--- In [email protected], "Emod Morales" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Nuju Ali janten Khalifah, di tungtut ku Muawiyah sareng Aisyah > supaya bisa nyerek eta nu ngala pati Usman. Khaliffah Ali teu tiasa > nyerek nu ngala pati Usman, nu antukna perang antawis Ali sareng > Muawiyah, Aisyah. Dina peperangan eta pasukan Muawiyah tos bade > kawon, teras ti pihak Muawiyah nyuhunkeun dami. Kulantaran dami ieu > pasukan Ali aya nu teu satuju, anu teu satuju kana dami anu disebut > kaum Khawarij
Nambihan Kang Emod, Usman bin Affan, Khalifah nu katilu, lebet ka Bani Ummayah (turunan Ummayah) jeung saderek caket ti Abu Sofyan (otomatis saderekna Muawiyah). Saleresna mumusuhan Bani Hasyim sareng Bani Ummayah, parantos dibereskeun waktos Kangjeng Nabi jumeneng keneh. Tapi saatosna Kangjeng Nabi ngantunkeun, ka teu akuran dua Bani ieu rek mucunghul deui, ngan kaleresan Khalifah nu ka hiji (Abu Bakar) sareng Khalifah nu kadua (Umar bin Chattab) diluar kadua Bani ieu. Janten teu aya masalah. Tapi waktos Usman bin Affan naek jadi khalifah, margi Usman ti Bani Ummayah, mumusuhan ieu mucunghul deui. Usman dituduh nepotismeu, ngangkat pejabat ti kalangan anjeunna. Teu jelas naha tuduhan ieu teh leres henteuna. Nu Jelas, Muawwiyah jadi gubernur Syria, sanes diangkat ku Usman tapi ku Umar Bin Chattab. Dina kasus Muawiyah, Usman bin Affan henteu ngalakukeun nepotismeu. Mumusuhan Bani Ummayah jeung Bani Hasyim tambah ngagedean, ku ditelasananan Khalifah Usman. Saterasna mah sapertos nu diserat Kang Emod, Kahlifah nu kaopat Sayidina Ali perang sareng Muawiyah. Ali oge perang sareng Aisyah, istri Kangjeng Nabi. Perang Ali sarengA isyah ieu katelahna "perang onta". Muawiyah ngadegkeun Dinasti Ummayah, Dinasti Ummayah langgeng ampir 100 taun. Tapi akhirna Dinasti Ummayah digulingkeun ku Abbas Al saffah, turunan Abbas bin Abdul Muthalib, paman Kangjeng Nabi. Ngadeg weh Dinasti Abbasyiah, nu saleresna mah representasi ti Bani Hasyim (Hasyimiyah). Abbas nu ngadegkeun Dinasti Abbasyiah, kenging julukan Al Saffah nu hartosna si "beuki getih" (Si Haus Darah). Julukan ieu mucunghul kulantaran Abbas nelasan sadayana turunan Bani Ummayah. Kulawarga Bani Ummayah nu masih sesa waktos digulingkeun, diondang tuang bareng, pas naruju tuang ieu, ditelasan sadayana. Tapi aya nu salamet tina kagalakan Al Saffah, nya turunan Ummayah ieu nu neruskeun Dinasti Ummayah, tempatna di Andalusia (Spanyol). Jadi Kekhalifahan Islam teh aya dua, nu hiji di Baghdad, nu hiji deui jauh di kulon di Spanyol. Kitu cenah ...ceuk buku nu kuring maca, mudah2an we teu salah macana ...hehehehe Baktos, WALUYA

