Jadi hayang ngiluan ngadongeng pangalaman sorangan yeuh....
Budak nu kahiji mah lahir di Garut... pamajikan hayang ngajuru kahiji di
indungna...
Harita si utun siga anu ngadagoan bapana datang ti Bandung... da ti
isuk-isuk dibawa ka rs nepi ka jam 9 peuting
teh angger karek bukaan 1... ari pas Bapana datang mah...nurugtug bukaan
teh.... (atuh pada nyarekan... matak
tong saucap - ucapna cenah..... memang kuring kungsi ngajak nyarita ka si
utun .... mun bisa mah lahir teh pas
bapa aya nya utun...). Caritana mah ... hayang disebut lalaki sajati tea...
ngilu maturan di jero... tapi ningali
pamajikan adug songkol mah... teu kuat..kalah deuk leweh... atuh ku mitoha
di titah kaluar ...hahaha
 
Budak anu kadua...sarua deuih lahir di Garut... caritana mah ..geus ampir
sapuluh bulan can lahir wae si utun teh
sugan ari di Garut  mah lancar...  terakhir di pariksa dokter... malah
dititah ka rumah sakit isukan cenah... geus
kolot teuing.. jadi kudu di rangsang... wah... jadi hariwang...plus soak....
Keur soak kitu... lanceuk pamajikan ngaharewos... dari pada disuntik
ransangan... leuwih nyeri ngalahirkeuna..
mening di suntik ku ujang wae.... alias dilongok we si utun teh.... satengah
teu percaya... tapi daripada ka rs
sieun kumaonam.... lah..lahan... bari teu tega oge... lalaunan ...siutun di
longok......
Eh... geuning matih.... isuk - isukna .... pamajikan ngalahirkeun....  tah
ayeuna mah..  kuring kuat ngabaturan
pamajikan digigireunna.... kapaksa meureun... da euweuh sasaha... mitoha
geus indit gawe....
 
Anu katilu... ieu mah lahir di Bandung..... di Rancabadak... alias RSHS
tea...
Tah anu ieu mah.... kudu dioperasi caesar... da pecah ketuban ti heula....
di rangsang teu daekeun kaluar...
nya teungah peuting dokter menta persetujuan operasi..... nya dari pada aya
nanaon keur indung budak jeung siutun
kapaksa di tanda tangan ...surat teh... untuk aya adi beuteung... jadi bisa
nulungan neangan geutih tengah peuting
ka PMI di jalan aceh.... kuring teu puguh rasa... babacaan sabisana....
Alhamdulillah.... jam 3.. kurang budak lahir
salamet...
 
Cag ah... 
 
-eddy-

   _____  

From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of Buyung
Sent: Thursday, November 23, 2006 6:39 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Tatahar jadi bapa!




saleheung mang j mah di kirodor. ari saya mah :
kahiji - da pedah teu nyaho tea eta teh abdi tibra di korsi pengunjung
deukeut pisan ka kamar mayat. teu kararaos nanaon geuningan.
kaduana - eta bade ngajuruna di rumah sakit caltex di pekanbaru, rs ieu
dijero komplek caltex. tah, pas harita aya demo, jalanna diblok kawas mang
bush kamari di bogor, atuh abdi teu tiasa asup meskipun 1001 macam alasan.
jadi ngapel pamajikan kapaksa ngajleng sunge di tukangen komplek ieu.
meureun uninga kang DW kumaha situasi caltex di rumbai,pekanbaru
mun inget ieu carita erek jadi bapa teh sok hayang seuri. inget kana
perjuanganna
 
by

----- Original Message ----- 
From: mj <mailto:[EMAIL PROTECTED]>  
To: [EMAIL PROTECTED] <mailto:[email protected]> -ups.com 
Sent: Thursday, November 23, 2006 4:43 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Tatahar jadi bapa!





oh enya, lalakon bulan alaeun...heuheu.-..pangalaman dramatis cek holiwud
mah. haha.
hadena indungna budak teh bungsu. jadi loba reperensi ti lanceuk2na. nya
dokter SPOG, rumah sakit bersalina. maca juta2 biayana, aduh gusti. asa
hayang mawa indung budak ka lembur, ngalahirkeun ku paradji siga si kuring
baheula. tangtu we eleh alesan. heuheu. 
 
ki adi mah, nyaksian borojolna orok. Beu..aya ku wanian. cowo maco teh asli.
da kuring mah harita, ditaritah oge, kalah ka nyarita, kajeun gelut jeung
preman tibatan kudu nyaksian indung budak keur perang sabil. ngalahirkeun.
hate kuring mah sigana bahana sarua jeung kurupuk. 
 
nu kamari mah, di RSD (rumah sakit dago, basa kuring keur st. boromeus)
ngadagoan di koridor. euleuh teu puguh rarasa





__________ NOD32 1878 (20061122) Information __________

This message was checked by NOD32 antivirus system.
http://www.eset. <http://www.eset.com> -com


 
IMPORTANT NOTICE: 

The information in this email (and any attachments) is confidential. 
If you are not the intended recipient, you must not use or disseminate the
information.
If you have received this email in error, please immediately notify me by
"Reply" command 
and permanently delete the original and any copies or printouts thereof. 
Although this email and any attachments are believed to be free of any virus
or 
other defect that might affect any computer system into which it is received
and opened, 
it is the responsibility of the recipient to ensure that it is virus free
and no responsibility 
is accepted by American International Group, Inc. or its subsidiaries or
affiliates either 
jointly or severally, for any loss or damage arising in any way from its
use.

Kirim email ke