Haturan baraya...,
sakainget sim abdi can pernah maca katerangan nu ngaharamkeun alat
musik....(duka lamun sim abdi  nu kuper alias kurang gaul mah..) hehehhe
lamun ibadah make alat musik tah ieu anu teu meunang mah da ari ibadah mah
kudu khusu, ari make alat musik mah ngarana lain iabdah tapi hiburan atuh.
Naha di masjid sok aya bedug....? eta teh keur mere tangara ka kaom muslim
lamun datang waktuna sholat, malah di lembur baheula sok dipake alat ukur
kanu digarawe boh di kebon atawa di sawah.  Waktu zaman saacan aya bedug
baheula sahabat Rosul Bilal lamun datang waktuna sholat sok naek ka puncak
pasir atawa munara bari ngong adzan...nya nepi ka ayeuna tukang adzan sok
disebut bilal.
ku ayana kamajuan teknologi (anu sumberna tina Al-qur'an) nya ningkat lamun
ngabejaan waktu sholat teh lian ku bedug atawa tatabeuhan nu sejenna, kabeh
dieukeun leuwih ningkat deui ku make speker anu ambahanana beuki nambahan.
Urang Taliban ngaharamkeun kana tatabeuhan, kandaraan, kaom awewe sakola
jeung nu liana, ari ceuk pamikir sim abdi atuh eta mah euweuh kamajuan
maenya rek balik deui ka jaman jahiliyah....? pan ari agama Islam mah
flexsible bisa hirup dina sagala zaman asal ulah nyimpang tina ajaran
Al-qur'an jeung As-sunah alias nyonto kana naon anu dicontokeun ku Rosul (
Muhammad S A W)...
Urang Iran jeung Irak palinter nyieun nuklir jeung sanjata kimia nepi
juragant Bush kasieunan eta sakabeh sumber tina Al-qur'an anu diterapkeun
kana kamajuan jaman kiwari.
kitu pamangih sim abdi nu bodo mah....cag....ah, nuhun.

"kkbm'69"
-punten bisi aya nu salah atawa kurang merenah...


On 11/22/06, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  > From: kumincir
> Ih Abah mah, saha nu nyebatkeun tatabeuhan haram?

Nya duka atuh kang Kumi, da ieu oge ceuk beja. Ngan eta we kuring mah
ningali contona, aya grup kasenian, geuning naon aranna teh, lalaki
wungkul, teu make isntrumen musik. Ukur nembang bari nu sejenna nurutan
sora
tatabeuhan ku sungut. Waktu mimiti mah kuring hookeun, nanaonan eta teh,
maklum kakara ningali. Ari pek teh cenah, teu make instrumen musik da
haram.
Nya duka haram henteuna mah .......

Tapi kang DH tadi masih alamat website nu eusina ngaharamkeun musik
(instrumen) ...

Baktos,
WALUYA


Kirim email ke