Kang Norman, buku eta mah teu aya, engke upami mendak tangtos ngawartosan, tapi upami anu medalkeunana ti majelis ta'lim mah biasana edisi terbatas, tapi keun urang milarian sugan we mendak di pasar buku.
Nu aya Layang Muslimin Muslimat eta ge fotocopyna, tos teu patos jelas, duka fotokopi turunan kasabaraha, eusina ngaharib harib kana tasauf mistik islam.
 
MSasmita
 
----- Original Message -----
From: Norman
Sent: Wednesday, November 08, 2006 1:24 PM
Subject: [Urang Sunda] Nyuhunkeun tulung

Kahatur kasadaya baraya utamina anu aya di Bandung sareng khususon ka kersana ua Sas (gudang buku) manawi aya atanapi uninga buku anu judulna "Tasauf Mistik Islam" taun 1982/83? ngangge basa sunda anu ngarang sareng medalkeunana hilap (saurna anu gaduh pasantren/majlis ta'lim) di Bandung duka dimana di Bandungna, buku na tos lami ditambut ku santri di Cianjur teu di uihkeun ayeuna hoyong maca deui tapi kedah kamana milarina, margi kaleresan abdi kenging ti rerencangan abdi waktos sama sami damel di majalah Motor80 di Jakarta taun 1984 (kang Odang Danaatmaja? linggih perumahan Kopo).
Hatur nuhun sateuacana.
N norm.

__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke