Perkawis HAM heula, atawa agama heula, kuring mah teu pati ngarti. Ngan nu jelas, UUD nagara urang/kontitusi ngajamin HAM. Salah sahijina soal KAYAKINAN. Jilbab sanes soal kasaean atawa kagorengan, tapi masalah KAYAKINAN. Nu dijilbab teu meunang dilarang, tapi oge teu meunang maksa kanu teu make jilbab. Upama pamerentah nyieun UU/ aturan ngalarang/ maksa make Jilbab, pamarentah ngalanggar kontitusi. Padahal pamarentah (ti Presiden tepi ka PNS panghandapna), DISUMPAH satia kana kontitusi (UUD 45). Pamarentah nu ngalanggar kontitusi sakuduna "bubar" (Presiden kudu turun!). Jalma nu teu satuju kana kontitusi, mangga ngadamel partey, ngiring pemilu. Lamun meunang PEMILU mangga robah kontitusina. Tapi lamun teu meunang, nya wayahna ...
Soal conto Quraish Shibab nu ceuk kang Malki teu pas. kuring mah rada ngahuleng, soalna waktu bulan puasa pak Shihab mucunghul dina TV unggal waktu sahur dina acara Tafsir Al Misbah dina Metro TV. Mana kitu oge manehna "dianggap" ulama. Kuring mah teu bisa nganiley Pak Shihab atawa ulama nu teu sapamadegan jeung Pak Shibab salah atawa bener. Da sadayana oge para ahli, ahli dina dalil jeung dalih! SOal sholat "tilu waktu" urang Sasak. Memang kuring kurang nambahan kecap "sigana". Jadi kumplitna kieu "sigana kapangaruhan ku Syiah". Upami kang Malki asisten dosenna urang Iran nu pangagem Syiah, nya mangga taroskeun ka dosen kang Malki. Kuring mah panasaran naha program SALAT.EXE nu mimiti dikirim ku baraya KUSNET baheula nu oge bisa di download di alamat ieu: (http://www.geocities.com/SiliconValley/Vista/9311) salah atawa bener? Baheula aya baraya KUSNET, nu rada deukeut ka aliran Syiah. Manehna percaya pisan Islam nu asup ka Indonesia teh, Mimitina Islam aliran Syiah. Manehna mere conto kumaha mithos-mithos nu aya di Urang Sunda nu nyebut2 KiangSantang jeung Sayidina Ali. Oge soal tradisi nu maot tiluna, tujuhna jeung 40 poena, ceuk manehna ieu teh tradisi Islam Syiah. Sajarahna, cenah baheula teh loba urang Syiah nu ditandasa /dikakaya di Tanah Arab, nya lalumpatan, tepi ka ngalalanjrek didieu. Tah .... umpama wae, hipotesis ieu bener, aya kamungkinan "shalat tilu waktu" di Lombok teh, "sesana". Tangtu wae acan tangtu bener, tapi kuduna mah nu nalungtik kabiasaan masyarakat ieu, ningali oge asal-usulna/sajarahna. Ukur nyalah-nyalahkeun bari teu terang kasang-tukangna, moal nganggeuskeun masalah ... Pamandegan kuring mah jelas ti baheula keneh, ti saprakna sok ngilu diskusi di Kusnet oge : teu satuju puksu-paksa dina soal jilbab. Nya upami kang Malki teu sapamadegan mah, mangga teh teuing ..... Baktos, WALUYA --- In [email protected], "malki_tea" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > oh kang waluya ngiring mairan yeuh sae pisan atuh, aya patarosan > kangge akang sateuacan ngawaler kana patarosanana, kieu naha sae > atanapi goreng upami aya pamarentah bade ngagawean nu diilhami ku > agama? cobi diemut deui naha leureus atanapi goreng lamun aya > pamarentah miwarang kana kasaean? naha kalakuan pamarentah nu sok > miwarang kana kasaean, contohna sina awewe ngange acuk sing buni > (lamun akang waluya gaduh pandapat yen jilbab sanes kasaean, tapi > sebat lah kagorangan) bakal disebat ngaruksak jeung ngabatasi hak > asasi? kumargi akang mawa2 HAM, tiasa dijentrekeun kumaha hubunganana > antawis HAM jeung agama, naha agama nu ngajeulaskeun (NGA-TEKS- KEUN) > kana HAM atanapi sabalikna (HAM NGA-KONTEKS-KEUN AGAMA)? saleresna > dina tulisan Julia aya parbedaan nu gede pisan zaman ORBA jeung zaman > ayeuna, zaman ORBA ngalarang sagala parkara pedah benci kana nu bau- > bau agama, ari ayeuna mah alus pisan aya kasadaran (saeutik keneh) ti > pamarentah kudu awewe make baju sing buni (alias make tiung), > walaupun (basa sunda na naon?) loba keneh nu kudu dibeneurkeun. tah > eta tulisan tina Julia. meureun kitu? sateurasna, kang waluya upami > bade masihan contoh atuh anu pas, perkawis quraish shihab boga > pandapat jeung nyontohkeun anakna teu make tiung sanes nu wijaksana, > keur mah beda jeung pandapat mayoritas (jumhur ulama) bari salah? > piowarang ngaos deui. teras loba presenter orang arab teu make Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

