Tos kantos maca tapi pas maca deui asli nyakak abdi mah.. nuhun ah kana ubar baeud na.
 
Salam,
Budyana

rinrin jamrianti <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
ti milis tatanggi.... punten upami tos aya nu posting... :) wilujeung shaum, tos liikurannya... emm janten emut ka kampung

Nah ini dia tes untuk dapat  TOSFL (Test of Sundanese as Foreign 
Language)...Kalo mau lulus harus diatas 550... hehehe..

Angkot
Abdi Kenging iyeu carita ti Rerencangan, pangintun ti rerencangannana
rerencangan. Mangga wae raosan:
Teu di Bandung teu di Tasik, teu di Garut boa ketang di Batam mah
beda.... eta kalakuan kenek angkot dimana wae lamun jojorowokan
nawarkeun jurusan angkotna atawa nanyakeun nu erek turun atawa eureun
ka panumpang sakapeungmah matak piambeukeun, pikabingungeun anu kakara
tapi lamun geus apal mah sok hayang seuri, geura reungeukeun :

"Aceh......Merdeka......Aceh.......Merdeka......!!" jojorowokan
sataker kebek najan hareupeun tangtara atawa pulisi oge moal nepi ka
di tewek da di Bandung mah geus arapaleun lamun kenek eta nawarkeun
angkot jurusan Cicaheum Kebon kalapa ngan rutena ngaliwatan jalan
merdeka jeung jalan aceh

"Binatang.....ada turun.....? ibu......bapa.....binatang......!" tong
waka ambek disebut kitu teh, si kenek nanyakeun bisi aya nu turun di
kebon binatang di jalan taman sari anu kaliwatan ku angkot

Eta di Tasik mah kieu jorowok na teh "sila.......sila.....hiji
deui...!!" lamun seug ninggang ka jalma nu anyar ulin ka Tasik mah
bakal ho'okeun ngadeng jorowok kenek anu ngagantung na lawang panto,
rek teu kitu kumaha atuh....sakitu katingali metetna bet anu dijero
oge diaradu tu'ur ari jojorowokan sila......sila...hiji deui.......?
padahal manehna teh nawarkeun jurusan ka pancasila

Ari di Garut mah karunya ka anu ngarana DANA, kade nya bisi aya baraya
anu ngarana dana tong waka ambek jeung kasigeung lamun ngadenge
jorowok kenek angkot "DANA EGANG....DANA EGANG.........." eta teh
lain moyokan dana pedah leumpangna egang tapi nawarkeun angkot
jurusan Sukadana-Sukaregang

Naek angkot di Bandung deui: Jorowok kenek
ngajorowok.....Supratman... jrut turun panumpang lalaki tengah tuwuh..
Jorowok deui....Raja mantri....jrut Mang Jamal turun...
Rengganis.....jrut Neng Nia turun Teuku Umar....jrut deui lalaki
turun... Na ari celengkeung teh....urang batak ngajorowok... "aku
Rajagukguk tak dipanggil-panggil jadi bila awak turun bah! "

Basa Inggris
Bu Lia teh guru basa Inggris anu katelah the killer ceuk barudak mah.
Barudak awewe mah biasana balageur, beda jeung barudak lalaki nu
borokokok. Unggal bade rengse palajaran, anjeuna sok ngetest murid
muridna.

Poe kahiji: Ayeuna ibu rek ngetest maraneh ihwal irregular verb, anu
bisa ngajawab bener, meunang balik ti heula ! ", saur ibu guru Lia.
"Anu teu bisa, nangtung di hareup nepi ka ibu kaluar ti kantor ! ", si
ibu teh ngancem.

"Fitha, sok sebutkeun contohna irregular verb !", ibu guru Lia naros.
"Bring - brought - brought, hartosna nyandak" "Alus....

Cikan Yogi ! Tong heureuy bae !", si Yogi katelah tukang heureuy.
"Dag - dig - dug, hartosna abdi teu acan ngadamel PR". "Nangtung
dihareup !

Dadan ! "Brang - breng - brong, hartosna emak ngambek di dapur alatan
teu gaduh beas" "Nangtung dihareup!
Dikdik ! "Begang - begeng - begung, hartosna siga awak Datuk
Maringgih " "Nangtung dihareup!
Yusuf ! "Dar - der - dor, hartosna perang di Irak jeung Palestina".
"Nangtung dihareup!
Mahmud ! "Pak - pik - pek, hartosna abdi beberes di bumi ". "Bohong
maneh mah tara beberes .Nangtung dihareup!
Endang ! "Blag - blig - blug, hartosna si Atun diajar leumpang ".
"Nangtung dihareup!
Nandang ! "Brak - brik - brek, hartosna awut-awutan. "Nangtung
dihareup!
Naddy! "Plak - plek - plok, hartosna bararahe". "Masingna ase rehe
atuh! Nangtung dihareup!
Epul ! "Cas - cis - cus , hartosna nyarioskeun batur ". "Nangtung
dihareup! Kabeh baralegug!
Doddy ! " > Si Doddy teh budak nu geumpeuran, titatadi geus ngahodhod
sieuneun ditanya. Ayeuna ditanya pisan ku bu Lia. Bakating ku
geumpeur, ari seduuut .... teh hitut "Brat - bret - brot nyah!?, saur
ibu Lia mayunan : " Kaluar kabeh! ", ibu Lia bendu


rinrin jamrianti
pt. aur
jl ciawi - sukabumi km. 6,5
caringin - bogor 16720

Yahoo! Messenger with Voice. Make PC-to-Phone Calls to the US (and 30+ countries) for 2ยข/min or less.


All-new Yahoo! Mail - Fire up a more powerful email and get things done faster. __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke