(nyutat tina Carita Pantun Panggung Karaton/Ki Atjeng Tamadipura, ngan geus 
ditambah jeung dirobah-robah)

mipir bilik nyasar lincar
neangan carangka jengkol
mipir birit nyasar bujal
neangan sarangka pestol

juru paling ti leuleutik
jadi bangsat ti bubudak
geus jebrog jadi bongkotan
geus kolot jadi gerot
teu maling kagegeringan
teu ngabangsat haharegungan
teu korupsi capa cipi

nuju gaduh kalungguhan 
lugay tina panglinggihan
lungsur tina pangcalikan
ngagedig gandang pertentang
sampoyong gede kahoyong
daweung ngabudi ludeung
bosongot hade amprotan
kapendak prak basilat
murungkut lir bueuk beunang mabuk
moyongkod dagdag degdeg
humaregung alah ieung
carindakdak rambay cimata
rampohpoy diuk ngaheruk
leungit kawani ilang harga diri

los ka tonggoh manggih tando
bras ka lebak manggih badak
ana turun manggih kerud
jig ka kulon manggih londok
jig ka wetan manggih macan
jig ka kaler manggih banteng
jig ka kidul manggih bedul.
tungkul ka lemah diruang raga
tanggah ka langit ninggalkeun raga

ripuh puh puh.
.....liren ah korupsi teh.....!!!

MSasmita

tando : ucing leuweung lamun ngajleng siga nu hiber
kerud : sabangsa maung leutik
bedul : bagong ; oray bedul, matih
basilat : korupsi (ilikan kamus LBSS jeung Hardjadibrata).











Kirim email ke