Ehmmm......, sim abdi oge jadi inget mangsa lahir si cikal..., harita oge pamajikan teh geus pecah ketuban tiheula mangsa keur ngariung dahar isuk saacan indit gawe. Atuh rada geumpeur oge tapi untungna kuring bisa maturan satuluyna dibawa ka bidan ni biasa kontrol, Alhamdulillah teu nanaon cenah sok sanajan tadi ngalaman pecah ketuban oge ari kana lahir mah lila keneh da karek bukaan 5 cenah. Enya geuning ari lahirna mah isukna deui kabeurangnakeun. Anu bagja teh harita kuring bisa nungkulan pamajikan ngalahirkeun sok sanajan rada geumpeur oge keur mah eukeur ku bidan dititah asup sakalian mantuan da asistena keur cuti. Atuh harita mah kuring nyaksian pisan kumaha aduh lajerna pamajikan bajuang ngalahir keun si utun nu ampir-ampir pasrah alatan teu kuat cenah tapi ku kuring terus disumangetan...yen pasti bisa jeung mampu (sok sanajan hate mah milu nyeri oge). Bener geuning ku ayana salaki digigireun waktu pamajikan rek ngalahirkeun teh mawa sumanget jeung ludeng ka pamajikan akhirna Alhamdulilllah si utun laihir kalawan salamet gubrag ka alam dunya awewe deuih teu poho kuring syujud syukur ka pangeran (Allah Swt), harita kuring mah nempo pisan kumaha brolna si utun ka alam dunya malah sempet kaget disangka teh tandukan ari pek teh getih nu napel kana buuk siutun....hehehe
Basa budak nu kadua lahir kuring teu sempet nyaksian sakumaha si cika; lahir tiheula, da awalna dimimitian ku pendarahan heula samemehna (ti imah keneh) nu akhirna bidan nyarankeun kudu dibawa ka RSHS da di bidan alatna kurang cenah pangpangna mah bisi aya nanaon cenah. Atuh basa di RSHS mah kuring teu bisa asup sakumaha di bidan, da ceuk suster bapak tenang wae tungguan di luar bari ngado'a cenah insya Allah istri bapak bakal salamet....." atuh ukur bisa ngadedengekeun sora budak ceurik bisi budak kuring nu lahir teh. Kakara basa geus lahir dokter jeung suster manggil..." Alhamdulillah pak istri bapak tos ngalahirkeun kalayan salamet putrana pameget cenah...." harita kuring langsung sujud syukur ka pangeran ( Allah Swt) bari teu poho nganuhunkeun ka tim dokter anu geus ngabantuanana. (ngan ka suster ngaharewos...."sus...ngaputna sesakeun nya..... hehehehe) karek bisa nempo budak sanggeus dibawa ka ruang perwatan bayi...., ari indungna mah saacana geus dipindahkeun ka ruang perwatan... Cag...ah, nuhun. "kkbm'69" -budak nu katilu acan diparengkeun deui....hehehe. (ari kahayang mah geus aya...)

