Assalamualaikum, wr.wb
Sanaos telat ka sadaya para wargi, wilujeng boboran
deui…sun! Hapunten sadaya kalelepatan miwah
kaluluputan. 

Nyanggakeun dongeng kampung. Ieu kutrat-kotret khusus
kanggo kawargian nonoman sunda, nu tos sepuh mah cekap
ngilo mungkul sabab moal kahontal midamelna sareng
dina hasilna sok kirang gunana kanggo bekel Jayana
sakabeh sunda ….wah ma enya?  Ih puguh… enya?

Baktosna
Eddy Nugraha

==================================

TAPA: SUMANGET KAUM AHNAF  KEUR JAYANA SUNDA
Eddy Nugraha

Panganteur

I

Saha Kaum Ahnaf the jeung naon ketakna? 
Kaum Ahnaf teh sesebutan keur jalma-jalma jaman
baheula di Mekah nu nuluykeun ajaran Sang Hanif
Halilullah Ibrahim as. Ceuk cenah (tina sajarah) ieu
jalma-jalma nu harita kaasup kaum minoritas di Mekah
teh sok resep nyingkurkeun maneh ka gunung-gunung, ka
guha-guha, ka tegal-tegal keusik jeung ka
tempat-tempat lain nu jauh ti jalma rea (masarakat
Mekah jaman jahiliyyah harita) pikeun neangan 
‘tuduh/caang/enlighting/pencerahan’ ti nu Murbeng
alam, di sunda mah sok disebut tatapa atawa nyepi.
Sang al Amin Sayyidina Muhammad kakocapkeun nuju anom
keneh sateuacan janten Nabi mangrupikeun salah sawios
diantawis kaum Ahnaf, mantenna sok resep nyingkur
khalwat di guha Hira nu aya di luhur gunung. Malih
saatos janten kaNabianana ge, ieu hataman nabiyyin teh
disebatkeun ku Allah dina Qur’an leres leres Millatu
Ibrahim (kaum Ahnaf).  

Harita jaman kaum Ahnaf ieu kasebut, tanah Mekah jeung
Arab umumna disebut aya dina jaman jahilliyah (poek).
Kajahiliyahan ieu seuweu Semit  (turunan putra Kahiji
Nuh as) teh lain pedah masih frimitif tapi malah
ekonomi jeung budayana kasebut maju tur geus
‘kompleks’. Mekah ngarupakeun puser agama/ekonomi keur
urang Arab. Sabab Kahiji, ngarupakeun tempat ayana
Ka’bah sesa-sesa ajaran tauhid Ibrahim as nu diaku ku
Yahudi jeung Nasrani.  Ka dua, di Mekah aya Hajar
Aswad (batu hideung) nu jadi pusat ibadah batu bangsa
Arab Pagan, jeung umumna seuweu siwi Semit, nu percaya
yen guha-guha atawa batu-batu dianggap suci jeung boga
kakuatan atawa barakah, Sayidina Muhammad ge cenah sok
kersa nyiuman batu hideung eta. Sanajan kitu, ieu
bangsa Quraish harita dikepung ku pangaruh
bangsa-bangsa Ajam non-Arab sabudeureunna nu leuwih
maju/modern boh agama (Yahudi, Nasrani) boh
budaya/politikna (Romawi ti kulon jeung Persia ti
wetan).

Di Jaman Jahilliyyah (poek) euweuh cahara ieu, (1)
tatar Arab nu subur kayaning Yaman dikawasa ku bangsa
deungeun (Persia);  (2) Budaya anyar nu asup ka
jazirah Arab ngarupakeun budaya individualisme nu
ngarusak tradisi komunal. (3) Urang Mekah leuwih agul
ka nu aya di deungeun-deungeun; loba saudagar/ urang
Mekah nu geus ulin ka luar nagri kayaning ka Thaif,
Suriah jeung Irak sok leuwih muji bangsa deungeun;
dina baralikna teh sok agul nyararitakeun dongeng
dongeng aheng ngeunaan leuwih majuna adab bangsa
deungeun ti bangsana sorangan. (4) Muru’ah atawa
aturan nu geus heubeul di Mekah aya jadi teu saluyu
deui jeung kabutuh + kahayang maranehna, bari
pacengkadan antara maranehna terus terusan aya (Perang
antar suku). (5) Urang Arab jeung sabangsa seuweuna
loba teu alakur, nu dina seuh-seuhanana
marentingkeun/ngaheulakeun dulur jeung baladna
sorangan (kasukuan). (6) Dulur bangsana loba nu jadi
budak ku bangsana keneh, ari Semah (pendatang, yahudi)
meunang tempat nu leuwih ngeunah/mulya (tingal di
Yathrib memeh Sayidina Muhammad sumping). (7) Sasama
bangsa sering rebutan cai jeung tempat cicing di
sagara keusik, jrrd nu Hal kitu teh bari (8)
ditambah-tambah ku mahabuna pamusyrikan dina kayakinan
tur payakinan  masarakatna.

Untungna kaayaan Jahiliyyah di Mekah kasuaikeun ku
hasil padamelan salah saurang kaum Ahnaf nu jenengan
Muhammad. Tina hasil sering nyingkurkeun maneh
tatapa/nyepi di guha, Sang Al Amin Muhammad saw hiji
waktos kasinugrahan, kapasihan tuduh disarengan
kamampuh pikeun ngomean akhlak umat ningkatkeun
dangiang Nagri. Hasilna geus pada terang sadunya yen
dina waktu ngan 23 taun  eta hasil tatapa di mandala
Hira teh hasil ditapakeun di masarakatna (tapa
dinagara). Ku kitu teh ngajadikeun jalma-jalma
jaratnika bangsa-bangsa ajam didunya kaasup di sunda
kabitaeun, anut nurut nuturkeun hasil tina tatapa Sang
Mursalin (agama Islam) di mandala hira, bari oge
nyebarkeun agemanna ka seler bangsana, atuh dangiang
Sang rahmatan lil alamin langkung-langkung kawangikeun
ampir ka sakuliah dunya tug dugi ka ayeuna. 

Ari nu lain osok migawe tapa kawas kaum Ahnaf?

II

Tatapa nyingkurkeun maneh dipilampah ku loba-loba
jalma utama

(teraskeuneun)



 
____________________________________________________________________________________
Yahoo! Music Unlimited
Access over 1 million songs.
http://music.yahoo.com/unlimited


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke