Kusnet teh jadi selebritis atuh nya, seueur media nu ngaliput. tadi wengi malah kenging sms ti Kang Deny, cnah metrotv ge bade konfirmasi.
mun kitu mah kudu garaya atuh nya, da bade lebet kana tipi deui.. heu..heu... -dul- --- In [email protected], "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Plaket bin Layang Pangajen tos rengse, didamelna tina kuningan anu dibulen ku resin, janten moal karahaan. > Aya kalepatan nyerat sakedik kedahna kecap "pangjurung" ari ieu diserat "pangrujung" tapi sareretan mah teu patos katingal, eta ge diprotes mung kumaha waktosna tos samporet pisan, janten we ditampi kalawan rada mentegeg. > Plaket teh aya opat, kanggo : > 1. Ki Akis Juru pantun ti Desa Baros Arjasari Banjaran Bandung, yuswana tos 83 taun. > 2. Pa Warma juru kunci situs Jatigede sareng sabudeureunana, upami janten bendungan Jatigede, eta situs engke teh bakal kakelem, yuswana 65 taun. > 3. Pa Iding Solihin, kuncen peta Ciela Garut, yuswana 84 taun. > 4. Pa Tatang Ruhyana, seniman Hadro ti Bungbulang Garut, yuswana 79 taun. > Tadi wengi ditingalian ku Mang Jamal, Kang Darpan sareng kang Soni, kaleresan ngawangkong di rorompok, pendapat beliow-beliow mah "sae" saurna, malum keur sami sami diajar yeuh...!! > Kang Ndoel....bilih ieu mah, bilih enyaan ngurunyung, kamari teh ngawartosan ka Bandung TV, koran Sunda sareng STV, nya panginten kedah we dietang mah, paling jumlah jamleh 5an > > MSasmita > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

