|
Enya euy, saurna di PT. PAL surabaya anu nyepeng
teh sanes ti teknik perkapalan kituw. malah aya rerencangan (ti perkapalan ITS
surabaya) damel di bank.
Jadi inget, kapungkur aya posting ttg betapa
bangganya menjadi orang indonesia.batur mah geus beunang diare ari ti urang
masih kuat keneh, trs "jet lag" batur mah geus lieur, indonesia mah cenghar
keneh
by
----- Original Message -----
Sent: Thursday, October 12, 2006 9:45
AM
Subject: RE: [Urang Sunda] 200
Universitas Terbaik Dunia
Bade ngiring ngomentaran saalit, rupina di Indonesia mah
seueur teuing pangajaran anu lebetkeun kana mata pelajaran/kuliah wajib henteu
sapertos urang barat da geuning di sakola asing mah ti SLA keneh (kelas 9)
mata pelajaran teh tos dipilihan sesuai sareng jurusan anu bade di candak di
PT. pantes mun bade janten ahli mung dina widang/jurusanana
wungkul.
Jadi sarjana lulusan PT di Indonesia pasti langkung
palinter, kreatif sareng langkung luas wawasanana sagala kedah di
pelajari sanaos teu aya hubunganana jurusan anu janten udagan, mana
teu aneh di urang mah upami bade milarian damel tara milih anu sesuai
sareng kasarjanaan, kitu rupina mah.
Nung
Sapuk sareng pamadegan Ua
Rahmat...
Bade
nambihan sauted ah... Numutkeun implengan Abdi mah, pami ditilik tina segi kompetisi
penerimaan mahasiswa baru oge kualifikasi lulusanna, ITB, UI sareng UGM lebet
kana rengking 200 PT terbaik di dunya. Sok we, mung di ITB wungkul sa-urang
calon mahasiswa ngalawan rebuan calon mahasiswa lian pikeun marebutkeun mung
hiji korsi. Duka teuing angka perbandingan nu pas na mah hiji banding
sabaraha, da unggal taun rea lulusan SMU nu palinter nu teu katampi di ITB.
Kitu deui UI sareng UGM. Bakating ku sesahna kompetisi di eta PT.
Ngeunaan kualitas
lulusanna, heuheuheu di Timur Tengah mah tos katelah, cenah, insinyur-insinyur
ti Indonesia palinter jeung kreatif. Cenah ieu mah, saur urang India nu calik
gigireun Abdi...Dina widang migas we contona, teu sakedik urang Indonesia,
lulusan PT-PT nu aya di Indonesia, janten gegeden pausahaan-pausahaan migas
multinasional...
Cindekna mah, sok sanajan ITB, UI, UGM katut PT-PT nu sanesna teu
kalebet rengking 200 acan, Abdi mah tetep yakin pendidikan di Indonesia teu
katinggaleun jaman.
Baktos, OTA *** Alumni
PT nu teu asup rengking 200 di dunya
"MRachmat Rawyani"
<mrachmatrawyani@yahoo.com> Sent by: [EMAIL PROTECTED]ups.com
10/11/2006 03:12 PM
|
Please respond
to [EMAIL PROTECTED]ups.com |
|
|
To
| [EMAIL PROTECTED]ups.com
|
|
cc
|
|
|
Subject
| RE: [Urang Sunda] 200 Universitas
Terbaik Dunia |
|
Kaci teu kuring ngomentaran kana 200 PT terbaik
di dunya? (ieu mah rangkuman pangalaman pribadi sok ngabandungan
anu alewoh perkara otonomi, riset sareng sajabana).
Upami
bade ningali paguron luhur nu sae, kedah dikorelasikeun sareng sareng
perekonomian nagara eta. Substansina pan, beuki walatra kasejahteraan, nya
aya pangaruhna kana mutu paguron luhurna. Ari ceuk klasifikasi
Carnegie mah (hiji sistem ngarengking paguron tiasa disebat
universitas riset di Amerika Serikat, ku cara ningali sababaraha item,
diantarana, jumlah doktor anu dihasilkeun, jumlah publikasi ilmiah para
dosenna, jumlah dana anu dihasilkeun ku ayana panalungtikan anu dilakukeun
ku para dosen, atanapi hasil kerjasama internasional).
Taun
2000an ieu jumlah doktor anu tos dihasilkeun ku UI tos dugi ka 120 an
sataunna. Padahal dina klasifikasi Carnegie, hiji paguron luhur tos
tiasa dianggap "hebat" upama tos ngahasilkeun 50 doktor dina satauna.
tapi upama ningali dana riset anu dihasilkeun, heunteu memenuhi syarat. Nya
kitu oge dina hal publikasi ilmiah masih sakedik. Tingali wae nagri
Cina, beuki sejahtera, kualitas paguron luhurna oge naek. (kajaba India,
hiji kasus anu teu aya hubungan antara perekonomian nagara sareng
kualitas lulusanana. tapi da India mah teu malire kana ukuran/standar
anu diterapkeun pikeun nganilai kualitas paguron luhur). Jadi para dosen
paguron luhur di Indonesia masih "ngungudag cicis" supados dapurna ngebul
heula, panalungtikan sareng publikasi ilmiah mah kumaha engke wae. Rebo
kamari kuring nember mirengkeun ceramah ti Menteri Riset & Teknologi
Dr. Kusmayanto Kadiman (manten rektor ITB). Ceuk cenah, dana riset
ti pamarentah pikeun kementrian Ristek ayeuna ngan sapertilu tina
anggaran ITB jaman anjeunna jadi Rektor. Kanggo kementrian ristek wae
danana sakitu "ageungna". Komo deui kanggo puluhan Paguron luhur negri.
Sok sanaos, ayeuna aya sababaraha paguron luhur tos ngangge "BH"MN,
hartosna aya kabebasan kanggo ngatur sareng milarian cicis nyalira, tapi
hese pisan ngabiayaan sareng nyejahterakeun masyarakat kampus. Komo deui
anu di kota-kota ageung.
Janten, sacara normatif mah, ku ayana rengking
paguron anu berkualitas teh, tiasa janten dorongan pikeun langkung maju.
Tapi teu janten udagan anu utama. aya ukuran-ukuran anu hese di tedunan ku
satiap paguron luhur di Indonesia.
Pan di urang oge ayeuna aya
akreditasi (Badan Akreditasi Nasional), anu nganilai program studi
di hiji paguron luhur, naha kalebet klasifikasi A, B atanapi C. sok
sanaos penilaian ieu teu 100 % obyektif, tapi tiasa janten norma kualitas
hiji paguron luhur. Tah, upami program studina hoyong diakui
sacara internasional, kedah diakreditasi oge ku badan akreditasi
internasional. Salah sapuluh ukuranana teh nyaeta ku ayana kerjasama sareng
paguron ti luar negeri (double degree). Atanapi program eta di
lebetan ku mahasiswa asing. Beuki seueur mahasiswa asing kuliah di
paguron eta, beuki ngetop sacara internasional ( tah ieu diterapkeun ku
paguron luhur di India). Ku ayana mahasiswa asing teh, tiasa janten hiji
daya tarik kanggo para pendonor ti luar negeri masihan bantuan cicis
sareng sarana sanesna.
baktos,
mrachmatrawyani
--- M_Arif
<[EMAIL PROTECTED].co.id> wrote:
> Ass. Wr. Wb >
> > > Kang Alhakimc, > >
> > Kumaha nganilaina. Maeunya ITB, UI, UGM teu
nomor > 200 200 acan. Kumaha > Universitas di Timur Tengah
? > > > > Ulah leutik hate. > >
> > Salam, > > > > M.
Arif
__________ NOD32 1.1797
(20061010) Information __________
This message was checked by NOD32
antivirus system. http://www.eset.com
__._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
__,_._,___
|