Ngeunaan paguron luhur ....

Di Jepang ngaran paguron luhur negeri pakait jeung tempat, ilaharna 
ngaran propinsi (ken dina basa Jepang). Hal ieu cenah dumasar kana 
sumber dana nu ngabayuan eta universitas. Kabehdieunakeun 
universitas nu boga propinsi ieu dijadikeun universitas nasional. 
Kaayeunakeun di-BHMN keun siga sababaraha universitas di urang.

Salian ti universitas propinsi aya oge universitas nu boga 
kotamadya, oge universitas swasta sejen, ngan ilaharna pakait jeung 
ngaran tempat di mana universitas eta ngadeg. Saperti universitasna 
kang Miki (Mikihiro Moriyama - di dieu disebutna Moriyama Sensei), 
nyaeta Universitas Nanzan, ayana di Nanzan (Gunung Kidul) kota 
Nagoya, jadi meureun nu di Indonesia keun mah ... Universitas Gunung 
Kidul .. he .. he ..

Nu beda keur mahasiswa, asing utamana, basa keur universitas 
propinsi atawa nasional, biaya sakola bisa disebutkeun gratis. Dina 
aturanna kumaha meunang tina "keringanan" biaya sakola, disebutna 
menjyou, sanajan kitu bisa disebutkan sakabeh nu ngusulkeun menjyou 
teu mayar biaya sakola. Jadi, harita mah mun hayang sakola, asal aya 
keur mayar duit asup, saterusna mah sakola gratis, teu apal saha nu 
mangmayarkeun.

Sanggeus jadi BHMN, nu ngusulkeun menjyou teu sakabehna meunang 
karinganan biaya sakola, tur maksimal meunang karinganan teh 
satengahna tina biaya sakola. Dina meunangna oge, ilaharna apal saha 
nu mangmayarkeun. Kaayaan ieu oge nu nyababkeun rada ngurangan urang 
Indonesia nu sakola di Jepang make biaya sorangan. 

Nu asana rada seragam oge di Malaysia, sakabeh universitas make 
kecap Malaysia, Universiti Teknologi Malaysia, Universiti Kebangsaan 
Malaysia jst. Duka teuing pedah naon ....

budhi
kurono kopo 241


--- In [email protected], "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Perkara panjangna KUSnet deui,
> 
> Paguron Luhur
> Sabenerna (teu sabenerna ketang, ngan kira2), baheulana mah basa 
konsep
> pikeun Universitas Padjajaran teh nyaeta Universitas Negeri Jawa 
Barat. Di
> urang kalolobana make merek ti ngaran karajaan atawa tokoh penting 
atawa
> dipentingkeun di hiji tempat jaman baheula. Pikeun pangeling-
eling. UGM,
> universitas gajah mada, sanajan karajaan majapahit mah di jawa 
timur. Di
> semarang aya undip, bari jeung diponegoro mah di Yogya. Nginjeum 
kaci. Di
> Bogor aya Univ. Djuanda, di Tasik aya Unsil. Beda jeung di amrik 
atawa
> tempat sejen, ngaran provinsi atawa state nu jadi tempat kampus 
langsung 
> dipake pikeun universitas. Cara di Amrik, Inggris, 
Jerman,Skandinavia,
> Russia, jst. Diurang oge aya hiji dua nu langsung make ngaran 
tempat. Cara
> Universitas Sumatera Utara (USU) Medan, Univ. Negeri Lampung, UN 
Malang,
> UN Solo (sanajan resmina mah, UN Sebelas Maret, dina raraga 
mieling 11
> Maret supersemar tea meureun atawa serangan fajar ka jogya versi 
Suharto),
> universitas mataram di lombok, jsb. Beh dieu aya nu langsung make 
ngaran
> tempat, cara urut IKIP, kabeh dirobah jadi UN + ngaran tempat 
kacuali IKIP
> Bandung, nu jadi UPI, sabab cenah IKIP Bandung teh IKIP nu 
munggaran di
> ieu nagreg. Kukituna kaci mun reueus yen Indonesia mimitina ti 
Bandung.
> Teu percaya? IKIP Bandung teu jadi UNB, tapi UPI. Haha..
> 
> Cag.
> 
> mj
> 
> http://geocities.com/mangjamal
>





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke