Sapagodos pisan....utamina kana EWS keur Tsunami jang naon ? Tina ayana EWS kana kajadian Tsunami paling2 oge itungan menit paling lila 1 jam. Ieu pan pasti lamun aya gempa tektonik di laut hasil gerakna lempengan taneuh dasar laut. janten pamarentah kudu avaluasi didaerah mana wae "likelyhood" kajadian tsunami teh. waktos aya hoax di media sareng Internet saparantos gempa Yogya..yen di Teluk Jkarta bakal aya Tsunami....kade parumahan sekitar Ancol, lagoa, pantai kapuk Mutiara...bisa aya Tsunami cenah...Babaturan abdi..kaleresan tukang geol...ngabarakatak...Tsunami ti man...da laut Jawa mah paparan stabil...ceuk abdi teh...Eh tong nyarios kitu anjeun teu acan nyerdaskeun bangsa gaduh elmu ngan dikekewek wae..Pokna teh : " Dosa hampura wae..nu kieu teh can diselami diurang mah" manehna ngutip parnyattan Kepala BMG dina intervie di TV yen mBMG nggeus nyaho bakal aya gem pa ageung di Yogya 11 menit sateu acan kajadian. TV naroskeun kunaon teu diwawarkeun ? Jawabna : " bagaimana kalau ternyat itu tidak ada, kan kita bisa bikin panik semua orang" Kitulah kurang leuwih. Mun kieu iraha bangsa urang rek maju....Naha bangsa teh kudu di gilindingan supaya bisa didorong maju..boa kitu.......
--- oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kang Budhi oge baraya sadaya, > > Ngiring mairan, soal bencana wae heula, bubuhan keur > katindihan ku > tugas-tugas di kantor geus meh 3 minggu. Bane wae > ieu mah kataji ku uran > bencana anu ngarupakeun masalah urang sarerea. > > Bencana gempabumi, tsunami, gunungapi oge tanah urug > (longsor) ceuk PBB, > sakumaha dina modul pelatihan manajemen bencana itu > kaasup bencana geologi > anu sifatna pangjorag (serangan) bencanana ngadadak. > Mangga geura pariosan > dina modul pelatihan ti "Disaster Management > Training Programme" (DMTP), PBB > dina alamat ieu: > http://www.undmtp.org/modules_i.htm ieu modul sae > pisan > diakses ku sadayana anu aya perhatosan kana bencana, > sareng sabagean ageun > informasi di dinya baris kahartos ku masyarakat umum > (lepas tina basa > Indonesia eta tarjamahan anu ceuk kuring mah rada > amburadul). > > Numutkeun PBB, sakumaha dina eta modul, bencana > geologi (gunung bitu, lini, > tsunami jeung tanah longsor), kaasup "bencana > serangan mendadak" anu dina > kaayaan eta lengkah "peringatan dini" atawa "early > warning system" (EWS) teu > efektif, malah dina loba kasus mah bisa disebut teu > aya gunana (tapi hal ieu > oge teu mutlak, kumaha kasusna sewang-sewangan wae, > ngan umumna kitu). > Kusabab kitu, memeh Indonesia mekarkeun atawa > nerapkeun, asana leuwih > efektif upama urang ngalaksanakeun mitigasi > (usaha-usaha ngurangan risiko) > bencana, utamana mitigasi jangka panjang. > > Sakumaha urang terang, ari bencana (kajadian anu > mawa korbana jiwa jeung > harta banda) teh mekar tina bahaya (ancaman bencana, > fenomena alam anu can > mawa korban, karek nyingsieunan) anu patarema jeung > tingkat "kerentanan" > masyarakat (risiko bencana = bahaya x kerentanan). > Tah, usaha mitigasi > bencana jangka panjang teh teu aya sanes nurunkeun > risiko bencana ku cara > nurunkeun "kerentanan" (sabab bahaya mah - utamana > bahaya alam - moal bisa > dihulag (kumaha ngeunahna alam wae). Cara-cara > nurunkeun kerentanan > diantarana ku sosialisasi, ngawanohkeun karakter > bahaya jeung sifat-sifat > bencana anu bisa ditimbulkeun ku eta bahaya, > mikawanoh daerah-daerah anu > hengker (rawan) ngalaman bahaya/bencana, jst. > Tindakan panungtungna nya > ngajauhan sumber-sumber bahaya, kaasup daerah > hengker bencana, atawa > ngaluyukeun budaya jeung karakter alam (bahan jeung > jenis bangunan, > bangunan keur ngalemahkeun panarajang ombak tsunami, > jst). > > Dina raraga mitigasi bencana, budaya urang potensial > pisan dipateakeun > (diberdayakeun). Upamana wae, hasil luha-loho ka > wewengkon Jabar pakidulan, > ti mimiti Cipatujah nepi ka Pangandaran, 5 Agustu > 2006, sanggeus kajadian > bencan tsunami di eta wewengkon, aya sababaraha > tangtungan alam anu bisa > ngahulag datangna bencana (emutkeun: bencana mah > geus ngalibetkeun korban > jiwa jeung, sanenyana, karugianan bisa dikurangan). > Misalna, aya pasir-pasir > (B.Ind: bukit-bukit) hunyudan keusik anu jangkungan > 3 meter nepi ka 5 meter > di basisir Cipatujah, kl 25 meteran ka beungeut cai > laut. Imah-imah anu aya > satukangeun eta pasir salamet pon kitu deui > pangeusina, dina kajadian > tsunami Jabar kidul 17 Juli 2006 anu geus kaliwat. > Sabalikna, imah-imah sisi > laut anu antara eta imah jeung laut teu aya pasir > keusik mah lapur, ancur > pisan oge pangeusina loba anu jadi korban. > Tah...pasir sarupa kitu teh matak > naon upama dijadikeun "kabuyutan" (fisik kabudayaan > jeung ajen inajenna) > satempat anu teu meunang diganggu sabab fungsina > keur nyalametkeun > masyarakat tina panarajang bencana geus kabuktian. > Carana? Bisa wae, > upamana, pupuhu masyarakat di dinya ngayakeun > upacara adat ngukuhkeun eta > jajaran psir-pasir salaku daerah pantrangan > (kabuyutan, tempat angker atawa > karamat) masyarakatna anu teu meunang diganggu gugat > salilana. Hampurana > wae, si kuring leuwih percaya kana lengkah-lengkah > adat/budaya sarupa > kabuyutan tinimbang aturan-aturan, sabab aturan mah > nyaeta, sok gampang > dirempag tea. > > Jadi........sanes teu panuju kana alat canggih EWS, > tapi, keur bangsa jeung > wilayah urang, asa masih keneh aya PR dasar anu kudu > dilakonan samemehna : > sosialisasi ngeunaan bahaya alam jeung sifat-sifat > bencana anu mungkin > ditimbulkeunana. > > Cag, sakitu heula. > > baktosna, > manAR > > > > > > > > On 11/17/06, Budhi Setiawan > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > sigana amrik bade ngajual alat early warning > system, padahal asana teu > > aya panaliti amrik nu "aktif" nalungtik gempa di > ina. kapal-kapal nu > > metakeun "zona subduksi", asana kapal jerman tur > kapal jepang salian ti > > geomarine nu bppt (eh ppgl kitu). > > > > duka pami amrik sieun industri migas na di"hugo > chaves"keun siga kasus > > caltex (ayeuna chevron texaco) nu salah sahiji > lapanganna di riau (rumbai > > kitu), di akuisisi ku pertamina tur bumd riau. > jadi teu kudu hariwang, yen > > mun di bumd-keun bakal dikorupsi, asalna sistimna > geus puguh mah geuning, > > aman-aman wae. di sumsel oge kabupaten muba nu > aktif nga-akuisisi minyak, > > malah batubara tur listrik mah kerja samana jeung > parusahaan ti china. > > > > lumpur "lapindo" oge dina panempo tukang geol mah > kaasup kajadian "mud > > volcano", sabab disebut volcano mangka teu bisa > dieureunkeun, saperti > > kajadian gunung bitu, nu hese ngeureunkeunna lamun > geus kajadian. dina > > panempo ahli minyak, bisa dieureunkeun ku cara > "relief well" alias nyieun > > sumur anyar di gigireunna, duka tah kumaha hasilna > ... ngan geuning nepi ka > > kiwari, lumpurna angger keneh mudal. > > > > budhi > > kurono kopo 241 > > > > On 11/17/06, MRachmat Rawyani > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > > > > > > > > > pengamat hubungan internasional, agenda Bush ka > > > Indonesia "ngamankeun" usaha migas di Indonesia. > > > Sigana tsunami oge jadi salah sahiji eusi agenda > Bush. > > > Ke urang nyaliksik deui ka pengamat > internasional, > > > sugan wae kapendak dina shalat jumat di masigit > > > kampus. > > > > > > rebo kamari teh, aya ceramah ti Dr.Ing. Ir. Rudi > > > Rubiandini R.S. dosen ITB & Ketua MAjelis Ahli > Ikatan > > > Ahli teknik Perminyakan Indonesia, anu janten > ketua > > > Tim penanggulangan Kasus Sidoardjo( Lapindo > Brantas). > > > Hanjakal kuring teu dugi ka ngiring acara > diskusi > > > panelna, jadi teu tiasa ngonfirmasi peranan > pausahaan > > > cina dina kasus Porong Sidoardjo. Soalna rebo > harita > > > aya deui acara pengukuhan Gurubesar FISIP, anu > kedah > > > ditingali (eh.. katewak "dijepret" Kang Hasan > > > Supriadi). > > > > === message truncated === ____________________________________________________________________________________ Sponsored Link Mortgage rates near 39yr lows. $310k for $999/mo. Calculate new payment! www.LowerMyBills.com/lre

