Sae Juragan,
Kalintang diajeng-ajeng guaranana!
Porenges
Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Partai (Urang) Sunda
Minggu kamari mah ka Bandung. Ngahaja. Rek nyokot hiji buku, aya nu rek
dicutat. Tapi, dikorehan sabaraha kali ge, weleh teu kapanggih. Sigana mah di
Subang. Teuing di Jatiwangi, ketang. Rumasa hirup di jalan. Boga banda teh sok
ancal-ancalan.
Tina pabetekan teh karah manggih Kepartaian dan Parlementaria Indonesia --
wedalan Kementrian Penerangan 1954. Diimeutan deui eusina, utamana
ngaran-ngaran nu nyampak di dinya, tetela -- harita mah -- urang Sunda teh
"harirup" keneh. Atawa, nu leuwih pas, kaayaan nagara urang harita
ngabalukarkeun urang Sunda loba mucunghul. Kaasup dina widang politik atawa
rengrengan pangurus partai politik.
Siga judulna, eusi eta "direktori" teh nya ngeunaan partai-partai nu aya
harita. Nu ngadeg satutasna Maklumat Hatta, maklumat pamarentah ngeunaan partai
politik, November 1945, nu diteken ku Mohammad Hatta. Jumlahna, aya kana 23
partaina. Luyu jeung kaayaan mangsa harita, eta partai teh dikelompokkeun dina
tilu golongan: Asas kebangsaan, agama, jeung sosialisme.
Nu kayungyun: Aya sawatara partai nu bisa disebut partaina urang Sunda
harita. Di antarana, Partai Tani Indonesia (PTI), Partai Persatuan Rakyat
Marhaen (Permai), Partai Republik Indonesia Merdeka (PRIM), jeung Partai
Kebangsaan Indonesia (Parki). Disebut partai (urang) Sunda teh, lain pedah
puseurna aya di Tatar Sunda atawa udagannana nanjeurkeun karaharjaan urang
Sunda. Komo ngadeugkeun Republik Sunda mah. Lain.
Tapi, siga geus disigeung di luhur, pangurus-pangurusna -- kaasup
pimpinannana -- ge lolobana urang Sunda. Malah, Parki mah, sanajan diasupkeun
kana golongan kebangsaan, siga PRIM, Permai atawa PTI pisan; ningali sajarahna,
nya kaitung partai nu "meleg-meleg" (urang) Sunda. Kitu ge, mun urang nganggap
Paguyuban Pasundan bener-bener ngawakilan urang Sunda.
Naon hubungannana? Parki, nu ngadeg jeung muser di Bandung, pakuat-pakait
jeung Paguyuban Pasundan (PP). Malah, jigana, ieu partai teh diparajian ku PP
pisan. Nuduh kitu teh pedah bae dina panganteurna ngeunaan Parki, eta buku
nyabit-nyabit sajarah jeung kamekaran PP mangsa samemeh proklamasi. "Riwayat
Partai Kebangsaan Indonesia (Parki) dimulai dengan pendirian Paguyuban
Pasundan," kitu unina bubuka ngeunaan eta partai.
Malah, dina bagean lian eta prolog, disebutkeun: "Di lain-lain lapangan pada
umumnya Partai Kebangsaan Indonesia melanjutkan usaha-usaha Paguyuban Pasundan
sebelum perang". Dina widang sosial, misalna, Parki neruskeun kagiatan Reksa
Perlaya, badan nu ngurus kapapatenan, nu diadegkeun ku PP saencanna. Pon kitu
deui Parkiwa, sayap wanita eta partai, taya lian ti neruskeun Pasundan Isteri.
(Atawa Pasi neruskeun Parkiwa? Can kapaluruh kumaha satemenna. Ngan, mun teu
salah inget, nurutkeun pangajaran sajarah nukatarima mangsa SMP, Pasi ngadeg
saencan kamerdekaan. Hartina saencan Parki jeung Parkiwana).
Dina widang politik mah geus puguh. Parki pamadegannana taya beda jeung PP.
Di antarana: Nolak ajakan Walanda pikeun rundingan minus RI. Jeung, nu paling
leleb: Ngadesek sangkan pamarentahan Nagara Pasundan dibekukeun. Padahal,
harita, tina 7 menteri nu aya dina kabinet Nagara Pasundan, 4 di antarana urang
Parki.
Nu leuwih aheng manan Parki, keur ukuran kiwari: PTI (Partai Tani Indonesia).
Puseurna lain di Bandung, komo di Jakarta mah. Tapi, di Purwakarta. Sanajan,
kaharti: Harita, Purwakarta jadi puseur Kabupaten Karawang jeung puser
Karesidenan Purwakarta, nu ngawengku...Jakarta! Lian ti kitu, dina
kamekarannana, puseur PTI pindah ka Petojo, Jakarta, nuturkeun padumukan
luluguna.
Ngan, onjoyna ti Parki, PTI leuwih "gaul". Komisarisna lain bae di Tatar
Sunda. Tapi, meuntas nepi ka Kalimantan Barat, Waingapu, Maluku, jeung
Sulawesi. Sanajan, di DPRS harita, maranehna ngan boga hiji wakil: R.
Abdurochman Wangsadikarta, nu oge lulugu eta partai.
Lian ti eta dua partai, aya deui PRIM (Partai Republik Indonesia Merdeka).
Kelir Sunda ieu partai teu beda ti Parki: Rengrengan pangurusna kabeh dicekel
ku urang Sunda. Ilikan bae ngaran-ngaranna: I.Garnida, Partawidjaja,
Armawidjaya, Emen Dasri, Panhur, Juju, Kurdi, jste. Mun Parki kantor pangurus
puserna di Jl.Dalem Kaum, PRIM ngantor di Jl.Suniaraja. Tangtu bae, duanana di
Bandung.
Lian ti nu disebut di luhur, Partai Buruh ge teu leupas tina dominasi urang
Sunda. Ngarang-ngaran sarupaning Tedjasukmana, Sanusi, Bratawijaya, Gojali,
Natakusuma, rentul dina rengrengan pangurus. Boh nu kaasup lulugu atawa
pimpinan, atawa ngan sakadar Ketua Departemen atawa Ketua Komisi.
Pon kitu deui Permai (Partai Persatuan Rakyat Marhaen). Sanajan teu
meleg-meleg "nyunda" siga Parki, malah luluguna ge lain urang Sunda, ieu partai
teh didominasi ku urang Sunda. Ti mimiti Sekjen (I.Rustama) nepi ka
departemen-departemen nu aya meh kabeh dicekel ku urang Sunda. Departemen
Ekonomi, oge Keuangan, misalna, dicekel ku Haji Suja'i, urang Bandung nu harita
oge jeneng jadi anggota DPRDS Kabupaten Bandung. Kitu deui rengrengan Dewan
Penasehat: Dicepeng ku Mei Kartawinata jeung Mr.Iwa Kusumasumantri.
Di PNI, partai panggedena harita, sawatara ngaran Sunda oge ranggeteng dina
rengrengan pangurus atawa Dewan Partai. Ti mimiti Gatot Mangkupradja, Ukar
Bratakusuma, Husein Kartasasmita, nepi ka Ateng Kartanahardja. Kitu deui di
Partai Sosialis Indonesia, nu disebut-sebut partai elit, pedah
anggota-anggotana umumna jalma wedalan sakola (luhur). Di ieu partai, lian ti
Lukman Wiriadinata jeung Makmoen Soemadipradja, di antarana, aya Sastra, urang
Garut nu kataji ku pipikiran Syahrir jeung alona nu nepi ngahaja ngumbara ka
Bandung. (Ayana Sastra, nu ngan lulus Sakola Rakyat, satemenna meupeuskeun
hujah perkara "elitis"na PSI tadi).
Kumaha di partai-partai nu dumasar kana agama? Iwal Aruji Kartawinata nu jadi
lulugu PSII, Syafrudin Prawiranagara nu jadi anggota DPP Masyumi, jeung
Jerman Prawiranata nu jadi salah sahiji wakil Masyumi di parlemen, kuring teu
manggih ngaran Sunda dina rengrengan pangurus partai lianna. Boh di NU atawa
Perti. Geus puguh di Parkindo jeung Partai Katolik mah. Atawa, pedah
ngaran-ngaran nu nyampak di dinya kabeh make ngaran Arab nepi ka kuring teu
bisa nebak sekeselerna? Bisa jadi. Sanajan, mun ningali Perti didominasi ku
urang peuntas, NU ku urang Jawa Timur, asana leuwih asup akal mun urang Sunda
di dua partai Islam eta memang euweuh atawa saeutik pisan.
Patanyaan lianna: Euweuh, atawa saemetna, urang Sunda dina partai-partai
agama ieu naha nunjukkeun urang Sunda sekuler dina pasoalan politik? Atawa,
malah "relijius" pisan: Urang Sunda nu nyantri teu percaya kana politik?
Wallahualam.
Naon bae jawaban satemenna, rentulna urang Sunda dina rengrengan pangurus
partai politik sekuler eta can karuhan pakait jeung peranna. Boh dina
nanjeurkeun Sunda -- mun tea mah aya bari jeung perlu ditanjeurkeun -- boh keur
kamaslahatan jalma loba di luar urang Sunda. Pondokna mah, toongan kuantitatif
tadi can karuhan nembongkeun peran kualitatifna.
Ngan, di luar perkara eta -- lian ti euweuhna ngaran Sunda di renrengan
pangurus PKI (Partai Komunis Indonesia), nu bisa jadi pakait jeung "makmur"na
Sunda jeung "relijiusitas" urang Sunda -- nu matak helok kuring pakait jeung
nami Iwa Kusumasumantri. Ieu inohong nu remen dikaitkeun jeung partai sosialis
Murba teh, namina lain bae nyampak dina rengrengan Permai. Tapi oge dina PTI.
Di eta dua partai, anjeunna didahup janten Penasihat. Padahal, harita, lian ti
janten anggota DPRS, Iwa oge dileler janten Menteri Pertahanan dina Kabinet Ali
Sastroamijoyo.
Kahareup, mun pareng, perkara Iwa ieu -- oge Jerman Prawiranata, Sastra,
jeung sawatara inohong Parki -- urang guar. Lain bae peran politik aranjeuna,
tapi oge tapak lajak para putera sareng putuna dina kahirupan paska 60-an nepi
ka kiwari. Atawa (geus) aya nu rek mitembeyan?
Salemba, 10 Oktober 2005
Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
---------------------------------
Sponsored Link
Mortgage rates near historic lows - Refi $200k loan for only $660/ month -
Click now for info
---------------------------------
Sponsored Link
Don't quit your job - take classes online and earn your degree in 1 year.
Start Today