Kamari ngabuburit jeung pamajikan ka BIP (Bandung Indah Plaza). Lieur ku nunutur pamajikan, nu tempa-tempo kana barang, ari meuli mah hanteu, kuring ngaleos ka toko Buku Gunung Agung. Nempoan buku nu anyar medal, breh teh aya buku anyar nu kuring katarik. Judulna " Inside The Kingdom", Kisah Hidupku di Arab Saudi". Nu ngarangna? ieu nu matak kuring katarik, mantan istri Yeslam Bin Laden, lanceuk sabapa Osama Bin Laden. Carmen Bin Landen. Carmen teh urang Swiss, tapi peranakan, indungna asalna ti Persia ari bapana asli urang Swiss. Dina cover buku ieu ditulis "international Best Seller". Buku ieu geus diterjemahkeun kana 28 Bahasa di 32 nagara.. Tarjamahan Basa Indonesia dimedalkeun ku Pustaka Alvabet, Citakan I, September 2006 (jadi buku anyar di Indonesia mah). Hargana Rp. 39.000 di Toko Gunung Agung.
Carmen papanggih jeung Yeslam Bin Laden, waktu Yeslam liburan di Jenewa Swiss di taun 1973. Tidinya Carmen bobogohan jeung Yeslam, malah saterusna tunangan. Yeslam jeung Carmen neruskeun sakola ka Amerika. Yeslam sakola nyokot jurusan bisnis ari Carmen mah memener Basa Inggrisna heula. Keur sakola di Amerika ieu Carmen kawin jeung Yeslam di Jeddah Arab Saudi di Taun 1974. Sanggeus beres sakola di Amerika Yeslam jeung pamajikanana, Carmen, mukim di Jeddah tapi bari bulak-balik ka nagara Carmen, Swiss. Pasangan ieu boga anak tilu, awewe kabeh. Yeslam jeung Carmen akhirna papisah. Carmen menta pisah, salah sahiji alesanana, manehna hayang mere kabebasan ka anak-anakna, teu siga di Arab Saudi, nu mana awewe teh dipasung pisan. Yelsam bin Laden oge akhirna jadi Warga Negara Swiss. Buku Biographi Carmen ieu, nyaritakeun pangalaman manehna jadi pamajikan urang Arab Saudi, nu beunghar jeung boga pangaruh. Yelsam anak kasapuluh ti Sheik Muhammmad bin Laden, pangusaha gede di Arab Saudi. Sheik Muhammad boga anak 54 urang ti istri-istrina. Salah sahiji anakna nyaeta Osama Bin Laden. Carmen ukur papanggih sababaraha kali jeung Osama, sabab memang adat diditu, awewe teu meunang deukeut jeung"ipar". Tapi jeung pamajikanana Carmen sering babarengan. Osama, ceuk Carmen, jalma nu alim, tunduk kana parentah agama. Kungsi hiji waktu Carmen jeung Najwah, pamajikan Osama babarengan. Maranehna sarua boga orok nu umurna kakara bubulanan. Hawa kacida panasna, orok Osama, Abdullah, ceurik terus-terusan, ari orokna Carmen mah ngedot cai dina botol. Pamajikan Osama mere nginum orokna ku sendok teh nu teu bisaeun diinum ku orok. Nempo kitu Carmen, nawarkeun dot orokna ka Najwah. Tapi Najwah nolak, malah ungsrak-ingsreuk arek ngilu ceurik bakating ku bingung orokna teu bisaeun nginum tina sendok. Mimiti mah Carmen teu ngarti, kunaon Najwah make nolak dot bayi. Tapi akhirna manehna nyaho, Najwah teu meunang ngagunakeun dot ku salakina, Osama. Sabab dot karet ieu teu meunang ceuk kayakinan dogmatis Osama. Nu paling loba dicaritakeun dina biographi ieu, kahirupan awewe urang Arab Saudi, nu ka kungkung. Carmen ngalukiskeun awewe Arab Saudi nu ngangantung pisan ka lalaki. Sagala kagiatan ku lalaki, awewe cicing diimah. Di imah dina hartina sabenerna, teu meunang kaluar-kaluar acan. Sikep teu ngahargaan awewe, oge aya di kaum "jongos" (pelayan/pagawe). Hiji waktu Carmen, masang carpet diimahna. Nu masang karpet pagawe asal Sudan. Ku Carmen digeungguereuhkeun. Teu ngadenge wae. Tungtungna ngagorowok. Si Sudan malah ngajawab: "Kuring teu bisa diparentah ku awewe!" Mitoha awewe Carmen, indungna Yelsam, oge loba dicaritakeun dina biographi ieu. Indungna Yelsam, ukur disebut nenehna, nyaeta Om Yelsam (indungna Yelsam). Om Yelsam, saperti oge indungna Carmen, asalna ti Persia (Iran). Om Yelsam, ceuk Carmen, awewe hebat, tapi hanjakalna ukur katarik kana masak jeung maca Al Quran. Om Yelsam salat 5 kali sapoe jeung hirup di dunya nu kaiket ku panjara tradisi nu teu katingali. Keur Om Yelsam, sagalana haram jeung dosa. Lamun teu dosa, nya "abe", ngerakeun. Ngadengekeun musik, haram hukumna, "abe" ,awewe leumpang di jalan. "abe" ngomong jeung jongos lalaki. Tos ah sakieu heula, lumayan ngabuburit, 15 menit deui buka ...............hehehehehe Baktos, WALUYA Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

