Ngring mairan. Rarasaan mah artikel Julia teh lain soal Jilbabna, 
ngan ngamasalahkeun kunaon dijieun aturan ku pamarentah lokal yen  
wanoja kudu dijilbab? Kang Malki nyalira anu nyutat artikel Julia, nu 
nyebutkeun jaman Orba aya aturan teu meunang dijilbab. Tulisan ieu 
nunjukkeun Julia oge HENTEU SATUJU aya aturan nu ngalarang wanoja 
dijilbab. Sabab ngalanggar kabebasan manusa nu dijamin ku kontitusi 
nagara urang. Make analogi nu sarua, aturan/ undang-undang  kudu make 
jilbab oge, sarua ngalanggar kabebasan manusa. 

Perkawis jilbab, sanajan kuring awam dina soal dalil-dalil, tapi 
kuring terang aya ulama-ulama nu teu ngawajibkeun dijilbab, contona 
Quraish Shihab, nu anakna Najwa Shihab unggal poe nonghol dina TV teu 
dikurudung. Kitu deui presenter wanoja urang Arab di Televisi AL 
Jazeera atawa Al Arabia, nu waktu perang teluk, siaranana di relay ku 
stasiun TV di urang, maranehna marake pakean barat, teu make 
jilbab ...komo cadar mah.

Sholat ngan tilu waktu, eta kapangaruhan ku aliran Syiah. Urang SYiah 
salatna lima kali, tapi lohor jeung Ashar dihijikeun waktuna, kitu 
deui Maghrib jeung Isa. Jadi nu kaluar ngan tilu waktu. Kuring boga 
software keur ngitung waktu shalat di unggal tempat di dunya ieu. 
Softaware ieu bisa disetel Mazhab naon nu rek dipake. aya LIMA MAZHAB 
disadiakeun ku software ieu. Opat Mazhab, mazhab Sunni (Shafi'i, 
Hanafi, Maliki jeung Hambali). Hiji Mazhab deui, mazhab mayoritas 
Syiah nyaeta JAFARI. Ku kuring dicobaan disetel kana Mazhab Jafari, 
nu kaluar ukur waktu Shalat Shubuh, Lohor jeung Maghrib. Tadina 
kuring nyangka softawe ieu salah, tapi sanggeus tunyu-tanya, memang 
bener urang Syiah mah ngan "Tilu Waktu" Shalat.

Jadi? .... saha nu tiasa masihan "pencerahan" ka kuring, kunaon teu 
saragam kitu? kunaon poe lebaran beda? kunaon mazhab Hanafi, lamun 
awewe kawin teu kudu make wali?. Mana nu bener? ..... hese pan, 
tuntungna gumantung ka pribadi-pribadi, rek milih nu mana, nu cocog 
jeung hatena. Naha nagara/ pamarentah lokal bet rek "ngamonopoli" 
tafsiran?

Baktos,
WALUYA 

--- In [email protected], "malki_tea" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 "Orde Baru, misalnya, 
> terkenal karena usahanya untuk memaksakan keseragaman. Sekarang, 
> delapan tahun setelah mundurnya Soeharto, elit baru dalam 
pemerintahan
> lokal kita kembali melakukan hal yang sama, kali ini dengan 
> menggunakan peraturan yang diilhami Islam untuk memaksakan 
> keseragaman. Kali ini bukan lagi keseragaman ala militer tetapi 
> jilbab (selendang penutup kepala) dan "pakaian Muslim" dengan 
memaksa 
> perempuan mengenakannya. Dan seperti halnya Orde Baru, walau tanpa 
> paksaan, ada tekanan untuk mematuhinya. Apa yang katanya merupakan
> "pakaian Muslim" telah menjadi sebuah "seragam" baru yang 
dipaksakan 
> oleh sekelompok otoriter baru." janteun, 




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke