kaayaan lembur akang teh persis jiga lembur sikuring, banjarasih (sumedang), nu aya di suku pasir balukbuk jeung barunyampay :). jalan masih sirtu nu ayeuna mah kari batuna, keusikna mah ngebul we... eta ge can nepi ka sataun ayana teh. mimitina mah ukur make toktrok batu walungan nu digiles ku stum. cai ge sarua hese!
ayeuna dina usum halodo nu banget hese pisan meunang cai beresih. salah sahiji sumber cai bersih, sumur, saat! aya eta ge sumber sirah cai, ngan rada anggang kudu turun naek tanjakan nu lumayan netek. aya hiji deui ketang, ku alpukahna hiji konglomerat kelas kampung ( teusing ngahina ieu mah heuheu) di tengah lembur alhamdulillah aya hiji tampian umum. caina lumayan herang da nyokot langsung ti sirah cai nu jauhna leuwih ti 7 km, jadi bisa dipake cai keur nginum. tapi debitna teu stabil. malah sering set saatna pisan.
tah geus sababaraha taun, ngaliwatan udunan salelembur ari saukur keur beberesih (awak jeung barang dapur) mah sok aya. ngan teu bisa langsung dipake cai keur taheureun... kudu disaring deui ngarah herang.
--
cita-cita kuring mah, hayang nyaian deui solokan rada gede nu aya di sisi lembur. geus teu kuat hayang boga balong. ngan geuning teu nyaho kudu kumaha! padahal jigana lembur teh baheulana mah sugih ku cai!
cek bapa, lembur kuring baheulana urut kebon enteh (keur jaman normal baheula). nya nu kabayang lembur baheulana pasti jiga margawindu sumedang, atawa ciater subang, atawa punclut bogor, ngabayangkeun teh hejo ngemploh, cai curcor ting geuleuyeung nuju muara. sesana kebon enteh masih aya, lembur tatangga aya nu ngaranna bedeng, imah panjang paranti cicing buruh kebon nteh. terus jaman keur leutik mah masih loba tangkal nteh, ngan ayeuna asana geus musnah pisan.
jaman enteh, masih cek bapa, ganti ku jaman haramay basa jepang nyilihkeun walanda. tah ieu mah teu kabayangkeun pisan, da teu apal-apal oge kanu ngaranna haramay. terus di jaman kamerdekaan, cenah tangkal nu ngageugeuh lemah lembur teh ganti deui jadi dapuran sereh. lembur teh jadi produsen minyak sereh, ruruntukna deui-deui ngaran tempat. tonggoheun lembur aya hiji tegalan nu dingaranan 'pabrik sereh'...
ayeuna kaayaan lembur teu nyesakeun tangkal naon-naon. pasir kari bulistir, leuweung negalan...
hese pisan hayang ngahejokeun deui. kamari lebaran ngobrol jeung tatangga nu kungsi jadi aparat desa. geuning tanah lain bogana urang lembur! cenah mah boga pangsiunan tangtara nu lolobana nganjrek di dayeuh bandung, nu tara pisan nempo kaayaan tanahna. ieu hiji hal nu jadi kendala, da lamun tanah geus kapimilik ku urang lembur mah biasana sok rempek ku tatangkalan.
aya deui kendala, nyaeta pengetahuan urang lembur nu kurang tina mangfaat hejona leuweung. kabeneran lembur kuring salah sahiji nu asup kana proyek penghijauan nu aya hubunganan jeung megaproyek bendungan jatigede. tadina mah aya harepan sabudereun lembur ngemploh deui. ngan aya ku edas, tangkal teu kaur gede da kalahka dituaran.
eh naha jadi ngacapruk nya, punten ah... sakieu we..
dh
On 11/2/06, beni sarbini <[EMAIL PROTECTED]
> wrote:
Assalaamu'alaikum Sadayana...baraya sadayana, kaleresan sim kuring teh gaduh lembur di garut. Tempatna tebih pisan ti puseur dayeuh kecamatan oge. upami dikategorikeun mah...Desa tertinggal...
--
::daluangmahtipapadaurang:: __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Culture change | Corporate culture | Cell culture |
| Organization culture | Tissue culture |
Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe
__,_._,___

