Kuring mah, Dud, euy, teuing meureun geus ti dituna duka teuing kumaha, tapi nu eces mah nu aya dina angen teh sok teu eces (eces teu eces, teu pegeh pisan...). Katambah deuih ku rupa2 hal anu teu weleh minuhan ieu sirah, jadi pipikiran teh kamana-mendi. Enya, model anu kaalaman lima bulanan ka tukang, pas nyanghareupan 'momen-momen' anu geus ditungguan aya kana bulanna (ditungguan mah henteu ketang, da ancer2na ge puguh, galibna salapan bulan). Kieu geura, Abah ngadongeng saeutik... (heuheu...)
Nalika pamajikan can kakandungan, kuring sok ngobrol jeung kawawuhan, adi beuteungna anu ngurus kamar kontrakan, lalaki blasteran Leles-Banten. Mimitina mah tina ngobrolkeun budakna umur pra-TK, anu capetangna alah batan. Jeung 'tinggi' wae deuih obrolanana teh, sabab nu sok diajak ngobrol teh lain budak sapantaranana. Budak eta mah istimewa, da kabeukina ngobrol jeung jalma sawawa, jeung aki2, pokona mah sapanggihna bae. Ti dinya, obrolan teh meber ka alo2na: aya nu cicingeun, aya nu pinter, aya nu wanian, aya nu calutak, nya pokona mah kitu tea we lah. Ari anu jadi bahan pikiraneun harita, nya eta tea. Naon sababna, barudak diurus ku ninina (misalna), dibere jajanna sarua, diatikna sarua, bet outputna beda2? Naha naon atuh anu ngabalukarkeun hasil kitu teh? Naha enya kitu, ceuk sakaol, yen cenah karakter budak teh kabentuk ti keur dina kandungan keneh? Boa enya, eta teh, misalna, kapangaruhan ku emosi indungna. Malah meureun sigana teu salah2 teuing, yen lian ti indungna ge, pokona mah nu aya di sabudeureunana, bisa mangaruhan kana bentuk adat-watek budak... Atuh puguh bae, boga panyangka kitu mah, si utun inji teh teu weleh dinangna-nengne, diharewosan nu hade2, atawa kadang dibanyolan. Geus puguh ari dilongokan mah... tara kaliwat!! Hihihih... Pas poe2 bulan alaeun, duka kumaha rarasaan harita teh. Geumpeurna mah teu pati loba, H2C lah meureun ceuk tipi mah. Teu kudu deuih dicaritakeun kumaha harita rarasaan kuring ka pamajikan. Da geus puguh ari mindahkeun kanyeri ti pamajikan ka kuring mah teu bisa, nu aya teh ukur sadrah sumerah ka Pangeran. Ceuk istilahna mah rek beureum rek hideung hasilna ge, eta mah teu langkung Gusti, da urang mah ukur bisa usaha ngurus ti barang kanyahoan ayana si utun inji tug nepi ka waktuna borojol. Nyakitu oge salila sajam panungtungan, ukur bisa hulang-huleng nungguan nu keur dibedah. Barang jol budak kaluar dipangku bidan (teuing bidan teuing perawat ketang), nu aya mah hate teh lir... naon nya? Asana teh ngaguluyur palid kabawa ku engapan budak. Diilikan beungeutna, awakna, ramo2na, leungeunna, sukuna. Maasyaa-Allooh... ieu teh anak kuring... Geuning ti barang borojol teh tetempoanana siga nu geus sidik, da nepi ka paadu teuteup sagala, najan bari keukeureuceuman oge (serabeun ku sorot lampu nu ngahaneutan awakna). Henteu meureun ari disebut geus sampurna mah hirup teh... Ke... naon deui, nya? Geus we ah sakitu, bisi pajarkeun agul ku hal anu kaalaman ku ampir sakabeh jalma... On 11/22/06, datiparang <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Gustiiiii..... nyeta kang can ge nanaon kuring geus milu jeung batur... mikiran kumaha carana sangkan langsung nyandung!!! hehe
-- sikandar kumincir.blogspot.com

