Baraya sadaya,

Sok mindeng urang nguping carita anu ngagarap pagawean ngan sapeuting
jeput, alias rarusuh. Urang dina kaayaan kitu sok rajeun ngangles:
"Abong kena aya dongeng Sangkuring anu nyieun talaga jeung parahu ukur
sapeuting jeput...:, sigana urang kawaris ku Sangkuriang, nepi ka
tugas teh datang dadakan bari kudu anggeus sagancang-gancangna...",
jst. Sabenerna mah eta babandingan teh teu pas pisan, sabab
Sangkuriang mah teu anggeus nyieun talaga jeung parahu teh, kaburu
beurang, sanajan beurang eta jijieunan, tarekah anu jadi indung, anu
dikabulkeun, bisa ngahulag nafsu Sangkuriang anu keukeuh hayang ngawin
anu jadi indung sorangan.

Sakapeun sorangan ngahuleng nagaraga meneng. Kunaon "karuhun" baheula
bet nyieun dongeng legenda Sangkuriang. Naon atuh manfaatna eta carita
rahayat teh? Naon anu dinubuwahkeun (diramalkeun) ku eta carita nepi
ka urang kudu ariatna, ati-ati jeung salilana waspada sangkan henteu
kajadian siga Sangkuriang? Naha bener carita Sangkuriang bisa
dijadikeun alesan pikeun nutupan pagawean anu rarusuh, anu nandakeun
henteu ayana perencanaan eta pagawean?

Kaayaan gawe anu rarusuh, atawa pagawean anu nuduhkeun teu ayana
perencanaan, khususna di Pamarentahan, eta mindeng kajadian. Upamana
wae, mindeng urang nguping proyek ABT (Anggaran Biaya Tambahan) anu
kaluarna teh dina bulan-bulan akhir taun anggaran (nyoko kana taun
anggaran mimiti Januari nepi ka Desember unggal taunna, anggaran ABT
teh kaluarna antara bulan September - Oktober).

Teu kaharti nepi ka ayeuna oge, naha bet aya ABT dina proyek
Pamarentah? Naha teu bisa direncanakeun beubeunangan jeung balanja
satauneun nepi ka teu kudu aya anggaran balanja tambahan da satauneun
teh geus kaimpleng ti samemehna pagawean naon wae anu baris digarap?
Anu teu kaharti pisan eta ABT, ajenna bisa nepi ka puluhan milyar anu
kudu anggeus (jadi pagawean fisik boh non fisik) dina waktu dua atawa
paling lila 3 bulan. Naha pagawean naon anu bisa anggeus jero 2-3
bulan anu harga eta pagawean nepi ka milyaran. Lamun aya instansi
Pamarentah anu bisa ngabalanjakeun anggaran nepi ka puluhan milyar
dina jero 2-3 bulan, asa teu percaya kuring mah lamun eta anggaran
bener-bener jadi dilaksanakeun sakumaha kuduna jeung pantesna ajen
sakitu.

Balukar tina ayana ABT teh geus kabuktian, mawa sangsara ka balarea
jeung nagara oge satemenna mah dirugikeun (tapi...nagara oge anu
nyatujuan ayana ABT, bingung pan? memang pikabingungeun, sabab urang
ayeuna keur aya di nagara bingung). Teu saeutik
pangusaha/kontrkator/PT anu jalmi-jamina jalujur dirugikeun ku ABT.
Aranjeunna nolak ABT sabab teu wasa jeung ngarasa teu mampuh
ngalaksanakeun kagiatan anu ajenna milyaran ukur 2-3 bulan. Teu asup
akal, saurna. Tah, pangusaha/kontraktor/pt rekanan Pamarentah anu
jalujur kitu teh sok dirugikeun ku ayana pangusaha/kontrkator/PT anu
nyanggupan bisa ngalaksanakeun eta ABT. Nyakitu tea wae, bisana kitu
teh ku ayana kongkalikong tea. Sabab, nuturkeun standar mah mustahil
aya pausahaan/kontraktor/PT anu bisa ngagarapan proyek anu ajenna
milyaran dina waktu ukur 2-3 bulan. Mustahil.

Ku ayana kagiatan ABT - hakekatna kagiatan anu meleg-meleg nuduhkeun
teu ayana perencanaan anu asak dina ngokolakeun duit nagara alias duit
rahayat - gede kacida karugian rakyat. Upamana wae, duit milyaran
lamun direncanakeun kalawan daria mah bisa keur ngahudangkeun
kahirupan rahayat leutik, keur ngaronjatkeun tatanen, muka lapangan
usaha anyar, jst. ABT ngabalukarkeun pangwangunan jalan di tempat.
Sabab, biaya anu sakuduna tiap taun mawa hasil nyata, ditilep atas
nama kagiatan ABT. Jadi, ABT jelas ngarugikeun boh nagara atawa
rahayat. Naon pakaitna ABT jeung dongeng Sangkuriang?

Boa-boa ieu mah boa-boa, karuhun teh baheula geus ngambeu, ka hareup
jero sababaraha dekade, di Tatar Sunda (boh dina harti heureut atawa
dina harti lega), bari maceuh proyek model ABT. Tah....tapi, anu
dipiharep ku karuhun teh lain neangan alesan ku cara ngatasnamakeun
dongeng Sangkuriang --pikeun nutupan eta kasalahan pagawean anu teu
direncanakeun - balikta nyingsieunan atawa ngancam ku silib
Sangkuriang. Yen lamun urang nyieun kagiatan samodel ABT eta dosana
gede kacida, lir ibarat dosa bogoh jeung maksa ngawin ka indung
sorangan.

Sakali deui, kusabab sakitu gedena karugian atawa kajahatan anu aya
dina proyek-proyek model ABT, dosa nyieun kagiatan anu teu
direncanakeun samodel ABT teh bisa disaruakeun jeung dosa bogoh nepi
maksa ngawin ka indung sorangan. Balukar leuwih jauh tina kagiatan anu
saperti kitu nyaeta pangwangunan anu teu daek nepi kana tujuanana.
Lamun diibaratkeun miang lalayaran (pikeun ngudag tujuan) mah proyek
ABT lir ibarat ngabalikeun parahu. Parahu anu satadina ngarupakeun
wahana pikeun ngudag tujuan, ku ayana ABT jadi tibalik nepi ka
boro-boro miang, ngajungkiringna oge nangkuban, moal bisa digunakeun
nepi ka iraha wae oge.

Teu kedah percaya teuing baraya, di luhur mah ukur dongeng ngacapruk.

Cag.
baktosna,
manAR

Kirim email ke