nuhun bah informasina... enya tina buku ieu bisa noong kumaha kalakuan kulawarga ladin(laden) khususna elsam. oge bisa noong urang arab(?)

carmen bin ladin? asa aneh bah... carmen pan ukur pamajikanna si elsam lain katuruna ladin, lin? naha ari kecap bin bisa di pake? terus cek sakanyaho kuring mah lamun awewe mah teu make bin tapi binti...

dh

On 10/8/06, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Kamari ngabuburit jeung pamajikan ka BIP (Bandung Indah Plaza). Lieur ku
nunutur pamajikan, nu tempa-tempo kana barang, ari meuli mah hanteu, kuring
ngaleos ka toko Buku Gunung Agung. Nempoan buku nu anyar medal, breh teh aya
buku anyar nu kuring katarik. Judulna " Inside The Kingdom", Kisah Hidupku
di Arab Saudi". Nu ngarangna? ieu nu matak kuring katarik, mantan istri
Yeslam Bin Laden, lanceuk sabapa Osama Bin Laden. Carmen Bin Landen. Carmen
teh urang Swiss, tapi peranakan, indungna asalna ti Persia ari bapana asli
urang Swiss. Dina cover buku ieu ditulis "international Best Seller". Buku
ieu geus diterjemahkeun kana 28 Bahasa di 32 nagara.. Tarjamahan Basa
Indonesia dimedalkeun ku Pustaka Alvabet, Citakan I, September 2006 (jadi
buku anyar di Indonesia mah). Hargana Rp. 39.000 di Toko Gunung Agung.

Carmen papanggih jeung Yeslam Bin Laden, waktu Yeslam liburan di Jenewa
Swiss di taun 1973. Tidinya Carmen bobogohan jeung Yeslam, malah saterusna
tunangan. Yeslam jeung Carmen neruskeun sakola ka Amerika. Yeslam sakola
nyokot jurusan bisnis ari Carmen mah memener Basa Inggrisna heula. Keur
sakola di Amerika ieu Carmen kawin jeung Yeslam di Jeddah Arab Saudi di Taun
1974. Sanggeus beres sakola di Amerika Yeslam jeung pamajikanana, Carmen,
mukim di Jeddah tapi bari bulak-balik ka nagara Carmen, Swiss. Pasangan ieu
boga anak tilu, awewe kabeh. Yeslam jeung Carmen akhirna papisah. Carmen
menta pisah, salah sahiji alesanana, manehna hayang mere kabebasan ka
anak-anakna, teu siga di Arab Saudi, nu mana awewe teh dipasung pisan.
Yelsam bin Laden oge akhirna jadi Warga Negara Swiss.

Buku Biographi Carmen ieu, nyaritakeun pangalaman manehna jadi pamajikan
urang Arab Saudi, nu beunghar jeung boga pangaruh. Yelsam anak kasapuluh ti
Sheik Muhammmad bin Laden, pangusaha gede di Arab Saudi. Sheik Muhammad boga
anak 54 urang ti istri-istrina. Salah sahiji anakna nyaeta Osama Bin Laden.
Carmen ukur papanggih sababaraha kali jeung Osama, sabab memang adat diditu,
awewe teu meunang deukeut jeung"ipar". Tapi jeung pamajikanana Carmen
sering babarengan. Osama, ceuk Carmen, jalma nu alim, tunduk kana parentah
agama. Kungsi hiji waktu Carmen jeung Najwah, pamajikan Osama babarengan.
Maranehna sarua boga orok nu umurna kakara bubulanan. Hawa kacida panasna,
orok Osama, Abdullah, ceurik terus-terusan, ari orokna Carmen mah ngedot cai
dina botol. Pamajikan Osama mere nginum orokna ku sendok teh nu teu bisaeun
diinum ku orok. Nempo kitu Carmen, nawarkeun dot orokna ka Najwah. Tapi
Najwah nolak, malah ungsrak-ingsreuk arek ngilu ceurik bakating ku bingung
orokna teu bisaeun nginum tina sendok. Mimiti mah Carmen teu ngarti, kunaon
Najwah make nolak dot bayi. Tapi akhirna manehna nyaho, Najwah teu meunang
ngagunakeun dot ku salakina, Osama. Sabab dot karet ieu teu meunang ceuk
kayakinan dogmatis Osama.

Nu paling loba dicaritakeun dina biographi ieu, kahirupan awewe urang Arab
Saudi, nu ka kungkung. Carmen ngalukiskeun awewe Arab Saudi nu ngangantung
pisan ka lalaki. Sagala kagiatan ku lalaki, awewe cicing diimah. Di imah
dina hartina sabenerna, teu meunang kaluar-kaluar acan. Sikep teu ngahargaan
awewe, oge aya di kaum "jongos" (pelayan/pagawe). Hiji waktu Carmen, masang
carpet diimahna. Nu masang karpet pagawe asal Sudan. Ku Carmen
digeungguereuhkeun. Teu ngadenge wae. Tungtungna ngagorowok. Si Sudan malah
ngajawab: "Kuring teu bisa diparentah ku awewe!"

Mitoha awewe Carmen, indungna Yelsam, oge loba dicaritakeun dina biographi
ieu. Indungna Yelsam, ukur disebut nenehna, nyaeta Om Yelsam (indungna
Yelsam). Om Yelsam, saperti oge indungna Carmen, asalna ti Persia (Iran).
Om Yelsam, ceuk Carmen, awewe hebat, tapi hanjakalna ukur katarik kana masak
jeung maca Al Quran. Om Yelsam salat 5 kali sapoe jeung hirup di dunya nu
kaiket ku panjara tradisi nu teu katingali. Keur Om Yelsam, sagalana haram
jeung dosa. Lamun teu dosa, nya "abe", ngerakeun. Ngadengekeun musik, haram
hukumna, "abe" ,awewe leumpang di jalan. "abe" ngomong jeung jongos lalaki.

Tos ah sakieu heula, lumayan ngabuburit, 15 menit deui buka
...............hehehehehe

Baktos,
WALUYA

__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke