Kang Ucep,
Nepangkeun. Abdi Tantan. Urang Garut oge.
Upami ninggali tina program anu ditawiskeun ku Kang Ucep. Kuring mah gaduh kapanasaranan:
1. Kumaha ngaoperasionalisasikeun kabupaten anu bebas tina korupsi teh?
2. TI, kuring sapuk. Tapi, bisa-bisa elitis. Masih butuheun keneh kana alat-alat produksi anu cukup, ceuk kuring mah, tinimbang TI
3. Kuring teu ninggali program hak dasar. conto: Kasehatan (siga kumaha strategina?), atikan (kumaha sistim tur kumaha ngaalokasikeuna), keadilan sosial, kaadilan jender, jrrd we. Padahal, ceuk kuring, eta teh anu jelas langkung dipentingkeun pisan--batan jadi santri !!! (punten sanes suudzon, ah) hehe

baktos
tantan

On 10/4/06, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Kang Ucép, ngabagéakeun kana seja tandangna salira, nya kaleresan baé ieu mah, aya sababaraha hal anu hayang ditepikeun ngeunaan Garut. Panginten, ieu gé aya patalina sareng konsép udagan anu badé dirarancang (atawa atos?) ku salira (sakumaha anu kaaos di loka/situs salira).


1. Ngajadikeun Garut salaku kabupatén anu beresih/bébas tina rupa-rupa prakték KORUPSI

Naon kira2na tar
ékah anu dijalankeun pikeun ngahontal ieu udagan, mangkaning masalah korupsi téh geus ngajiret birokrasi di urang ?

2.  Garut jadi kabupatén nu panghareupna dina ngalarapkeun téhnologi informasi

Naon anu dipiharep ku salira tina dilarapkeunana t
éhnologi informasi sahingga bisa ngamajukeun masarakat Garut? Kuring pribadi mah sok sképtis mun ngadéngé kekecapan nu maké émbohan "pang-" téh...

3.  Mertahankeun Garut salaku Kota Santri

Leres kitu Garut téh Kota Santri? Ditilik ti mana sawangan kitu t
éh?

4.  Ngaronjatkeun pangala per kapita masarakat Garut

Atuh ieu mah umum teuing. Cikan, manawi tiasa dipedar, kumaha carana tiasa ngaronjatkeun pangala (leres kitu?) urang Garut t
éh? Ari kalolobaan masarakat Garut pangupajiwana dina widang naon? Tani, dagang, industri, atanapi naon? Naon kira2na anu bakal diprioritaskeun ku salira? Kumaha carana ngaronjatkeun hasil éta prioritas?

5.  Ngalempangkeun jalur aksés ka puseur pamaréntahan

Maksadna jalur aks
és ka puseur pamar éntahan téh nu mana? Ti Garut ka luhur atanapi ti masarakat Garut ka Pamar éntah Garut? Aksés nu dimaksad téh aks és naon? Ngalemesan/ngalegaan jalan, nyieun sasak, atawa muka jalur aspirasi ti masarakat ka Pamaréntah?

Asa teu ningal disabit2na masalah lingkungan. Kumaha numutkeun Kang Uc
ép?

Sakitu ba
é heula.

--
sikandar
kumincir.blogspot.com
www.urang-sunda.or.id
su.wikipedia.org




--
tantan hermansah
www.tantanhermansah.co.nr

"jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
--siliwangi-- __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke