Assalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh.. Baraya Kusnet sadayana,
Dina raraga boboran siam 1 syawal 1427 Hijriah, dibewarakeun yén bade diayakeun acara Halal Bihalal Kusnet 2006 nu Insya Allah badé diayakeun dina : Dinten Saptu dugi ka Minggu, ping 4~5 Nopember 2006 ngawitan tabuh 11.00 énjing dugi ka lekasan di Pasantren Keresek - Cibatu, Garut Acara : - Ngaleler Pangajén ka Budayawan / Seniman seni Sunda buhun - Silaturahmi, Wawanohan & Sosonoan - Kusnetvaganza - begadang bari siduru, meuleum jagong, Domba Guling, jste.. Kukituna, réngréngan Panitia seja ngulem ka sadaya anggota Kusnét sareng kulawargina, sareng ageung pisan nu dipiharep kana kasumpingan sadayana dina waktosna. Haratis, teu kedah mayar. Mugi-mugi ku acara ieu, tiasa langkung ngaraketkeun tali silaturahmi diantawis baraya Kusnet sadayana. Sakitu anu kapihatur, Wassalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh. -Ndoell- Panitia (hususon tukang wawar) hapé : 08129056192 imel : [EMAIL PROTECTED] * PENTING !!! * --------------- Jalaran kanggo kaperyogian administrasi sareng nyayogikeun sagala rupina, ka sadaya baraya Kusnet disuhunkeun rido galihna kersa ngeusian Formulir dihandap ieu teras di kintun ka alamat i-mél : [EMAIL PROTECTED] atanapi dialungkeun ka Milis : ----------------------------------------------------------------- FORMULIR NGIRING atanapi HENTEUNA KA HBH/KONGRES KUSNET 2006 4~5 Nopember 2006 Ngiringan : Bade / Moal (pilih*) Nami :..................................................... Padumukan :................................................ I-mél :.................................................... No. telpon / Hapé :........................................ Jumlah nu bade sumping : ..... dewasa & .... murangkalih Kendaraan : Motor / Mobil / Umum ----------------------------------------------------------------- Informasi nu sanésna : * Tempat Halal Bihalal * ------------------------ Di Pasantren "Keresek" Cibatu, Kab. Garut *Bazaar* -------- Baraya Kusnet/wargina atanapi nu aya pakait sareng baraya Kusnet nu bade ngiringan Bazaar disayogikeun stand, mangga tiasa ngajapri kanggo konfirmasi. *Sumbangan* ------------ Bilih aya nu bade masihan sumbangan disayogikeun kotak sumbangan, atanapi nu bade ngintun tuangeun, mangga ngajapri kanggo konfirmasi. * Susunan Panitia Halal Bihalal* -------------------------------- - Pamangku Hajat : Uwa Siddik Wiradiredja - Penasehat : Uwa Sasmita, Mang Jamal, Kang Tirta Wijaya, Kang Akos - Pupuhu : Kang Ndoell - Tukang nyatet : Teh Tia - Tukang Babayar : Teh Imas Mustakim - Seksi Humas : Kang Runa - Seksi Acara : Kang Darpan, Kang Syam Ridwan, Kang Ikmal - Seksi Konsumsi : Teh Enung (istrina kang Deni) - Seksi Akomodasi/peralatan : Kang Deni, Kang Kumi & Kang Agus - Seksi Dokumentasi : Kang Rachmat, Kang Bowie - Seksi Ingkig / Umum : Kang Irpan, Kang Kamal, Kang Dudi, Kang Hendra, kang Yayan, Kang Ega & Kang Hadi - Registrasi & Panampi tamu : Teh Eeya, Teh Mia, Teh Gia & Teh Iva ---..tos ah.. Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

