Lebaran kamari, sim kuring sasarengan jeung salah sahiji kaluarga US- di-US, Silaturahmai ka bumina Dubes Reslan, Kepala Perwakilan Rep. Indonesia di PBB.
Barang sup kana mobilna bet aya nu teu wawuh, bari ngasongkeun leungeun, abdi Rohmat Mulyana. Nya sim kuring sasalaman , sim kuring Singgih Nata. Oh parantos ngadangu saha-sahana Bapak. Teu dongeng panjang-panjang, ngan "abdi nuju sakola di Columbia". Nya US kumpul jeung US, sapapanjang jalan seuseurian teu eureun- eureun. Tadi sim kuring nampai imel, ieu cenah blog abdi nembean: http://www.rohmatmulyana.blogspot.com/ Euleuh-euleuh geuning Ncep Rohmat teh Guru di Bandungna. Beu teu disangka pisan, da eta US mah sok handap asor hese pisan neguhna. Abah Joe

