On 11/6/06, Eko Ruska Nugraha <[EMAIL PROTECTED] > wrote:Upami mules mah geura ngaleueut cai teh anu pait insya lloh rada sakinten...kuring oge boga pangalaman siga kieu ngan moal dicaritakeun ah he he.....
naha? busiat? hihi
aduh, punten ah
ERN
On 11/6/06, aqis fairuz <[EMAIL PROTECTED] > wrote:Aduh eta meuni nepikeun kapias kitu....sareng eta kesang meuni ngoprot bakating ku nahan nu bade kaluar, untungna we teu janten angkat cobi mun janten angkat tiasa kababayan dina beus.geura......hahahahhaaaa.simkuring ge kantos kang .... ngalaman siga kitu, harita mah simkuring nalika wangsul ti Pekanbaru, ari angkat ti lembur kana kapal ngapung ari wangsulna kana beus da kaleresan teu kabagean tiket, bari sakantenan hoyong ninggal lalampahan salami di perjalanan, harita emut keneh simkuring teh naek beus nu ka Bandung ngangge Karamat Jati,. Bari ngantosan beus miang teh simkuring pirajeuneun jajan sate Padang da eta kabita ningali batur siga nu ponyo, jam 7 wengi beus miang ti Pekanbaru , teu karasa lalampahan 3 jam teh ari bari ngobrol mah komo deui ieu jeung wanoja gigireun manehna sarua rek ka bandung nepungan adina nu keur sakola. bari ngobrol ngaler ngidul jeung maneha barang ngaliwatan jalan nu pungkal pengkol beuteung mimiti karasa mules siga nu hayang menta dikaluarkeun bari ditahan tahan diuk teu ngeunah cicing elekesekeng atuh si eta wanoja teh nanya kunaon cenah ...? kukuring dijawab ieu beuteung mules cekeng teh karasa, eta meureun tadi dahar sate padang, ceuk manehna , enya meureun da beuteung urang sumatra mah beda jeung urang jawa ceuk kuring bari angger nahan beuteung asa beuki nyelek ieu karasana ,kusiwel manehna ngaluarkeun minyak gosok tuluy dibikeun kakuring bari nyarita cobian we di gosok da sakeudeung deui ge istirahat di rumah makan ceuk manehna , kesang mimiti ngoprot bakating ku nahan si atah adol hayang kaluar , kuring ngalieuk ka tukang kabeneran aya rohangan leutik paragi kahampangan panumpang, nya kuring katukang cekeng teh bari ngontrol naha aya caian /henteu barang ditingali aya cai mah rada reug reug, tuluy kuring diuk deui bari teu ngeunah diuk ngawangkong oge jadi ngacapruk teu puguh da bari nahan mules beteung mah beuki dieu asa beuki nyedek ieu si atah adol teh atuh kuring buru buru ka tukang blus asup ka wc. meunang sabaraha lila mah kuring di jero wc bari sakalian miceun .............. na da eta mah barang kaluar si supir ngomong make basa sunda da manehnan urang sunda disangkana kuring lain urang sunda pokna teh, cing atuh euy ari hayang ....( punten ) MODOL teh ngomong ceuk manehna kuring rada era oge ku kabeh panumpang sabab ampir kabeh narutupan irung , teuing kunaon tah.......??? barang diuk si wanoja gigireun batur sabangku teh nanya , kumaha tos plong ayeuna mah ? kuring ngajawab bari rada era alhamdulillah cekeng teh , tuluy kuring pura pura sare bari nahan wirang ku batur saperjalanan bari ngadedengekeun pada ngaromongkeun . aahhh keun bae ceuk kuring na jero hate da teu wawuh ieuh.. ngan teu kungsi lila beuteung mimiti karasa deui . aduh cekengteh kumaha yeuh,,,, maenya kudu ka wc deui mah nyiar nyiar di carekan ku batur yeuh. ..ras inget kana omongan si supir tadi. atuh kuring era era ge nyampeurkeun ka supir bari nanya dupi istirahat lami keneh ? naha bade naon kitu , bade miceun deui ? ceuk supir . muhun kang... nya ke antosan dipayun urang milari leuweung jawab manehna, tuluy kuring balik deui diuk bari nahan mules beuteung, teu kungsi lila si supir ngagorowok tarik naker ... sok saha nu bade miceun sakantenan . atuh kuring tuturubun turun tina beus bari teu poho mawa cai aqua 2 botol gede , barang turun kuring luak lieuk naha ieu mah cekeng teh di leuweung sawit mana poek mongkleng , panumpang nu lain oge sarua pada turun sakalian aya nu kahampangan nu udud wae aya . tuluy kuring luak lieuk milarian nu nyingkur sanggeus rengse miceun hajat buru buru naek deui kana beus. bari ahte mah rada angger hariwang sieun engke mules deui.......Buah tomat dicampur peuteuy.......Tamat Euy....kitu lalakon kuring basa lalampahan mulang ti sumatra kana beus....YanTo.....nuampirkababayandinacalana
----- Original Message ----
From: ika mardiah < [EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Sunday, November 5, 2006 4:55:22 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] HBH, punten abdi teu tiasa sumping !
Mugia enggal damang, seueur nginum, oge tiasa nginum norit supados racun tiasa dinetralisir. Upami teras-terasan mah kedah ka dokter. Komo upami tos 3 dinten teu rerep wae.Mugia urang tiasa tepang di HBH taun payun, sugan aya keneh yuswa.Baktos,-ika-
----- Original Message ----
From: Yugi Budiana Malik <yugibudianamalik@ yahoo.com>
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
Sent: Sunday, November 5, 2006 2:22:58 PM
Subject: [Urang Sunda] HBH, punten abdi teu tiasa sumping !
Assalamu'alaikum wr wb
Pangampunten ka sadayana wargi KUSnet, utamina mah ka Tukang
wawar 'Kang Ndoell', pamangku hajatan 'Apih Siddiq' sareng ka
sadayana panitia nu teu tiasa disebat hiji-hiji, rehna sim kuring
teu janten sumping ka acara HBH di Pasantren Keresek-Cibatu- Garut,
kumargi kaleresan abdi katarajang 'panyawat patuangan'.
Saleresna ti anggalna keneh sim kuring tos nganiatan bade sumping,
mung panginten bade dikumaha deui, dina waktosna sim kuring nampi
halangan. Malah kantos Jum'at wengi abdi kantos ngebel kang Runa
naroskeun perkawis rute ka ditu teh. Mung dina waktosna, dinten
jum'at tabuh 7 enjing. Abdi teh tos dugi ka Kp. Rambutan jeung dugi
ka kantos naek beus Karunia Bakti Jakarta - Garut. Mung eta ti
ngawitan gugah dugi ka danget eta, tos 5 kali ulang anting wae ka
cai. Awak geus karasa capek jeung leleus. Dina beus teh tos teu
genah cicing, 'helekesehe, prat prot ngesang nanahan nu hayang ka
luar. Di terminal wae abdi teh tos 2 kali ka Toilet Umum, kahiji pas
datang trus nu ka 2 pas erek naek beus. "Duh kumaha ieu teh,
kacipta mung kuring hayang miceun keur dina beus, pan perjalanan ka
Garut teh rada jauh. Kuring bisa kababayan dina calana, kacipta
wiwirangna kuring" Nya alusna teh beus teh muter deui ka Kp.
Rambutan da penumpangna masih keneh saeutik. Nya kuring teh
mutuskeun balik we ka imah, da dituluykeun oge sieun matak
ngamudhorotkeun ka batur. Jeung awak karasa leleus. Nya saterusna
mah kuring teh turun, bari beteung rame 'geur-geuran jeung
(punten) 'bool' mpot-mpotan.
Tah kitu baraya kajantenan nu ka aranapan ku sim kuring nalika bade
ka Garut. Kumargi katarajang panyawat katuangan, sim kuring teu cios
sumping ka HBH, padahal mah kuring teh hayang pisan ngahadiranna, da
bade dikumaha atuh da kaayaan kuring kieu. Dugi ka e-mail ieu di
posting, abdi masih keneh teu acan normal. Mugia ka sadayana baraya
KUSnet tiasa ngamaklum. Sakali deui hampunten nu kasuhun.
--
wassalam
__._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Culture change | Corporate culture | Cell culture |
| Organization culture | Tissue culture |
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe
__,_._,___

