Ass. Wr. Wb. Punten bade mairan sanaos telat pisan oge (margina teu tiasa ngaripley, ieu susuganan tiasa). Sim kuring gaduh pangalaman dina soal ieu, kapungkur sababaraha taun kapengker. Harita kaleresa pun anak nu cikal gering, dioperasi usus buntu di RSPI. Sim kuring ngantor, pun bojo nungguan (bulak balik) ka RSPI, pun akan nu kadua +nu bungsu sarakola, balik sakola ba'da lohor. Di rorompok ngan ukur pembantu, atuh eta si nurustunjung make telepon sangeunahna, nelepon ka 0809.. gumeulis. Nyaho-nyaho tagihan telepon Rp4,5, kuring ngajenghok, tuluy di-print telepon ka mana wae, eh nyatana nya ka 0809.... Kabeneran pun anak no. 2 pernah meregokeun waktu si pembantu ke nelp. atuh teu diengkekeun deui langsung ditanya, manehna ngaku salah. Kuring teu bisa kukumaha, ngan saukur bisa nyarekan terus mulangkeun eta pembantu, sedengkeun mayar tagihan menta dicicil 4 kali, alhamdulillah disatujuan ku telkomna. Penjelasan Telkom yen eta teh kaasup fasilitas JAPATI, bisa teu diaktifkeun. Atuh ti harita eta fasilitas dinon-aktifkeun, jadi moal bisa deui nelepon ka 0809 .... Ku kituna ka para wargi sadaya mangga dongkap ka Telkom, tiasa menta tong diaktifkeun JAPATI-na supaya aman.
Baktos --- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Tadi, kuring kadatangan babaturan nu geus pangsiun > nu ayeuna cicing > di Bogor. Manehna teh boga imah di Bandung nu > dicicingan ku budakna > nu sakola di Bandung. Tah ti saprakna imah nu di > Bandung di cicingan > ku budakna, tagihan telepon imahna, ngagedean luar > biasa. Nu biasa > ukur 60-80 rewu/ bulan, ayeuna manehna ditagih tepi > ka jutaan. Bulan > Juli 2006, 4,5 juta, bulan Agustus 6,9 juta, bulan > September 6.1 > juta, jeung ayeuna oktober 2,8 juta! > > Kulantaran manehna mayar telepon make autodebit di > Bank, tagihan > telpon gede teh kakara kanyahoan bulan awal Agustus. > Waktu diprint, > biaya telepon anu sakitu gedena teh geuning biaya > telepn ka > 0809xxxxx. Nu ngalakukeunana anakna sorangan.... > > Atuh anakna beak dicarekan. Anakna ngaku salah moal > deui-deui. Tapi > anehna tagihan telepon angger jutaan. Manehna kungsi > ngadu ka Telkom, > tapi manehna ngarasa kurang dilayanan jeung asa > disalahkeun wae ku > Telkom. Manehna hayang jelas kumaha soal 0809xxxxxxx > teh. > > Cik ka baraya anu terang, pangpangna nu didamel di > TELKOM, kumaha tah > upami kasus sapertos kieu? > > Baktos, > WALUYA > > > > > > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> > http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > > > > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

