--- In [email protected], "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Siap, kuring siap pisan kang MGT.
> Sabenerna bareto ge geus dibaladah ku sok nulisna MJ dina rubrik
Urang Sunda
> (US) dina Cupumanik, ngahaja nu ditulis teh Urang Sunda anu lampar
Nuhun, Ua. Reugreuglah ari sepuh tos siap, mah. (Pangsiun teh ti
Telkom, pan, Ua? Ti urang sunda mah pan teu acan? Yuswa? Mun abdi
sakti mah, sepuh-sepuh nu tos teu marulih ge diarulem. Sina
ngiringan. Pan rame tah MJ ngadon hoghag sareng Mas Atje Salmun?
Hehehe...)
Leres, Ua. Abdi oge ningali kumaha ketak MJ, oge Ua. Nu, sanes bae
remen ngeusian rubrik US, tapi oge nu sanes-sanesna. (Kamari, waktos
nelepon, si Hawe nyebatkeun kumaha Ua "turun tangan" dina perkawis
nu sanes). Nuhun pisan, Ua. Ngiring bingah.
Nanging, nu dimaksad teh hiji rubrik nu negeskeun yen eta teh gawe
bareng resmi antawis Kusnet sareng media (citak), nu oge
ngampanyekeun internet -- bari teu kedah ngajelaskeun sacerewelena
kumaha internet teh, tapi ku paguneman (seratan) nu nyampak di
milis.
Udagan sanesna: Oge mantuan Hawe (sareng rengrengan media sanesna)
sangkan teu pakepuk teuing sorangan. Ku implengan, di luar rubrik nu
tos ditaratas ku MJ salami ieu, sakacaeun bae mah urang Kusnet tiasa
mantuan.
Kalih ti eta, nya nambih "stok" penulis basa Sunda. Bari, husus nu
katingal di ieu milis, eta penulis teh ngagaduhan kaweruh sareng
kapercekaan nu masagi. Asa lebar ngan diaos ku anggota milis.
Tapi, sakali deui, ieu ge upami ku urang kabadanan. Upami kaerong
pisusaheun mah nya teu sawios-wios. Tong ieuh janten emutan. (Pan
saur si Garfield ge: "mun hirup ieu hese, nya hees bae". Hehehe...).
Mung, upami siap, bade dilakonan, hayu urang badantenkeun langkung
paos sareng Hawe. Oge sareng rengrengan Cupumanik sanesna. (Kalebet
Rancage. Salah sahiji nu ngobah pipikiran abdi teh: Nasib Rancage
saatos ngantunna Mang Ayat, Pa Eddi, oge Kang Deddy. Hawatos ka Pa
Ajip. Teu aya nu ngarencangan. "Geuleuh-geuleuh" ge, da ka sepuh
atuh, Ua. Hehehe...).
Baktos,
Pun Maman