Siap, kuring siap pisan kang MGT.
Sabenerna bareto ge geus dibaladah ku sok nulisna MJ dina rubrik Urang Sunda
(US) dina Cupumanik, ngahaja nu ditulis teh Urang Sunda anu lampar anu aya
di mancanagara atawa/jeung tangtu we anu nyongcolang, maksudna mah ambih nu
maca teh aya kareueus ka selerna sorangan, sahenteuna mere nyaho yen US teh
lega ambahanana, henteu ngotok ngowo, ukur ngulibek didinya didinya keneh.
Geus sababaraha bulan kaliwat eta rubrik euweuh lantaran loba anu kudu
midang dina Cupumanik, ari jumlah kaca mah angger, sigana ngan masalah
teknis jumlah kaca anu jadi alatanana.
Lamun tea mah ieu gawe bareng bisa laksana, aya alusna, malah alus pisan,
sahenteuna bakal jadi cikal bakal gawe bareng Kusnet jeung media citak basa
Sunda.
Sabenerna aya hiji kahayang kuring, lamun nilik kana anggota Kusnet ayeuna
geus leuwih ti duarebu, lamun dijumlahkeun anatara nu geus ngagolepak
(bouncing, teu aktif) jeung nu masih keneh nangtung (aktif), sebut we lah
anu aktif aya sapuluh persen atawa bisa leuwih meureun, tah naha lamun geus
aya gawe bareng jeung Cupumanik teh naha Cupumanik bakal dibeulian ku
"anggota" Kusnet nu aktif, da meureun bisa bae Cupumanik kudu nambahan
jumlah kaca, hartina kontribusina gawe bareng teh lain bae ngan sakadar
ngilu ngeuyeuban eusi tapi kudu aya nambahan jumlah oplah anu payu. Ketah
ayeuna ge ceuk beja mah geus loba anggota Kusnet anu ngalanggan Cupumnaik,
ngan meureun kudu beuki loba nu ngalanggan Cupumnaik lamun geus aya gawe
bareng mah.
Waragadna teu mahal ieuh sabulan ngan ukur 6rebu ditambah ongkos kirim.
Lamun tulisanana di Kusnet  dimuat dina Cupumnaik nya kitu kudu ngidinan,
honorna..? he he, nu kieu mah kudu disawalakeun heula jeung manajemen
Cpmanik, atawa togmol we teu kudu dihonoran paling ge dibere haratis majalah
saloba 3 kali terbit.

Sabenerna kuring teh keur nulis nu tadina rek dipostingkeun ka Kusnet nya
perkara Media Citak Sunda nu dipikahayang tea, ngan asa loba rambat
kamalena, intina mah lamun jadi nyieun, naha bakal dibeulian ku anggota
Kusnet jeung umum. Lamun tea mah unggal anggota Kusnet daek jadi distributor
kalawan resiko lamun teu payu tetep jadi tanggung jawab distributor (jual
dedet tea meureun), nya meureun bisa laksana nyieun media citak teh da geus
kaerong bakal payu.
Upamana aya 200 anggota Kusnet anu boga "getih goib" daek jadi pasukan
berani langlayeuseun ngajual 10 expl unggal terbit kalawan ditanggung bakal
payu kabeh, nya tinggal der we. Modalna mah aya di.........mangga
ngacung...!!, ditanggung modal uih deui saatos 4 kali terbit.
Bareto teh kungsi pan majalah teh rek dingaran US Today he he, US Kiwari,
Urang Sunda Kiwari, formatna nya siga dummy anu kungsi dijieun ku MJ.
Kitu tah ngimpi nu baheula teh, ayeuna ge ngimpi keneh, kaci pan, da ngimpi
mah can aya nu wanieun ngalarang.
(Aya hal ganjelan di diri kuring pribadi, kuring teh beuki dieu beuki
ngarasa geus umuran, komo sanggeus sok aya nu nyebut Ua Iun -nenehna tina Ua
Pangsiun..he he-, bisi pikiran kuring geus teu pati ditarima ku barudak
ngora, malum ari nu geus kolot mah sok loba malapah gedangna, nu sabenerna
cenah dina mangsa kiwari mah geus teu pati payu....., matakna lamun hayang
nyoarakeun Sunda anu lampar Sunda anu jembar, Sunda anu pinter, Sunda anu
dangah wani neuteup kahareup, lain Sunda anu ngan sakadar ngawawaas nu
bihari,.....prak gawekeun ku barudak ngora,......kuring mah geus ngarasa
bagja sok sanajan ngan sakadar jadi tukang nyieun cikopi, lamun perelu ku
buku Sunda keur referensi yap datang ka dieu..kitu ge lamun kabeneran bukuna
aya.)

MSasmita


----- Original Message -----
From: "mamangantra2000" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Friday, November 24, 2006 3:55 PM
Subject: Surat-surat ti Internet ([Urang Sunda] Re: Perkara Media Citak
Sunda)


> --- In [email protected], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > PS nu jadi garapan teh, alhamdulillah TAHAP KA 1 ampir parat, ngan
>
>
> Tadi peuting, kira-kira jam 9-an, si Hawe nelepon. Sisinarieun. Sugan
> teh saha. Meh dua taun teu tepung, tara teteleponan. Ongkoh kuringna
> ge arang pisan ka Bandung teh. Paling ge kamari, lebaran jeung HBH.
> Kitu ge teu kungsi sumpang-simpang ka Ledeng atawa ka Turangga. Rumasa.
>
> Jinisna menta idin kuring make pangacaprukan kuring soal partai
> (urang) Sunda, nu dialungkeun ka kusnet sawatara poe ka tukang, keur
> hiji tulisan di Cupumanik. Cenah mah, ceuk manehna, meunang ti MJ.
> Tangtu bae ku kuring diidinan. Komo, nu mikeunna MJ. Pan, geus aya
> komitmen, naon nu nyampak atawa dialungkeun ka milis ieu, hak
> penerbitannana aya di Kusnet/Perceka.
>
> Ngan, ku kuring dibejakeun: Eta pangacaprukan kudu dirautan deui. Aya
> data nu ngahaja rada disumputkeun. Di dinya, kuring teu teges-teges
> nyebutkeun yen Parki teh satemenna diadegkeun ku PP. Ukur
> nyebut "nuduh". Oge, prestasi Parki/PP lianna nu kungsi ngadegkeun
> Bank Parki.
>
> Satadina mah, sangkan aya nu nambahan. Ambeh, silih simbeuh ku
> informasi. Tong saarah bae.
>
> Beres narima telepon. Kuring karak inget: Karak kamari kuring
> ngalungkeun "laporan" kuring ngeunaan rarancang majalah US. Nu di
> antarana, nyabit-nyabit perkara gawe bareng kusnet jeung media citak
> nu aya.
>
> Atuh, kapaksa kuring balik nu nelepon si Hawe. Nepikeun ngeunaan
> gagasan eta. "Tapi, kumaha-kumaha ge kudu badami heula jeung Kusnet,
> paling heunteu jeung Uwa Sas jeung MJ," ceuk kuring. "Sabab, pan
> Kusnetna sorangan kudu siap".
>
> Nyebut MJ jeung Uwa Sas teh, pedah bae, lian ti perkara aranjeunna
> salaku kuncen, oge geus loma jeung Hawe jeung rengrengan
> Cupumanik/Rancage lianna.
>
> Pipikiran kuring, lian ti mantuan Hawe Cs, gawe bareng ieu oge itung-
> itung tatahar urang nyieun majalah tea. Oge, siga nu disigeung
> dina "laporan" kamari, ngampanyeukeun internet jeung kusnet. Matak,
> teges bae dina eta rubrik teh disebutkeun, yen eta gawe bareng
> Cupumanik jeung kusnet.
>
> Prak-prakkannana, aya dua alternatif:
>
> Cara ka hiji, MJ, Uwa Sas, atawa saha bae, nyieun tim redaksi. Malah,
> ambeh praktis, Uwa jeung MJ bae bere kawenangan penuh pikeun nunjuk
> saha museur nulis perkara naon. Si A, misalna, ditugaskeun "ngacapruk"
> perkara kaagamaan. Si B ngeunaan sajarah. Si C ngeunaan teknologi. Si
> D ngeunaan kasenian. Si F ngeunaan paekonomian. Si G ngeunaan
> pendidikan. Si H ngeunaan madrasah. Si I ngeunaan jurig. Jste.
>
> Nya tim ieu nu, kalawan maneuh, posting-postingna dimuat di Cupumanik.
>
> Cara ka dua, bisa oge teu kudu maneuh si ieu ngadeluk ngome itu. Bisa
> bae, eta tim teh, atawa MJ jeung Uwa Sas, deui-deui ngarah
> praktis, "nunjuk" posting mana bae nu ditulis ku tim tadi, nu kira-
> kira pantes dialungkeun deui dina Cupumanik. Ku naon keukeuh kudu aya
> tim nu maneuh? Ngajaga kontinuitas. Inget, ieu nyangkut media citak,
> nu kontinyuitas jeung periodisasina jelas. Aya deadline, aya
> tanggungjawab, jste.
>
> Konsep produk eta rubrik teh tong dines-dines teuing. Hartina, gaya nu
> aya teu beda jeung ilaharna mun jinisna nulis di milis. Misalna,
> tulisan Kang Ali di urangsubang, ngeunaan pangalamannana pakait jeung
> buku atawa maca, nya dimuat sakumaha ayana. Paling ge dibebener basa
> jeung ejaannana -- eta ge mun dianggap mengpar teuing tina ugeran. Pon
> kitu deui tulisan Kang Kebo Hideung di tasik atawa Kang Agus
> Wirabudiman di urangsunda. Ukur dibebener ejaannana.
>
>
> Matak, ngaran rubrikna ge, keukeuh: Surat-surat ti Internet. Lian ti
> nanceubkeun konsep "internet" dina uteuk nu maca, oge sangkan ugeran-
> ugerannana rada logor. Siga di internet atawa milis. (Kocap "milis"
> kuring nyarankeun tong dipake. Heureut teuing. Internet leuwih lega).
>
>
> Kumaha, tah? Kira-kirana kabadanan moal? Mun jeung Cupumanik bisa
> jalan, urang tinggal ngajakan Mangle, Galura, Koran Sunda, Budaya,
> jste, pikeun gawe bareng nu sarua. Pan kabeh kabantuan?
>
>
> Salam,
> MGT


Kirim email ke