Plaket bin Layang Pangajen tos rengse, didamelna tina kuningan anu dibulen ku resin, janten moal karahaan.
Aya kalepatan nyerat sakedik kedahna kecap "pangjurung" ari ieu diserat "pangrujung" tapi sareretan mah teu patos katingal, eta ge diprotes mung kumaha waktosna tos samporet pisan, janten we ditampi kalawan rada mentegeg.
Plaket teh aya opat, kanggo  :
1. Ki Akis Juru pantun ti Desa Baros Arjasari Banjaran Bandung, yuswana tos 83 taun.
2. Pa Warma juru kunci situs Jatigede sareng sabudeureunana, upami janten bendungan Jatigede, eta situs engke teh bakal kakelem, yuswana 65 taun.
3. Pa Iding Solihin, kuncen peta Ciela Garut, yuswana 84 taun.
4. Pa Tatang Ruhyana, seniman Hadro ti Bungbulang Garut, yuswana 79 taun.
Tadi wengi ditingalian ku Mang Jamal, Kang Darpan sareng kang Soni, kaleresan ngawangkong di rorompok, pendapat beliow-beliow mah "sae" saurna, malum keur sami sami diajar yeuh...!!
Kang Ndoel....bilih ieu mah, bilih enyaan ngurunyung, kamari teh ngawartosan ka Bandung TV, koran Sunda sareng STV, nya panginten kedah we dietang mah, paling jumlah jamleh 5an 
 
MSasmita
 
 
 
 
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke