cangkeul taktak tas ......
Balakutak téh sato laut ordo
Sepiida anggota kelas
Cephalopoda (nu ogé ngawengku cumi-cumi,
gurita, jeung nautilus). Ku kituna, balakutak teu kaasup kana golongan
lauk. Di antara ciri-cirina anu penting, nyaéta boga cangkang jero,
panon gedé, dalapan leungeun, sarta dua téntakel nu reunceum ku panyoco.
Biologi
Balakutak boga struktur jero nu loba porina nu disebut cuttlebone, nu eusina kalsium karbonat , sangkan bisa ngambang. Ngambangna ieu diatur ku cara ngarobah babandingan cairan jeung gas nu aya di jerona. Unggal spésiés balakutak téh boga dedegan nu béda-béda, boh ukuran, kelir, atawa 'tulang'na. Tulangna ieu sok diparabkeun ka parkit atawa manuk kukutan lianna pikeun asupan kalsium.
Balakutak kadang disebut ogé londok laut, sabab pinter nyamur ngarobah kelir kulitna luyu jeung lingkunganana. Robahna kelir kulit ieu ogé dipaké salaku isarat pikeun balakutak lianna salaku iber ayana bahya. Kamonésan ieu téh dihasilkeun ku kromatofor sagolongan warna beureum, konéng, coklat, jeung hideung luhureun lapisan eunteung iridofor jeung leukofor, nu ngandung 200-an sél pigmén husus dina unggal samilliméter pasagi kulitna.
Panon balakutak téh kawilang pangmekarna dina karajaan sato mah. Panonna sarupa jeung panon manusa , ngan pupilna ngabentuk kurva "w". Najan teu bisa nénjo kelor, panonna bisa nampa polarisasi cahya nu penting pikeun ngaronjatkeun kontrasna. Dina rétinana aya dua titik sél sénsor (katelah fovea), nu gunana pikeun nempo leuwih ka hareup jeung ka tukang. Robahna fokus béda ti panon manusa nu ngatur lénsana, tapi ku jalan ngarobah panon sagemblengna.
Getih balakutak kelirna bulao semu héjo, kusabab ayana protéin hémosianin nu ngandung tambaga, nu pancénna pikeun ngakut oksigén (sawanda jeung beusi dina hémoglobin dina getih manusa). Getihna dikompa ku tilu jantung nu misah; nu sapasang pikeun ngompa getih kana insang (masing-masing hiji), sedengkeun nu hiji deui pikeun ngompa getih ka sakujur awak lianna. Aliran getih balakutak leuwih gancang batan kalolobaan sato lianna, kusabab kamampuh hémosianin pikeun ngabeungkeut oksigén leuwih leutik batan hémoglobin.
Balakutak boga mangsi kawas cumi-cumi jeung gurita. Baheula, mangsi ieu sok dipaké sakalu panyelup nu disebut sépia.
Kadaharan balakutak di antarana mangrupa moluska leutik, keuyeup, susuh, lauk, atawa balakutak lianna. Sedengkeun nu sok ngamangsa balakutak, nyaéta hiu, lauk, jeung balakutak lianna. Hirupna bisa nepi ka dua taun.
Klasifikasi
Aya 119 spésiés balakutak nu ayeuna geus dipikawanoh, digolongkeun kana lima genera. Sepiadariidae ngandung tujuh spésiés jeung 2 genera. Sésana kaasup Sepiidae.
- Kelas Cephalopoda
- Subkelas Nautiloidea: nautilus
- Subkelas
Coleoidea: cumi-cumi,
gurita, balakutak
- Superordo Octopodiformes
- Superordo
Decapodiformes
- Ordo Spirulida: Cumi-cumi Tanduk Ram
- Ordo Sepiida: balakutak
- Kulawarga Sepiadariidae
- Kulawarga Sepiidae
- Ordo Sepiolida: cumi-cumi buntet
- Ordo Teuthida: cumi-cumi
Katuangan
Balakutak ilahar dituang ku masarakat Méditerania jeung Asia. Di Itali, balakutak dipaké dina Risotto Nero, atawa mun di Kroasia mah disebutna téh Crni Rižot. Ciri katuangan ieu taya lian ti rasa jeung panémbong tina 'mangsi'na anu hideung (nero jeung crni téh hartina 'hideung'). Kitu deui di Spanyol, ayana mangsi ieu nyiptakeun 'rasa laut' anu dipikaresep.
Sastra
Dina dunya sastra, balakutak kawentar alatan judul kumpulan sajak Eugenio Montale nu judulna Tulang Balakutak (Ossi di seppia), medal di Turin taun 1925. Montale, nu gedé di Liguria, wewengkon basisir Laut Méditerania, dileler Hadiah Nobel widang Sastra taun 1975, pikeun ngahirup-huripkeun dunya sastra.
Tumbu kaluar
- TONMO.com: Keeping and Breeding the dwarf cuttlefish Sepia bandensis
- AMAZING CUTTLEFISH - Cephalopods with Natural Camouflage and Sepia Ink
- Cuttlefish husbandry
Baraya,
sim abdi teh BALAKUTAK.
Kukituna manawi aya nu terang dimana pusatna (puseur) tempat anu ngahasilkeun BALAKUTAK sim abdi nyuhunkeun bantosanana, hatur nuhun sateuacana. (pami di bandung mah aya oge di pasar tapi sakedik).
--
sikandar
kumincir.blogspot.com
su.wikipedia.org __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Culture change | Corporate culture | Cell culture |
| Organization culture | Tissue culture |
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe
__,_._,___

