|
Ah, ari kuring mah nyambung Kang, masing teu ningali bungkeuleukanana, minimal hitutna, nyaan sarua bau! heheh Alhamdulillah di pasihan ku Alloh sanaos turunan benten kasta, pun bapa teureuh menak (punten, sanes agul ku payung butut ieu mah da nyaan...) ari pun biang cacah tapi kanggo abdi mah benten turunan sanes halangan kanggo ngamulyakeun sepuh. Da engke ge pami pupus moal ditaroskeun turunan menak atanapi cacah ku malaikat sanes? . Estuning sami, teu diwilah-wilah ku Pangeran ge. Pami dititenan, jaman kiwari jalmi teh dodongkoan, serab, sareng ngarhomat ka jalmi lian teh sanes pedah turunan menak, tapi ku pangkat, rajakaya & pendidikan... Salian ti eta abdi tiasa nyandak rupi2 kabeungharan budaya Sunda, contona ti golongan menak abdi tiasa nyandak ngeunaan sopan santun, apik, rapih srrd. Atuh ti golongan cacah nu kersaan, teu kumaki alias teu gengsian, tanginas, srrd. Tina basa nu teu nginjeum, haratis alias barang ciatah tea, seueur nu tiasa dicandak ti ngawitan basa lemes dugi ka basa songongna kabina-bina biasa sok kadangu ku abdi, sakapeung mah sok dipraketekkeun heheh... Pami nuju rineh, pun biang sok ngadongeng waktos bobogohan sareng pun bapa. Hiji waktu pun bapa teh bade maranan (ngapelan) pun biang. Anggoanana meuni rapih, maklum anak menak teu tinggaleun digamparan (sendal nu sok dianggo golongan menak). Kaleresan pun biang teh nuju ka cai, pun bapa naroskeun ka raina pun biang (emang) nu nuju amengan, Ya, ari Eteh kamana? Saur emang,Eeuweuh .keur modoool!!! Pun bapa mung tiasa peureum bari seuri koneng. ro2. teumenakteucacah
>>> [EMAIL PROTECTED] 10/10/06 12:25PM >>>
__._,_.___
Rek nyambungkeun tina soal menak jeung cacah bau ngisingna..hese. nyambungkeunana. Rek kumaha wae..tepi kairaha wae, bakal aya wae anu ngaku menak...anu disebut cacah....anu ngaku cacah...anu embung disebut cacah...cacah ngaku menak...menak anu hayang dimenakkeun. embung ngaku ayana menak...menak anu ngoa cacah...cacah anu teu resep kamenak.. Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required) Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe __,_._,___ |
- Re: [Urang Sunda] Uleman Halal Bihalal Kusnet 2006 prabu_siliwangi
- Re: [Urang Sunda] Uleman Halal Bihalal Kusnet 2006 irpan rispandi
- Re: [Urang Sunda] Uleman Halal Bihalal Kusnet 2... budyana yogaswara
- RE: [Urang Sunda] Uleman Halal Bihalal Kusnet 2006 Yuliadi
- RE: [Urang Sunda] Uleman Halal Bihalal Kusnet 2006 Endang Tatan
- RE: [Urang Sunda] Uleman Halal Bihalal Kusnet 2006 Yuliadi
- RE: [Urang Sunda] Uleman Halal Bihalal Kusnet 2... surtiwa surtiwa
- RE: [Urang Sunda] Uleman Halal Bihalal Kusnet 2006 Roro Rohmah
- RE: [Urang Sunda] Uleman Halal Bihalal Kusnet 2006 Yuliadi
- Re: [Urang Sunda] Uleman Halal Bihalal Kusnet 2006 tantan hermansah
- RE: [Urang Sunda] Uleman Halal Bihalal Kusnet 2006 Roro Rohmah
- Re: [Urang Sunda] Uleman Halal Bihalal Kusnet 2006 Atet

