Heuheuheu tina masalah rengking universitas di dunya luncat kana masalah damel nu teu saluyu sareng kasang tukang pendidikanna. Teu nanaon ah...
Sobat abdi oge aya, ti Teknik Kimia ITB, damel di Bank Mandiri. Da eta mah kumaha individu sewang-sewangan. Teu sakedik nu damel teu saluyu sareng kasang tukang pendidikan teh lantaran ngaraos teu cocok sareng elmu pangaweruh nu dicangking waktos sakola (kuliah) kapungkur. Janten aranjeunna nyalira nu hoyong pindah 'jalur'...
Katambih-tambih ti pihak pausahaan (bank) oge, pikeun sababaraha posisi, teu diwates ti jurusan X wungkul...Biasana mah di bagean analis kredit nu seueur ti jurusan teknik teh. Majarkeun teh lulusan-lulusan ti jurusan teknik langkung gampil ditraining...Ieu mah cenah, saur sobat Abdi nu gaduh Ua damel di bagean HRD Bank Mandiri Jakarta.
Mangga ah...tunduh euy...
Baktos,
OTA
| "Buyung" <[EMAIL PROTECTED]>
Sent by: [email protected] 10/12/2006 10:44 AM
|
|
Enya euy, saurna di PT. PAL surabaya anu nyepeng teh sanes ti teknik perkapalan kituw. malah aya rerencangan (ti perkapalan ITS surabaya) damel di bank.
Jadi inget, kapungkur aya posting ttg betapa bangganya menjadi orang indonesia.batur mah geus beunang diare ari ti urang masih kuat keneh, trs "jet lag" batur mah geus lieur, indonesia mah cenghar keneh
by
----- Original Message -----
From: Norman
To: [email protected]
Sent: Thursday, October 12, 2006 9:45 AM
Subject: RE: [Urang Sunda] 200 Universitas Terbaik Dunia
Bade ngiring ngomentaran saalit, rupina di Indonesia mah seueur teuing pangajaran anu lebetkeun kana mata pelajaran/kuliah wajib henteu sapertos urang barat da geuning di sakola asing mah ti SLA keneh (kelas 9) mata pelajaran teh tos dipilihan sesuai sareng jurusan anu bade di candak di PT. pantes mun bade janten ahli mung dina widang/jurusanana wungkul.
Jadi sarjana lulusan PT di Indonesia pasti langkung palinter, kreatif sareng langkung luas wawasanana sagala kedah di pelajari sanaos teu aya hubunganana jurusan anu janten udagan, mana teu aneh di urang mah upami bade milarian damel tara milih anu sesuai sareng kasarjanaan, kitu rupina mah.
Nung
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of [EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, October 12, 2006 7:41 AM
To: [email protected]
Subject: RE: [Urang Sunda] 200 Universitas Terbaik Dunia
Sapuk sareng pamadegan Ua Rahmat...
Bade nambihan sauted ah...
Numutkeun implengan Abdi mah, pami ditilik tina segi kompetisi penerimaan
mahasiswa baru oge kualifikasi lulusanna, ITB, UI sareng UGM lebet kana
rengking 200 PT terbaik di dunya. Sok we, mung di ITB wungkul sa-urang
calon mahasiswa ngalawan rebuan calon mahasiswa lian pikeun marebutkeun
mung hiji korsi. Duka teuing angka perbandingan nu pas na mah hiji banding
sabaraha, da unggal taun rea lulusan SMU nu palinter nu teu katampi di
ITB. Kitu deui UI sareng UGM. Bakating ku sesahna kompetisi di eta PT.
Ngeunaan kualitas lulusanna, heuheuheu di Timur Tengah mah tos katelah,
cenah, insinyur-insinyur ti Indonesia palinter jeung kreatif. Cenah ieu
mah, saur urang India nu calik gigireun Abdi...Dina widang migas we contona,
teu sakedik urang Indonesia, lulusan PT-PT nu aya di Indonesia, janten
gegeden pausahaan-pausahaan migas multinasional...
Cindekna mah, sok sanajan ITB, UI, UGM katut PT-PT nu sanesna teu kalebet
rengking 200 acan, Abdi mah tetep yakin pendidikan di Indonesia teu katinggaleun
jaman.
Baktos,
OTA
*** Alumni PT nu teu asup rengking 200 di dunya _
__._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Culture change | Corporate culture | Cell culture |
| Organization culture | Tissue culture |
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe
__,_._,___

