Wa'alaikum salam,

Mairan sakedik Kang.

Abu Thalib tos ditetepkeun asup ka naraka? Saur saha nya eta teh? Da
asana mah surga jeung naraka mah sampeureun engke, can dibukakeun
ayeuna, kajaba anu nyebutkeun generikna wae saha-saha calon
pangeusina, tapi teu nyebutkeun aran jelemana (kajaba sababaraha tokoh
anu jelas-jelas ditataan dina Al Qur'an).

Upama aya dalilna ceuk hadist, nya apan hadist mah kaputusanana henteu
qot'i. Komo upama eta hadist teh diriwayatkeun ku anu karek asup Islam
dina abad ka 4 Hijriyah alias dina periode Madinah.

Hadist ngeunaan kafir (jeung abus ka naraka)-na Abu Thalib) masih
ngabuka pikeun dipaluruh leuwih jero ku sabab sababaraha alesan. Anu
kahiji, Al Qur'an netelakeun yen anu mu'min jeung anu mumin deui teh
eta duduluran jeung silih tululngan. Moal mungkin hiji Mu'min narima
duduluran dina ngabela agama Alloh ti anu lain mu'min (jeung satemenna
oge, anu lain mu'min moal duduluran jeung moal nulungan ka anu
mu'min). Leuwih moal mungkin deui anu ngalakukeun peta kitu teh
Rosululloh saw salaku pimpinan atawa panghulu jalmi-jalmi anu ariman.
Sabab, upama kajadianana kitu, hartina Rosul teh teu ta'at kana Al
Qur'an. Padahala urang terang pisan, yen Rosul saw teh pangta'atna
kana eusi Al Qur'an (apan Qur'an anu leumpang tea anjeunna teh).

Lamun ceuk Al Qur'an anu mu'min jeung anu mu'min deui teh duduluran
jeung silih tulungan (jeung memang saenyana aya ayat Al Qur'an anu
eusina sarupa kitu), tangtuna oge anu dijadikeun dulur (dina agama) ku
anu mu'min teh nya anu mu'min deui. Komo deui Rosul saw. Tangtuna anu
dijadikeun dulur jeung batur pakumaha ku anjeunna teh nya anu mu'min
deui. Kulantaran Nabi ngajadikeun Abu Tholib salaku walina, anu
"nulunganana" (dina harti syare'at di dunya) sanggeus akina Abdul
Mutholib ngantunkeun, kacindekanana, Abu Tholib teh mu'min.

Kukituna, anu nuturkeun katerangan yen Abu Thalib kafir teh bisa
kaasup kana kategori-kategori kamungkinan sarupa kieu: Kamungkinan
kahiji, teu acan terang yen aya argumen-argumen anu kuat tina Al
Qur'an anu implikasina Abu Thalib teh mu'min. Kamungkinan kadua, geus
paham yen saenyana mah Abu Tholib leuwih pantes kaasup mu'min ngan
leuwih  ngaheulakeun hadist (tinimbang Al Qur'an). Kamungkinan katilu,
nuturkeun kuma ramena pamadegan anu aya di kalangan muslim.

Alesan kadua, patali jeung hadist, jentrena, kritik historis kana
hadist. Urang terang, anu ngariwayatkeun Abu Tholib teu iman teh hiji
perawi hadist anu mashur (di kalangan madzhab tinangtu--tapi teu
ditarima hadist2na di kalangan madzhab beulah ditu), anu lebet Islamna
di abad ka-5 H, hartina: sakurang-kurangna 5 taun saparantos periode
Mekah. Hal ieu ngandung implikasi yen satemenna gede kamungkinan
inyana teu kungsi apal atawa papanggih jeung Abu Tholib sabab Abu
Tholib mah teu kungsi hijrah. Malah gede kamungkinan, inyana oge teu
kungsi papanggih jeung Rosululloh saw nalika anjeunna, Rosul saw keur
aya di Mekah samemeh periode hijrah. Ngandung harti, gede kamungkinan
anu ngarawikeun ieu hadis kafirna Abu Tholib teh saenyana teu nampi
(atawa sakurang-kurangna teu nampi langsung) eta warta langsung ti
Rosulullloh saw.

Dina elmu hadist, perkara kumaha carana hiji perwai tingkat kahiji
(jalmi kahiji anu ngarawikeun eta hadist) kacida pentingna. Sabab hal
eta baris nangtukeun tingkat kasohihan hiji hadist. Dina bab hadist
hal ieu jadi guaran cabang elmu hadist, anu kamashur ku istilah "kaefa
as sima' al hadist" (kumaha carana ngadangukeun hiji hadist). Contona,
hiji hadist anu teks kalimatna "roaitu Rosululloh saw" (anu hartina
kuring ningal Rosul) kacida beda ajenna jeung uni hadist anu kalimah
awalna "sami'tu Rosulloha annahu qol...jst" (anu hartina, kuring
ngareungeu yen Rosul saw ngadawuh...jst). Komo upama dibandingkeun
jeung hadist anu unina kieu mah: "roaitu 'an (nami sahabat) 'an (nami
sahabat deui nu sanesna)" darajatna jauh pisan. Sabab teks hadist anu
akhir nuduhkeun yen anu disebut perawi tingkat kahiji teh sabenerna
inyana oge ngan ukur ngadangu ti sahabat anu sahabat anu
didangukeunana oge ngadangu deui ti sahabtna...jst. Cindekna, teks
hadist nangtukeun kana darajat eusi (baca: implikasi hadist). Analisid
eusi teks sarupa kieu jaman ayeuna geus jadi bahan guaran sapopoe
widang komunikasi.

Kusabab kitu, mangga ayeuna parios hadist-hadist anu netelakeun yen
Abu Tholib teh kafir. Naha unina eta hadist teh ngagambarkeun yen anu
ngariwayatkeun eta hadist teh nyaksian (ningali) langsung yen Abu
Tholib teh teu iman? Atawa ngan ukur beja ti Rosul saw? atawa beja ti
sahabat? atawa beja ti sahabat ti sahabatna deui?...jst. Upama eta uni
hadist netelakeun yen anu ngarawikeun tingkat kahiji teh nyaksian yen
Abu Tholib teu iman, hal eta pasalia jeung kanyataan yen inyana anu
ngarawikeun eta hadist teh teu kungsi papanggih jeung Abu Tholib (rek
papanggih kumaha, lebet Islamna oge dina abad ka 5 Hijriah).

Upama uni eta hadist teh nuduhkeun yen perawi (tingkat kahiji)-na tina
eta hadist ngadangu (meunangkeun) eta hadist ti anu sanes aya
patarosan anu langsung ngarongheap: "Kunaon teu aya perawi (tingkat
kahiji) anu sanes anu ngariwayatkeun eta hadist?" (khususna, para
sahabat ageung anu ti kawit munggaran dina periode Mekah teras-terasan
sasarengan Nabi saw). Naha aranjeunna (anu tangtuna nyaksian Abu
Tholib nalika masih aya di kieuna oge nyaksian kumaha karaketan
hubunganana sareng Rosul saw) teu aya "kepentingan" ngariwayatkeun
hadist Abu Tholib kafir? Naha nya leuwih keneh aya "kapentingan" ti
anu nembe lebet Islam dina abad ka 5 H tinimbang anu pagilinggisik
sareng Abu Tholib (sareng kanjeng Nabi saw dina periode Mekah)?.

Alesan katilu, leuwih nyoko kana sawangan (analisis) politis +
strategis para pejuang Islam dina periode awal di Mekah. Urang sadaya
terang, ageungna Islam teh teu sakaligus alias tahapan demi tahapan.
Rosululloh saw paham pisan kana kakuatan awal kaum muslimin +
mu'minin. Dina periode Mekah. tiasa disebatkeun, Rosul saw langkung
seueur ngelehan. Aya katerangan riwayat kajadian (anu diabadikeun dina
Al Qur'an jeung jadi argumen hiji mdzhab ngeunaan meunangna umat Islam
nyumputkeun kaimanan - dina periode tinangtu) anu ngajelaskeun yen
Rosul saw ngijinkeun hiji sahabatna ngucapkeun kalimah anu nyugemakeun
kaum kafir jahiliyyah (hartina: nyumputkeun kaimanan), kasus Ammar bin
Yasir anu harita keur disiksa ku Abu Jahal. Eta teh kajadian dina
periode Mekah. Pon kitu deui, diplomasi Nabi saw ka Thoif jeung ka
Habsi oge aya dina periode Nabi saw mayunan ummatna anu teu acan
ageung/gaduh kakuatan pikeun ngalawan kaum kafir Jahiliyah harita.

Dina kaayan Nabi saw masih tahap awal da'wah, dikantun ku akina anu
salami ieu jadi pelindungna, oge dikantun ku Siti Khadijah as isteri
satiana, bayangkeun upama Nabi saw oge walina (pangganti Abdul
Mutholib, nyatana pamanna, Abu Tholib) teu ngatur strategi. Maksudna,
teu nyieun taktik strategi anu tujuanana nyalametkeun agama anu karek
dida'wahkeun. Apan urang terang waktu harita nepi ka hijrahna kangjeng
Nabi saw ka Madinah anu ngabeberik Nabi saw (+kaum mu'minin/muslimin)
wuwuh tambah ningkat.  Ku cara henteu nembrakkeun kaimanan, Abu Tholib
anu tangtuna oge aya dina pangaweruh Nabi saw, eta geus nyieun hiji
strategi anu unggul.

Kumaha anjeunna salaku pamimpin Quraisy oge sakaligus paman jeung wali
Nabi saw "maenkeun" strategi + politik  anu pas dina kaaayan Islam anu
karek dida'wahkeun, ceuk kuring, eta hiji alesan kunaon Abu Tholib teu
nembrakkeun kaimanana. Ku cara kitu, nya Alhamdulillah, jadi manfaat
keur balarea. Anapon eta, Abu Tholib jadi..."korban", eta mah biasa.
Apan ceuk babasan oge, mindengna ngan ukur korban anu bakorban teh.

-------------------
Baraya sadaya. Hapunten sim kuring rada kapapanjangan ngaguar bab
"...anu kafir" . Teu aya sanes ukur keur nandeskeun hiji talatah yen
urang ulah gampang ngafirkeun nu sejen (komo bari jeung geus mastikeun
asup ka naraka sagala mah). Anapon eta cenah aya hadistna, atuh da
hadist mah kadar hukumna masih can qot'i (can final), teu siga Al
Qur'an. Hadist mah samemeh dijadikeun hukum teh kudu bener-bener
dipastikeun yen eusina teu pasalia jeung Al Qur'an (lulus matan),
kaduana aspek perawina tea (rijalna kapercaya, jst), terus aspek
sanadna (nyambung, jst), leuwih hade deui lulus tina kritik historis.

Teu gampang ngafirkeun nu sejen eta gede kacida relevansina jeung
kaayaan jaman ayeuna. Islam teh teu sarua datangna ka satiap manusa.
Sabagean jelema mungki narima informasi Islam anu geus keuna ku
distorsi. Sabagean deui ukur narima informasi Islam ti hiji saluran.
Sawarehna deui manggihan Islam teh ukur tina fakta-fakta anu,
hanjakalna, ukur fakta-fakta anu goreng anu katarima ku inyana.
Padahal, laku hade dina Islam loba anu universal atawa aya dina agama
atawa budaya naon wae oge. Padahal satiap jelema geus dibekelan ku
akal jeung qolbu oge elmu pikeun nepi ka Pangeranana (iman) oge pikeu
ngagerakeun dirina dina amal anu hade. Asana, leuwih bijaksana keneh
teu ngahukuman kafir ka saha wae heula - sabab ngahukuman eta mah hak
Pangeran - tinimbang gagancangan nyieun vonis ka nu sejen. Asana, ku
cara kitu, da'wah Islam baris meunangkeun jalan anu leuwih efektif,
sabab agama teh jadi ngalimpudan (inklusif), jauh tina ngajauhkeun
(eksklusif).

Jejer di luhur asana relevan pisan boh dina tatanan global, regional
atawa lokal. Jejer-jejer sarupa kieu hayu urang sawalakeun kalawan
jembar, sabab urang geus ditakdirkeun lahir dina rupa-rupa bangsa
jeung golongan (kaasup budaya jeung agamana oge madzhab-madzhab dina
hiji agama), pikeun silih pikawanoh tea anu saterusna, anu
pangdimulyakeunana di sisi Pangeran mah nya anu pangtaqwana tea.

Cag heula.
baktos,
manAR



On 11/17/06, malki_tea <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> > assalamualaikum
> punteun simkuring nembe tiasa maeran sapertos nu kapungkur waktos na
> terbatas pisan, mung tiasa dua kali tina saminggon ngainternet teh,
> seueur padamelan, sareng dinten senin simkuring teh ngarespon tapi
> duka teu nonggol dina milis ieu teh, janteun punteun ka moderator
> kunaonnya aya nu leupat dina email simkuring atanapi emang di blok
> he..he..., janteun eta patarosan ka moderator.
>
> kaduana, kana patarosan ti abah waluya, kieu weh ti simkuring,
> kahijina bade ngangge conto dina ngajeulaskeunana, panginteun apal
> ka Abu Thalib pamanna kanjeung Nabi, nu gede bantosanna kana
> perjuangan kanjeung Nabi nyebarkeun Islam di Mekkah, diantawisna
> ngahalang tina kaum Quraish nu bade ngagangu nepi ka nu rek maehan,
> pokokna mah dina masalah ngabantos ageung pisan, malah maotna ge
> disebat tahun berduka-cita, tapi naha anjeunna Abu Thalib diabuskeun
> ka na Naraka? hiji alasanna, teu nampi kana kawujudan yen Alo-na
> Kanjueng nabi salaku utusan Allah, maksadna teu nampi Islam salaku
> Agamana, nepi dina hiji riwayat disebatkeun, kanjeung nabi kantos
> nangis sareng nyungkeun pahampura ti Gusti Allah, tapi ku Allah
> tetep teu ditampi. eta Abu thalib pamanna kanjeung Nabi.

Kirim email ke