sip lah
ari anak menak mah diajar ngabedakeun mana mastaka, mana sirah jeung mana hulu.
kitunya maksadna?
 
 
-----Original Message-----
From: Roro Rohmah [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, October 10, 2006 3:06 PM
To: [email protected]
Subject: RE: [Urang Sunda] Uleman Halal Bihalal Kusnet 2006

Ah, ari kuring mah nyambung Kang, masing teu ningali bungkeuleukanana, minimal hitutna, nyaan sarua bau! heheh…

Alhamdulillah di pasihan ku Alloh sanaos turunan benten “kasta”, pun bapa teureuh menak (punten, sanes agul ku payung butut ieu mah da nyaan...) ari pun biang cacah tapi kanggo abdi mah benten turunan sanes halangan kanggo ngamulyakeun sepuh. Da engke ge pami pupus moal ditaroskeun turunan menak atanapi cacah ku malaikat sanes? …. Estuning sami, teu diwilah-wilah ku Pangeran ge. Pami dititenan, jaman kiwari jalmi teh dodongkoan, serab, sareng ngarhomat ka jalmi lian teh sanes pedah turunan menak, tapi ku pangkat, rajakaya & pendidikan... 

Salian ti eta abdi tiasa nyandak rupi2 “kabeungharan budaya Sunda”, contona ti golongan menak abdi tiasa nyandak ngeunaan sopan santun, apik, rapih srrd. Atuh ti golongan cacah nu kersaan, teu kumaki alias teu gengsian, tanginas, srrd. Tina basa nu teu nginjeum, haratis alias barang ciatah tea, seueur nu tiasa dicandak…ti ngawitan basa lemes dugi ka basa songongna kabina-bina biasa sok kadangu ku abdi, sakapeung mah sok dipraketekkeun…heheh...

Pami nuju rineh, pun biang sok ngadongeng waktos bobogohan sareng pun bapa. Hiji waktu pun bapa teh bade maranan (ngapelan) pun biang. Anggoanana meuni rapih, maklum anak menak teu tinggaleun digamparan (sendal nu sok dianggo golongan menak). Kaleresan pun biang teh nuju ka cai, pun bapa naroskeun ka raina pun biang (emang) nu nuju amengan,” Ya, ari Eteh kamana?” Saur emang,”Eeuweuh….keur modoool!!!” Pun bapa mung tiasa peureum…bari seuri koneng.

 

ro2.

teumenakteucacah

 

 
>>> [EMAIL PROTECTED] 10/10/06 12:25PM >>>
Rek nyambungkeun tina soal menak jeung cacah bau
ngisingna..hese..da teu nyambung2..kumaha nya
nyambungkeunana...da domain omonganna beda..meureun !
Rek kumaha wae..tepi kairaha wae, bakal aya wae anu
ngaku menak...anu disebut cacah....anu ngaku
cacah...anu embung disebut cacah...cacah ngaku
menak...menak anu hayang dimenakkeun...cacah anu
embung ngaku ayana menak...menak anu ngoa
cacah...cacah anu teu resep kamenak..
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke