sabanerna mah teu babagi. ngan ukur nyalametkeun. sabab mun kanvasna ngan hiji, panyawat hayang ngalukis aya keneh, sok hayeuh ditambahan. kadang2 jadi teu puguh. tah, kusabab kitu, sok dititipkeun. hehe. bari teu ngarep2 balik deui. di si Ua Sasmita aya oge, duka aya keneh duka henteu. kanvasna keur resep nu leutik harita mah.
kantos gaduh koleksi rada lumayan, aya kana sapuluhna kaligrafi wungkul. rada baradag, aya babaturan sma ka bandung. balikna ngaringkid lukisan kuring. bari sawareh duka kamana da cenah diringkid deui ku baturna. sawareh aya di bumi nini di lembur. basa bumi nini di ruang da pupus, aya tatangga nu ngaringkid lukisan eta. hehe. ayeuna mah -geus rarabi- teu bisa sakahayang meulian kanvas ngalukis kaligrafi atawa nu sejena beurang peuting (padahal ngan kitu jeung kitu we kahayang salila hirup teh). nyieun novel mah soka sering nyesakeun kapeurih atawa hate sok gorowong. duka kunaon. ari ngalukis mah, hate asa pinuh. wareg seubeuh. nu eta mah pikeun milis, jadi dileutikan. ke urang korehan nu gede resolusina di komputer rumah dinas mitoha. mun hoyong aslina mangga gusur ti rajamantri kaler 23 fruit stone . gantian we urut udud keur nyieuna. haha mj http://geocities.com/mangjamal > > his .... na ti iraha aya acara babagi lukisan? na.... kuring teu > kabagean? > asa piraku moal ka bagi ... hehehe > > mang j, resolusina tiasa di ageungan jadi 1024x768? meh tiasa jadi > wallscreen > > NsTAn > > -- > wassalam >

