--- In [email protected], surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Waduh hade pisan baraya....ari anu resep tuung toong > mah eta anu diharepkeun...seueur wawasan...tara > ngahakiman...tara padungdeng dina delman....tiasa > ngajenan sagala pamadegan..lamun ngalempengkeun oge > nganggo atanapi nyebat > referensina..atanapi..mazhabna......
Leres Bah Surtiwa, seratan Kang Agus Wirabudiman seueur keur lenyepaneun. Kaleuwihan Kang Agus Wira, manehna terang Sajarah Islam. Ieu no loba dipopohokeun ku urang ayeuna. Urang kadang-kadang boga anggapan Islam nu ditarima ku urang ti kolot jeung guru/Ustadz teh, teu ngalaman proses anu panjang. Ti jaman Kangjeng Nabi, bleg jleg langsung ka ustadz nu ngajar urang. Padahal Islam teh umurna geus 1400 taun. Salila eta tangtu wae ngalaman sagala rupa. Kang Agus masihan referensi situs-situs soal aliran Syiah. Aya untungna oge upami urang sakali-sakali nganjang ka situs eta, sanes bade ngiringan aliran Syiah, tapi keur wawasan, yen sabenerna Islam teh Prural (jamak) henteu hiji. Syiah diagem ku 30-40% umat Muslim di Dunya ieu. Jadi sanes mazhab alit. Fiqihna oge beda jeung Muslim Sunni. Contona waktu kuring padudengan jeung Kang Malki, kuring nunjukkeun waktu sholat urang Syiah (Mazhab Jafari, Mazhab di Syiah pangageungna) ngan tilu waktu, sanajan sholatna mah lima kali. Tapi Sanggeus lohor langsung Ashar, sanggeus Magrhib langsung Isa. Jama Sholat di Sunni oge biasa, ngan pan di Sunni mah Ngajama teh aya saratna, teu kitu wae asal dihijikeun. Tapi punten, kanu leuwih terang, kuring dikoreksi bisi lepat, maklum lain akhlina .... Baktos, WALUYA

