Biasana mah, lamun geus lila dina dingding di Rajamantri sok terus dibawa ka
Margawangi, cara nu bareto geuning geus lila di Antapani, terus dibawa ka
Margawangi.
Nu ieu ge sigana kitu, keun we engke mun geus rada lila di Rjm, tapi lain
hartina ngadagoan bosen heula, bisi lila teuing.
Heu heu...

MSas


----- Original Message -----
From: "mj" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Thursday, November 16, 2006 9:40 AM
Subject: [Urang Sunda] (lukisan) ayat kursi


>
>
> jorojoy hayang ngalukis. padahal tas lebaran tea, kutud pisans. tapi ari
> geus hayang teh teu bisa ditahan. berebet we ka gramedia da bisa ngiridit.
> meuli kanvas, koas jeung cet. unggal peuting depa hareupeun kanvas
> kaselang jadi bartender susu o'rock.
>
> sigana sumanget 'spiritual' sesa bulan ramdan aya keneh. jadi lukisanana
> kaligrafi. ayat kursi. geus samingguan ieu ngalukis deui. kusabab keur
> boga o' rock, bahana ganti ku cet akrilik, teu ku cat minyak deui siga
> baheula da rada bau minyak. karunya o'rock ke dotna bau minyak.
>
>
> geus anggeus dua, dina kanvas 80x60 asana mah. nu hiji dipenta adi di
> tasik. hiji deui ditangkodkeun dina ieu e-mail. punten we tiasana mung
> model kitu da. bilih di kantor seueur jurig atawa landong keueung, kaci
> dipasang di screensaver. atuh bade dicitak oge mangga.
>
>
> mj
>
> http://geocities.com/mangjamal
>
>


Kirim email ke