ti sisi sejen. Sacara rutin di lembur > urang sok diayakeun MTQ, > boh tingkat daerah, kitu deui nasional. Puluhan > urang Sunda jadi pamilon, > teu saeutik nu jadi pinunjul. Naon eta teh hartina? > Geus pasti para QARI > jeung QARIAH teh bentes pisan ngucapkeun sora /q/. > > Toong deui make statistik, urang Sunda teh lolobana > muslim. Mustahil teu > barisa ngaji, alif bingkeng - alif bingkeng wae mah > tangtu bisa nya. Jadi > kasimpulanana, MUSTAHIL alias TEU MUNASABAH upamaha > urang Sunda teu > bisaeun ngucapkeun SORA /q/. Hehehe, maksa we nya. > > Kuring mah boga kacuriga, teu asupna entri /q/ kana > kamus LBSS, kulantaran > meureun aya hubungan nu kurang beres, antara para > ahli budaya jeung ahli > agama. Boa-boa ahli budaya kurang beukieun kana > perkara agama. Kitu deui > sabalikna, ahli agama kurang beukieun kana perkara > budaya. > > Perkara entri /f/ jeung /v/ mah, geus aya dina LBSS > teh. Aya 19 entri /f/ > jeung 12 entri aksara /v/. > > salam, > mh > > > Balik kana masalah /Q/ tea. Nyaan hese > ngucapkeunnana. .. komo /Q/ Arab > > mah... da make cekleuk sagala. Mun latihan unggal > poe cecekleukan > > mah... bisa oge sigana mah. Wah... make kudu > riweuh ku aksara > > sisidueun atuh he he he... > > > > Make /K/ ge teu kunanaon... > > > > > 2. Perlu teu kamus Sunda ka hareup ngasupkeun > entri "Q"? > > > > > > > Ari ngarasa perlu mah, nya asupkeun we. Moal hese > sigana teh. Ngan > > entri make /Q/ teh moal loba sigana mah. Salambar > ge moal pinuh! > > > > Ulah poho... kecap injeuman tina basa Kulon anu > make /Q/ apan geus > > disaluyukeun dina basa2 RI jadi /K/. Misalna kecap > 'kualitas'naha kudu > > dibalikkeun jadi 'qualitas' kitu? > > > > baktos, > > Rahman ===== Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

